Rabu, 30 November 2011

Mugia Janten Lenyepaneun (seri Idul Fitri 1432 H)

Ku: Wangsa Urang Subang Pituin pada 30 Agustus 2011 jam 18:29

Rosululloh saw. Ngadawuh:

"Dina Poe ieu Alloh S.W.T.  ngutus para Malaikat ka tiap-tiap kota, tuluy turun malaikat-malaikat éta téh ka bumi, bari narangtung siap-siaga di tiap-tiap parapatan jalan, bari ngagero kalayan sora nu ngageleger handaruan minuhan madzhab nu opat, tur sora éta téh ka kuping ku sakabéh makhluk Alloh swt, iwal jin jeung manusa:

Yaa Ummata Muhammadin ! Ukhrujuu Ilaa Robbin Kariiim ! Yu'thil Jaziila wa Yaghfirudz-Dzanbal-'Adziim.  

"Yeuh Umat Muhammad ! Geura Kaluar maranéh ! Ka Pangéran maranéh Anu maha Mulya, Nu Maha Murah tur anu bakal maparin ganjaran nu kacida lobana, ogé nu bakal ngahampura dosa-dosa anu gedé"

Maka nalika kaum muslimin nu beres ngaréngsékeun puasa di bulan Romadhon téa, tos karumpul dina masing-masing tempat sholat 'ied-na. Tuluy Alloh Ngadawuh:

Yaa Malaaikatii ! Kullu 'Aamilin Yathlubu Ajrohu

"Yeuh malaikat-malaikat kami ! saban-saban jalma nu digawé pasti bakal marenta upah"

Wa Ibaadiyal-Ladziina Shoomuu Syahrohum Wa Khorojuu Ilaa 'Iidihim yathlubuuna Ujuurohum

"Jeung ayeuna hamba-hamba kami nyatana jalma-jalma nu puasa salila bulan Romadhon, bari ayeuna maranéhna kalaluar pikeun ngalaksankeun sholat sunah 'Ied, tur maranéhna seja menta upah"

Isyhaduu Annii Qod Ghofartu Lahum 

"Maka sakseni ku aranjeun wahai para malaikat kami !, satemenna kami geus bener-bener ngahampura kana dosa-dosa maranéhna".

Tuluy aya sora nu ngagero:

"Yaa Ummata Muhammmad ! Irji'uu Ilaa Manazilikum Qod Badaltu Sayyi'aatikum Hasanaatin"  

"Yeuh ummat Muhammad ! geura baralik anjeun ka imah maranéh, saéstuna kagoréngan-kagoréngan anjeun geus diganti ku kami ku kahadéan-kahadéan".

Tuluy Alloh ngadawuh:

Yaa 'Ibaadii ! Shumtum Lii Wa Afthortum Lii Fa Quumuu Maghfuurol-Lakum

"Yeuh hamba-hamba kami ! anjeun puasa pikeun kami, jeung buka ogé pikeun kami, maka geura harudang anjeun sakabéh, geura mulang maranéh ka imah masing-masing, kalayan bebas tegesna kami geus ngahampura tina dosa-dosa nu geus dilakukeun ku maranéh kabéh"

Ku sabab éta pisan Kanjeng Nabi Muhammad saw. Nggolongkeun jalmi nu rugi kacida, lamun datangna bulan  Romadhon tur manéhna dipaparinan panjang umur ku Alloh swt sajerona bulan Romadhon, tapi manéhna teu manggihan panghampura ti Alloh S.W.T.  tina saagala dosana.

Sakumaha Dawuhanna-na

Man Adroka Romadhoona Falam Yughfar Lahu, Fa Maata Fadakholan-Naar Fa 'Ab'adahu Min Rohmatillah  

"Sing saha Jalmana nu Manggihan Bulan romadhon tur manéhna hirup dijero bulan éta tapi teu meunang panghampura Alloh, maka nalika manéhna maot bakal asup kana Naraka, tur bakal jauh tina Rohmat Alloh. Na'uudzu Billaahi Min Dzaalik.

Lebaran téh sanés identik ku anyar jeung weuteuhna pakean jeung perhiasan nu ngahias jasad lahiriah urang wungkul, tapi urang kedah emut kana dawuhan Alloh:

Yaa banii Aadama Qod Anzalna 'Alaikum libaasay-Yuwaarii SaoAatikum Wariisaa, Walibaasut-Taqwa Dzaalika Khoerun, Dzaalika Min Aayaatillahi La'allahum Yadzakkaruun 

"Yeuh Anak Adam ! Kami Geus Nurunkeun ka maranéh pakean pikeun nutupan aurat manéh, jeung jadi papaés pikeun badan maranéh, tapi sing inget aya deui pakean anu leuwih alus ti éta, nyaéta "Libaasut-Taqwa" Pakean kataqwaan, éta téh leuwih hadé tur éta pisan mangrupakeun tanda-tanda kakawasaan Alloh, supaya maranéh kabéh jadi jalma nu aréling".

Dina hal ieu, lain hartina teu meunang make pakean weuteuh komo bari anyar, ngan didieu ditekenkeun pikeun ngalus-ngalus téh, méré papaés téh ulah luarna wungkul tapi urang téh ditungtut pikeun mapaes jeroan bathin urang, ulah dugi ka ari awak lahir ginding tapi batin busitin, tapi urang kedah papaés bathin urang ku akhlak nu hadé, ku kata'atan jeung kataqwaan urang ka Alloh swt.
Sakumaha cariosan Ulama:

"Laesal 'iid Liman labisal Jadiid, Wa Laa Liman Akalal-Qodiid,  

(Lebaran téh lain pikeun jalma nu pakean-na anyar bari weuteuh, ogé lain pikeun jalma nu loba kadaharan dagingna )

Walaakinal 'Iiid Liman Thoo'atuhu Taziid, Wa Khoofal-Wa'iid  

"Tapi Lebaran téh pikeun jalma nu katha'atan-na tambah, jeung mingkin nambahna rasa sieun-na ka Alloh".

Lamun haté urang tos bereseih tina sifat-sifat kagoréngan, sifat hasud, dengki, panasan, ujub, riya, takabur jeung sajabana, maka make pakean naon baé ogé tinangtu bakal alus tur pantes ditingalina.

Idzal Mar'u Lam Yadnas Minal Lu'mi 'irdhuh, Fa Kullu Ridaa'in Yartadiihi Jamiil"

"Lamun Jalma Geus beresih jiwana tina sifat-sifat kagoréngan nyatana panyakit haté, maka pakean nu model kumaha baé ogé nu dipake ku manéhna pasti bakal kewes tur pantes dina dipakena"

Caag
Subang, 30082011

Mugia Janten Lenyepaneun 13

Ku:  Wangsa Urang Subang Pituin pada 16 Agustus 2011 jam 8:29

Alloh ngadawuh dina Hadits Qudsy:

Kullu ‘Izzin Laisa Billaahi Fahuwa Dzullun

“Saban-saban kamulyaan nu henteu aya ridho Allah, maka hakekatna hal eta teh hina” (Al-Hadits)

Kamulyaan teh, diantarana bae ku bogana kalungguhan atawa naekna jabatan, kaasup oge jadi wawakil rahayat, atawa bogana kahormatan di tengah-tengah masyarakat, kahontalna kasuksesan dina usaha, kamasyhuran, jeung sajabana ti eta. Tapi mun seug kamulyaan eta kabeh euweuh ridho ti Alloh, maka ajenna lain mulya mungguh Manten-Na, tapi sabalikna kacida  hinana. Tegesna, sanajan miturut anggapan sasama mah mulya tapi mungguhing Allah mah kacida hinana.

Maksud henteu dipikaridho ku Allah didieu, nyaeta dina cara ngahontal eta kamulyaan teh henteu luyu reujeung kahoyong Allah,henteu luyu reujeung aturan Manten-Na. Tegesna, dina ngahontalna sagala cara dipake, teu tolih halal jeung haram, teu tolih hak atawa batal, nu penting mah kahontal cita-cita, nu penting mah katedunan pamaksudan. Tah nu kieu, nu disebut meunang kamulyaan tapi henteu aya ridho ti Allah teh.

Kitu keneh, nalika eta kamulyaan dilalalworakeun atawa henteu amanah dina nyepengna, tegesna  henteu sukur kana eta kamulyaan nu dipaparin ku Allah. Misalna, dipaparin jabatan kalah ka dipake milampah kadzoliman, dipaparin kalungguhan kalah ka dijadikeun hiji alat pikeun nganteur kahayang nafsu pribadina, nepi ka loba jalma nu sangsara katalangsara ku akibat laku lampahna, nya kaasup oge jadi  wawakil rahayat nu teu amanah dina ngemban amanah rahayat, lain kamaslahatan nu dipelak tapi sabalikna kamafsadatan nu dipupuk digemuk.

Loba jangji henteu bukti, loba catur tanpa bukur, loba nganyenyeri batan nembongkeun bakti, mun nyarita loba nga-"atasnamakeun" rahayat, tapi dibalik tujuannana teh, rahayat ukur dijadikeun tameng pikeun nganteurkeun kahayangna jahatna wungkul, sok padahal mun seug ditanya ka maranehna rahayat nu mana nu ku manehna geus dibarela, nu puguh mah loba keneh rahayat nu keuna ku kasangsaraan, loba keneh rahayat nu nu kalaparan, caritana aya program ngurangan angka kamiskinan, tapi lain kurang kamiskinan teh ieu mah kalah ka nambahan, kaasup nu nyekel programna, atawa para pajabat nu dipercaya pikeun ngalaksanakeun programna kaasup jalma miskin, da geuningan dana nu kuduna diancokeun pikeun laksananana eta program, ieu mah kalah kalolobaannana henteu nepi, nyangkol teuing dimana. Tah  kamulyaan nu samodel ieu nu kaasup kamulyaan nu teu aya ridho ti Allah. Tegesna, bisa disebut  mulya mungguh manusa, tapi hina mungguhing Allah.

Komo deui mun seug meunangna kamulyaan ku jalan henteu wajar, kayaning meunang maksa mirusa nu puguh mah eta hak batur, tapi direbut ku jalan nandasa atawa ngadzolim, atawa ngahontalna eta kamulyaan teh ku jalan meunang nyogok jeung sajabana ti eta, ieu ha loge kaasup kamulyaan nu mungguhing Allah hina.

Kamulyaan-kamulyaan samodel kitu teh kaasup kamulyaan nu palsu, kamulyaan nu semu bari nipu. Nu hasilna lain kabagjaan tapi kamadharatan. Malah nu matak jadi hariwang mah kamulyaan eta bisa nganteur ka diri jalma nu mibandana tumuwuhna sifat kasombongan, sifat katakaburan, asa aing, adigung kumalungkung. Mun seug geus kitu, maka manjing kana Dawuhan Allah dina Hadits Qudsi:

Al’Izzu Izaarii Wal-Kibriaaii Rida’ii, Faman Naaza’anii Minhumaa syaian ‘Adzabtahu

“Kagagahan jeung kamulyaan eta ibarat baju Kami, kasombongan eta ibarat salendang Kami, maka sing saha jalmana nu nyaruaan saeutik oge ka Kami, maka ku Kami bakal disiksa”. (H.R. Imam Muslim & Imam Sumawaih ti Abu Sa’id R.A. & Riwayat Imam Thabrani ti Sayyidina Ali R.A.)

Kecap “Al-Izz”  dina Hadits Qudsy di luhur asal ma’nana nyaeta ”kamulyaan”, lawan tina kecap “Dzullun” nu hartina “kahinaan”. Ngan nu dimaksud kamulyaan didieu, nyaeta hasil kakuatan nu hamo bisa kalindih ku kakuatan naon bae. Tegesna, taya tandingna. Ku hal kitu, maka kecap “Al-Izzu” dihartikeun kamulyaan, atawa kaprakosaan, kagagahan, jeung kakuatan nu taya tandingna.

Sifat “‘Izzah”  kacutat dina sababaraha ayat dina Al-Qur’an, sakumaha dina Dawuhan Allah dina Qur’an Surat An-Nisa ayat 139:

Fainnal-‘Izzata Lillaahi Jamii’an

“Maka saestuna sakabeh kamulyaan eta mutlaq milik Allah”

Oge kaunggel dina Dawuhan Allah Qur’an Surat Fathir ayat 10:

Man Kaana Yuriidul-‘Izzata Falillaahil-‘Izzatu Jamii’an……”

“Sing saha jalmana nu miharep kamulyaan, nya kagungan Allah sakabeh kamulyaan….”

Mulang deui kana guaran eusining Hadits di luhur, diuningakeun ayana dua sifat khusus nu kacida ebrehna, nu wungkul Allah nu gaduhna. Sedengkeun makhluk kaasup manusa henteu aya hak pikeun mibogana. Dua sifat eta nyaeta, sifat ‘Izzah (kamulyaan atawa kagagahan) jeung sifat Kibrun (Kaagungan atawa kasombongan).

Memang aya sifat Allah nu sok pirajeuneun eunteup di diri manusa, nu hal eta teh lain nu saujratna milik manusa tapi ukur samentara ti Manten-Na minangka kautamaan, da tetep nu mutlak ngapimilik mah tetep anging Allah. Tegesna, eunteupna ieu dua sifat di diri manusa lain sacara hakekat, tapi ukur samentara.  Anapon dua sifat eta teh nyaeta sifat kaheman, kedeudeuh, kawelas, kaasih, nu ngamuara tina makna asma sifat Allah Ar-Rohman, Jeung sifat nu samakna jeung eta nyaeta Asma Allah Al-Kariim nu hartina berehan, welasan, asihan, deudeuhan. Tah dua sifat ieu, nu sok mindeng eunteup bari ngancik di diri manusa.

Sedengkeun sifat Al-Izzah jeung sifat Al-Kibriyaa’ eta mah mutlak sifat Allah nu teu meunang dipibanda ku manusa, sabab diibaratkeun dina Hadits Qudsy di luhur ku sebutan Baju reujeung salendang. Tegesna, eta baju atawa salendang teh heunteu bisa direbut atawa dipake sambarangan ku saha bae. Mun seug manusa wani-wanu make, maka ancaman Allah, yen geus dicawiskeun hiji patempatan di naraka.

Kacindekennana, yen sing saha jalmana nu meunang kamulyaan henteu sukur, atawa meunangna eta kamulyaan ku jalan atawa cara-cara nu teu dipikaridho ku Allah, komo bari ditembongkeun ku eunteup sikep takabur, adigung kumalungkung, asa aing pang akangna, maka ieu kaasup Musyrik tegesna geus kaasup nyamian Manten-Na. Maka jalma atawa manusa nu samodel kieu, salian kamulyaan nu dipibandana hina mungguhing Allah, tur Manten-Na bakal nutup hate maranehna, bari dicawiskeun hiji patempatan di naraka jahannam bari langgeng dijerona. Na’Udzu Billaahi Min Dzaalik.

Sakumaha dawuhan Allah dina Al-Qur’an Surat Mu’min ayat 35:

Kadzaalika Yathba’ulloohu ‘Alaa Kulli Qolbi Mutakabbirin Jabbaar

“Tah nya kitu Allah nutup hate jalma-jalma nu takabbur tur wangkelang”

Oge dina Dawuhan Allah dina Qur’an Surat An-Nahl ayat 29:

Fadkhuluu Abwaaba Jahannama Khoolidiina Fiihaa Falabi’sa Matswal-Mutakabbiriin

“Ku kituna geura arabus maraneh ka Lawang Panto Naraka Jahannam (maraneh) baris langgeng  didinya, nya (jahannam teh tempat) kacida goreng patutna  tempat jalma nu takabbur teh”

 Wallohu Wa Rosuuluhu A’lam.
Subang, 16082011

Mugia Janten Lenyepaneun 12

Ku:  Wangsa Urang Subang Pituin pada 13 Agustus 2011 jam 0:03

Allah ngadawuh dina Hadis Qudsy:

Yaabna Aadama ! Tafarrogh Li’ibaadatii ! Amla’ Shodroka Ghinan Wa Asudda Faqruka, Wa Illaa ! Taf’al Mala’tu Shodroka Syughlan Wa Lam Asudda Faqruka

“Yeuh Anak Adam ! puseurkeun Himmah (perhatian) anjeun, wungkul pikeun ibadah ka Kami ! maka Kami bakal minuhan dada anjeun ku kacukupan (tegesna, hamo merelukeun deui nu sejen salian ti Kami), oge bakal ditutup ku Kami kafaqiran anjeun (tegesna,  bakal dicukupan sagala pangabutuh anjeun). Mun seug henteu kitu (tegesna, henteu museurkeun Himmah (perhatian) wungkul ibadah ka Kami), maka Kami bakal minuhan dada anjeun ku kaham-ham, ku kasibukan tur Kami hamo nyukupan kafaqiran anjeun (tegesna, hamo aya cukup dina kahirupan salawasna kurang jeung kurang nu euweuh tungtungna)” (H.R. Imam Tirmidzy & Imam Baihaqy nu sumber datangna ieu Hadits ti Abu Hurairah R.A.).

Tujuan manusa diciptakeun ku Allah ka ieu alam dunya teh taya kajaba pikeun ulun kumawula ka Manten-Na ku bentuk Ibadah, sakumaha Dawuhanna-Na:

Wa Maa Kholaqtul-Jinna Wal-Insa Illaa Liya’buduun (Adz-Dzaariyaat: 56)

“Teu samata-mata kami nyiptakeun Jin jeun Manusa, kajaba pikeun Ibadah”

Kajaba ti eta Ibadah oge minangka parentah ti Allah, sakumaha dawuhana:

Yaa Ayyuhan-Naasu’buduu Robbakumul-Ladzii Kholaqokum Wal-Ladziina Min Qoblikum La’allakum Tattaquun (Al-Baqarah:21)

“Yeuh Manusa ! Prak ibadah ka Pangeran aranjeun (tegesna Allah) nu geus nyiptakeun aranjeun kabeh, jeung jalma-jalama samemeh aranjeun. Sangkan aranjeun kabeh takwa”

Ibadah teh mibanda harti sagala tingkah perbuatan manusa, nu dipikaresep oge dipikaridho ku Allah boh ku bentuk ucapan, I’tikad oge pagawean boh nu katingali oge nu teu katingali. Mun ceuk basa para Ulama mah:

Al-Ibaadata Ismun Jaami’un Limaa Yuhibbullooh, Wa Yardhoohu Qaulan Kaana Au Fi’lan, Jaliyyan Kaana Au Khofiyyan

“Ibadah teh nyaeta hiji aran (konsep), nu ngawengku kana sagala perbuatan nu dipikaresep oge dipikaridho ku Allah,  ku bentuk pagawean oge ku bentuk ucapan, boh nu katingali oge nu teu katingali”

Luyu reujeung konsepan harti miturut para Ulama fiqih, yen ibadah teh sagala bentuk pagawean ibadah nu dilakukeun demi ngahontal karidhoan Allah. Lebah dieu bisa jadi kasapukan, sabab memang geus sawadina kudu kitu, tegesna yen saban-saban jalma Muslim oge Mu’min ti mimiti lahir nepi ka batin dina ngalakonan ibadah teh kudu diancokeun pikeun miharep ridho Allah.

Sedengkeun harti panungtung nu jadi kasapukan para Ulama fikih yen ibadah salian ti pikeun ngahontal Ridho Allah ditambahan ku miharep ganjaranna-Na di akherat. Ieu harti panungtung teh asa heureut, sabab pikeun jalma Mu’min mah mibanda harepan, yen sagala ibadah nu dilakonan teh mibanda maksud, nu kahiji pikeun ngahontal Ridho Allah, jeng nu kadua miharep ganjaran nu jadi jangji Allah lain di akherat wungkul tapi di dunya oge. Sakumaha do’a nu sering dibaca:

Robbanaa Aatinaa Fid-Dunyaa Hasanatan Wa Fil-Aakhiroti Hasanatan Wa qinaa ‘Adzaaban-Naari

“Duh Gusti abdi sadaya, mugia anjeun maparin abdi kasaean di dunya, oge kasaean di akherat, sareng mugia Anjeun Gusti ngaraksa abdi sadaya tina siksa seuneu naraka”

Ibadah mun ditilik tina sifat jeung bentukna, ngawengku kana:

Kahiji, ibadah nu geus dirinci ku katerangan atawa dalil ti mimiti ucapan nepi ka pagawean, kayaning shalat, zakat, puasa oge ibadah haji . Ibadah ieu sifatna khusus atawa nu disebut ibadah Mahdhoh, kayaning shalat, puasa, zakat jeung ibadah haji ka tanah suci Baetullah.

Kadua, ibadah nu teu ditangtukeun atawa henteu dirinci teknik dina ngalaksanakeunana, kayaning Ibadah ucapan lisan, dzikir Tahmid, Takbir, Tasbih, Tahlil, ngaos shalawat, oge nyarita nu pinuh ku nasehat, nyarita nu genah ngadenge henteu matak kuciwa batur, nyarita nu pinuh ku manfaat, jeung sajaban ti eta. Lian ti eta, kayaning migawe hiji perkara nu sifatna maslahat boh keur diri pribadi oge nu lian, samodel nyiar kifayah, ngabdi di tengah-tengah masayarakat, ngabdi ka bangsa oge ka nagara, ngalaksanakeun amanah sasama mun seug jadi pamingpin, ngalakukeun pagawean nu sifatna keur kamaslahatan umat jeung sajaban ti eta ieu kabeh kaasup ibadah umum atawa ibadah,  Ghoero Mahdhoh.

Mun diriutkeun ibadah teh dibagi dua, boh nu sifatna pribadi oge nu sifatna social:

Kahiji ibadah Fardi, nyaeta ibadah nu dilaksanakeun ku sosorangan, kayaning shalat jeung puasa

Kadua. Ibadah ijtima’iy, nyaeta ibadah nu sifatna pikeun nohonan tuntutan pangabutuh social, kayaning ibadah zakat jeung haji.

Dina emprona para Ulama ngabagi ibadah teh jadi tilu rupa:

Nu kahiji Ibadah Jasmaaniyah Ruuhaaniyyah, hartina ibadah nu bentukna merelukeun kakuatan fisik jeung jiwa nu pinuh kakhusyu’an oge pinuh kaikhlasan, kayaning ibadah nu sifatna wajib, nyaeta shalat jeung puasa di bulan Romadhon. Oge nu sifatna sunnag kayaning puasa sunah, jeung shalat sunnah.

Nu kadua, ibadah Ruuhaaniyyah Maaliyyah, hartina ibadah nu bentukna merelukeun modal harta banda raja kaya, kayaning zakat nu sifatna wajib, jeung shodaqoh nu sifatna sunnah.

Nu katilu, ibadah Jasmaaniyyah Ruuhaaniyyah Maaliyyah, hartina ibadah nu bentukna merelukeun kakuatan fisik jeung jiwa nu pinuh kakhusyu’an oge pinuh kaikhlasan oge nu merelukeun modal harta banda raja kaya, kayaning ibadah Haji oge ibdah umroh.

Jadi kacindekanana, yen ibadah teh nyaeta hiji aran (konsep), nu ngawengku kana sagala perbuatan nu dipikaresep oge dipikaridho ku Allah,  ku bentuk pagawean oge ku bentuk ucapan, boh nu katingali oge nu teu katingali.

Walloohu Wa Rosuuhu A’lam

Subang,12082011

Mugia Janten Lenyepaneun 11

Ku: Wangsa Urang Subang Pituin pada 12 Agustus 2011 jam 6:27

Ulama salaf sasauran:

Rubba 'Amalin Shoghirin Tu'dzimuhun-Niyyatu, Wa Rubba 'Amalin Kabiirin Tushghiruhun-Niyyatu

"Loba Amal nu enteng bentukna jadi gede ajenna ku akibat (alus/ikhlasna) niat, sabalikna loba amal nu beurat jadi leutik ajenna ku sabab (goreng/salahna) niat".

Niat, iradah (kahayang) atawa Qashad (maksud) teh minangka dorongan rasa nu tumuwuh dina hate-hate manusa nu mangaruhan pikeun milampah hiji pagawean atawa ucapan-ucapan nu tangtu. Niat oge minangka ukuran amal hiji jalma, tegesna nu bakal jadi ukuran ditarima atawa henteuna amal hiji jalma mungguhing  Allah bari nu jadi ukuranana teh ku kaikhlasannana.

Kajaba ti eta, niat oge minangka titik awal tina sagala amaliyah perbuatan, perjuangan jeung sajabana ti eta, nu eta niat teh minangka ukuran nu bakal nangtukeun ngeunaan hade jeung gorengna hiji lampah atawa ucapan hiji lampah nu dilakonan.

Para Ulama kalayan nyarande kana katerangan, ngajarkeun ka urang yen dimana urang milampah hiji pagawean ibadah  boh nu sifat ibadah wajib atawa ibadah sunah, mun seug ngedalkeun niat teh kudu ditungtungan ku kecap "Lillaahi Ta'aala" (karana Allah Ta'aala).  Ieu teh minangka isyarat yen urang diperedih sangkan nancebkeun kaihklasan dina tiap-tiap ibadah nu dilakonan, tur hal ieu oge minangka hiji bukti tina ikrar urang saban-saban urang shalat, nyatana dina aosan do'a Iftitah (bubuka) ku kalimat:

Inna Sholaatiii Wa Nusukii Wa Mahyaya Wa Mamatii Lillahi Robbil 'Aalamiin

"Saestuna Sholat abdi, ibadah abdi, hirup abdi oge maot abdi eta sadaya kagungan Allah Pangeran sadaya alam"

Kanjeng Nabi S.A.W. ngadawuh dina Haditsna nu diriwayatkeun ku Imam Bukhari sareng Imam Muslim, nu sumber datangna ieu Hadits ti Amiril Mu'minin Abi Hafs Umar bin Khaththab R.A.:

"Saeastuna sagala amal perbuatan gumantung kana niat, tur saban-saban jalma bakal ngahontal nu jadi udaganana diluyukeun reujeung niatna, sing saha nu hijrah estu nuju ka jalan Allah sareng Rosul-Na, maka hijrahna pasti bakal nuju ka Allah sareng Rosul-Na, jeung sing saha jalma nu hijrahna ukur ngudag kana kadunyaan, atawa pikeun ngawin hiji awewe, maka hijrahna ukur nepi kana naon nu diniatkeun ti awwalna" (H.R. Imam Bukhari & Muslim).

Asbabul  wurud atawa asal mula lungsurna dawuhan Kanjeng Nabi S.A.W. ieu, nyaeta nalik Rosulullah S.A.W. hijrah ti Mekkah ka Madinah, nu satuluyna dituturkeun ku para Shahabat. Aya diantarana hiji lalaki nu milu hijrah nu ngaranna Ummu Qais nu manehna geus buleud tekadna pikeun milu hijrah, ku sabab aya hiji wanoja nu jadi bebenena mere syarat, daek dikawin asal dikawinna ditempat dimana Rosulullah S.A.W. sareng para shahabat sanesna Hijrah, nya ku akibat syarat ieu  Ummu Qais jadi kapaksa hijrah ti Mekkah ka Madinag sasarengan sareng Rosulullah S.A.W.

Nya perkara ieu teh dilaporkeun ka Rosulullah S.A.W. naha hijrah nu samodel kitu teh meunang pahala atawa henteu ?. Rosulullah S.A.W. ngawaler ku dawuhana nu kaunggel dina Hadits di luhur.

Jadi, miturut Hadits ngeunaan niat ieu, mere kacindekan yen saban-saban amal hiji jalma eta gumantung kana niatna. Tegesna, yen saban amal kudu didadasaran ku niat. mun seug niatna ikhlas karana Allah maka eta amal bakal ditampi ku Allah, sabalikna mun seug eta niatna kaeunteupan ku hal-hal nu sifatna harepan saba'dana migawe hiji amal atawa miharep pamrih tanpa didadasaran Lillahi Ta'ala, maka hasilna ukur samet nepi kana naon nu piharepna. Nu kudu jadi kahariwang urang dimana urang migawe hiji amal ibadah hasilna ditolak ku Allah ku sabab niatna henteu karana Allah.

Imam Yahya An-Nawawi Rohimahullohu Ta'aala sasauran, yen amal hiji jalma teh digolongkeun kana tilu rupa:

Nu kahiji amalna Hamba Sahaya (budak beulian), nyaeta migawe hiji amal sabab sieun ku nu jadi dunungan, mun seug meredeka atawa bebas teh bisa bae henteu karana sieun deui ku dunungan dina migawe hiji perkara teh, henteu nutup kamungkinan bakal beda deui niatna, sabab motivasi awal manehna daek migawe hiji perkara teh dumeh keur jadi budak, tegesna Amal samodel kieu teh lir ibarat migawena hiji jalma kana hiji perkara karana hayang katenger wungkul, karana diparentah wungkul, mun seug dunungan teu aya atawa teu aya parentah mah geus pasti moal daek migawena, jadi euweuh hidengna, euweuh kasadaran nu tumuwuh dina dirina dina migawe hiji perkara teh, estu asa kapaksa bae atawa asa dipaksa.

Nu kadua, amal sodagar atawa amal tukang dagang, nyaeta migawe hiji amal sabab miharep upah, ngalap kauntungan, ngudag kana pangbibita jeung hasil, jadi mun seug euweuh pangbibita atawa teu katenger upah satutasna migawe hiji perkara pasti embung migawena. Tegesna, amalan jalma nu golongan kadua ieu mah, saban-saban migawe hiji perkara hiji nu jadi udagan nyata upah, atawa pamrih, euweuh kasadaran nu saestu nu tumuwuh dina dirina dina migawe hiji perkara. Mun dina Ibadah mah jalma samodel kieu mah saban-saban migawe hiji amalan ibadah, dua nu jadi udagan mun teu miharep surga nya sieun kana naraka, teu aya saeutik oge nanceb dina atina  Ikhlas Lillaahi Ta'aala.

Nu Katilu amal jalma nu merdeka, nyaeta migawena hiji perkara teh estu minangka bukti babakti diri, teu aya pamrih nanaon, tegesna henteu ningali kana upah atawa wawales, nu penting mah migawe heula perkara, anapon ngeunaan diupah atawa henteu, eta mah henteu  jadi udagan teuing. Jalma nu samodel kieu, dina migawe hiji perkara estu tumuwuh dina kasadaran diri henteu asa kapaksa, atawa asa dipaksa, estu mukhlis tumuwuh dina sanubari pikeun salawasna babakti diri pikeun salilana nyebakeun raga, tur sadar kana hak jeung kawajiban bari ngajaga sapapaosna.

Golongan jalma nu katilu manjing kana Dawuhan Allah dina Qur'an Surat Al-Bayyinah ayat 5:

Wa Maa Umiruu Illaa Liya'budullooha Mukhlisiina Lahud-Diina Hunafaa'a  Wa Yuqiimush-Shalaata Wa Yu''tuz-Zakaata Wa Dzaalika Diinul-Qoyyimah

"Padahal maranehna teu ditimbalan salian sangkan aribadah ka Allah kalayan ngaikhlaskeun agama karana Manten-Na, jeung nyingkahan lampah sasar sarta ngadegkeun shalat, nyumponan zakat, sabab eta teh agama anu lempeng" 

Rosululloh S.A.W. ngadawuh:

Akhlish Diinaka Yakfikal-Qoliilu Minal-'Amali

"Masing Ikhlas anjeun dina ngajalankeun (amaliyah) kaagamaan anjeun, maka amal anjeun nu saeutik bakal jadi cukup pikeun anjeun" (Al-Hadits)

Wallohu  Wa Rosuluuhu A'lam.

Subang,11082011

Mugia janten lenyepaneun 10

Ku:  Wangsa Urang Subang Pituin pada 10 Agustus 2011 jam 23:52

Kahirupan di alam dunya mun seug ku urang dititenan bari ditafakuran, estu henteu sepi tina dua kamungkinan nu bakal karandapan, nyaeta kabungah reujeung kasusah. Dua hal ieu teh bakal gilir gumenti ka tiap manusa nu hirup kumelendang di alam dunya  dina ngarandapannana.

Mun seug aya diantara jalma, teu nutup kamungkinan urang sorangan, boga anggapan yen hirup teh bagja salilana, bungah salawasna, atawa sabalikna, hirup teh susah salawasna, sangsara salilana. Ieu anggapan atawa ieu pamadegan teh kacida salahna.

Sabab kahirupan hiji jalma hamo salawasna bungah, hamo salilana bagja, hiji waktu manehna bakal tinemu reujeung kasusah. Kitu keneh sabalikna henteu salawasna hiji jalma sangsara, atawa salilana susah, pasti hiji mangsa mah aya kalana tinemu reujeung kabagja oge kabungah.  Tah ieu pisan nu disebut senina kahirupan alam dunya, nu geus jadi Sunnatullah (Katetepan Allah).

Lebah dieu, urang bisa nyokot kacindekan, yen geuningan alam dunya teh minangka tempat ujian. Alam Dunya teh minangka tempat diujina manusa, khususna pikeun jalma nu geus ngaku Iman jeung ngaku Islam.  Anapon bentuk ujiannana  eta ku dua rupa, nu kahiji bentuk ujian nu hade, kayaning lobana harta, amanna kaayaan, raharjana patempatan,  tingtrimna bathin, ayemna kahirupan, sehat awak, sehat bathin jeung sajabana ti eta.

Sedengkeun nu kadua nyaeta ku bentuk ujian nu goreng, kayaning, malarat, sangsarana kahirupan, gagalna usaha, kaserang ku mangpirang-pirang musibah, gering,  jeung sajabana ti eta. Dua bentuk ujian nu karandapan ieu kaunggel dina Dawuhan Allah S.W.T. Qur’an Surat Al-Anbiya ayat 35:

“Jeung Kami bakal nguji arandika kalayan ku kagorengan jeung kahadean nu duanana oge kasup fitnah (cobaan). Jeung wungkul ka Kami arandika mulang” (Al-Anbiya: 35)

 Timbul pasualan, naon atuh nu jadi tujuanana pangna Allah ngajadikeun ieu alam dunya tempat ujian teh ?

Jawabanana, nyaeta pikeun ngukur kaimanan jeung kaislaman hiji jalma, sabab sakabeh perkara tanpa ayana ujian atawa tanpa ayana cobaan, maka hamo katembong kaaslianana, hamo katingali kaonjoanana, hamo katingali kapunjulanana.

Sabab urang oge hamo bisa ngilo mana emas murni mana Loyang. Tegesna, yen tiap jalma nu geus ngaku Iman, jeung nu geus ngaku Islam, pasti ku Allah bakal di uji atawa dicoba. Hal ieu luyu reujeung Dawuhanna-Na dina Al-Qur’an Surat Al-Ankabut ayat 2-3:

“Naha manusa teh nyarangka, yen maranehna diantep kitu bae nalika manehna nyarita: ‘Kami sarera geus ariman’  bari jeung maranehna moal dicoba. Jeung saestuna kami geus maparin cocoba ka jalma-jalma samemeh maranehna, kukituna pasti Allah Maha Uninga  ka jalma-jalma anu balener, jeung saestuna Manten-Na Uninga ka jalma-jalma anu barohong” (Al-Ankabut:2-3).

Ujian Allah teh  mangpirang-pirang, nu kabehanana teh ngamuara kana dua bentuk ujian, nyaeta antara hade jeung goreng. Aya ujian nu ngeuna kana awak, anak, harta banda, jabatan, kakawasaan, aqidah, jeung sabana ti eta. Pon kitu keneh kaasup larangan reujeung parentah Allah eta oge kaasup ujia. Tegesna, Agama teh minangka ujian pikeun nu ngagemna.

Dina sapalih katerangan dijelaskeun, yen ujian nu beurat mah, nyaeta dimana manusa meunang kahadean, sabab teu jarang jalma nu gagal dimana nampa kakawasaan, dimana manehna meunang kasuksesan. Sedengkeun ujian nu pang enteng-entengna nyaeta nu ngeunaan  kana lahir urang, saperti keuna ku panyakit, kasangsaraan jeung sajabana ti eta. Tur duana minangka hiji tolok ukur Alloh dina milih hamba-Na, mana nu sabar jeung henteu dina nandangan eta ujian kasangsaraan, oge milih hamba-Na nu mana nu syukur dina nampa kasuksesan hirup.

Kabeh bentuk ujian nu sifatna kagorengan nu keuna ka jalma nu Mu’min bari sabar dina mayunana, maka ku Allah bakal diganjar ku bentuk dihampura dosana, nepi ka eta ujian teh jadi hiji kani’matan. Nya kitu keneh kabeh bentuk ujian kahadean nu keuna ka jalma nu Mu'min bari syukur dina nampana, maka ku Allah bakal diganjar ku tambah-tambahna kani'matan.

Ngan kadangkala kalolobaan jalma teu lulusna teh di mana manehna ditibanan ujian kasuksesan hirup, misalna hasilna usaha, lobana harta banda, ningkatna kalungguhan atawa naekna jabatan, dipercaya nyepeng kakawasaan jeung sajabana ti eta. Sakumaha Dawuhan Allah dina Al-Qur'an Surat  Al-'Alaq ayat 6-8:

"Kanyahokeun ! satemenna manusa bener-benr geus ngaliawatan wates wangen,  lantaran ngarasa dirina geus cukup, saestuna wungkul ka Pangeran aranjeun (Allah) nya pangbalikan teh" (Al-'Alaq: 6-8).

Sedengkeun bentuk ujian nu sifat kagorengan nu keuna ka jalma nu Mu’min bari sabar dina mayunana, maka ku Allah bakal diganjar ku bentuk dihampura dosana, sakumaha nu kaunggel dina dawuhan Rosulullah S.A.W. :

“Ujian nu henteu eureun-eureun nu karandapan ku jalma Mu’min, boh awewe atawa lalaki, nu keuna ka dirina, hartana, anak (jeung kulawargana), tapi manehna tetep dina kashobaran, maka manehna bakal tepung sareng Allah dina kaayaan tanpa dosa” (H.R. Turmudzi)

Wallohu Wa Rosuuluhu A’lam

Subang, 10082011

Mugia Janten Lenyepaneun 9

Ku:  Wangsa Urang Subang Pituin pada 9 Agustus 2011 jam 19:18

Rosulullah S.A.W. ngadawuh,  Allah  ngadawuh dina Hadits Qudsy:

“Ieu teh Agama nu ku Kami diridhoan, pikeun Kami, jeung henteu bisa ditembongkeun kamaslahatanana, kajaba ku lampah berehan, jeung akhlak nu mulia, ku sabab kitu, jadikeun agama ieu mulya ku dua sifat eta salila anjeun masih ngagem ieu Agama” (H.R. Sumawaih, Ibn ‘Adi, ‘Uqaili, Kharaithi, Khatib, Ibni ‘Asakir jeung Imam Rofi’I, nu sumberna ieu Hadits ti Anas R.A.).

Allah geus milih Agama Islam pikeun Manten-Na ku anjeun, minangka Agama nu dipikaridho ku Manten-Na. ku sabab kitu, hamo narima agama sejen lian ti Agama Islam. Hal ieu luyu reujeung Dawuhana-Na dina Qur’an Surat Ali Imran ayat 85:

“Jeung sing saha jalmana nu miluruh agama lian ti Agama Islam, maka pikeun manehna hamo bakal ditarima eta agama, jeung jaga di Akherat manehna kaasup jalma-jalma nu rugi”.(Q.S. Ali Imran: 85)

Minangka bukti hiji jalma ngagem agama Islam, diantarana nyaeta ku bentuk nembongkeun ku kapribadianana dina kahirupan sapopoe ku sifat berehan jeung akhlak nu hade tur mulia. Ieu hal nu jadi eusining Dawuhan Allah dina Hadits Qudsy  nu munggaran diuningakeun di luhur.

Sifat berehan kaasup sifat nu mulya tur minangka akhlaqna para Nabi. Kalebet Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. kalebet jalmi nu kacida berehanana, tur kacida ikhlas dimana maparin bantosan, ieu nu kudu jadi tuladaneun urang. Rosulullah S.A.W. henteu pernah kaancikan rasa sieun kakurangan ku akibat sifat berehanana, dugi ka sifat berehan ieu, tos ngadarah daging, dimana mere bantosan Anjeunna teu aya sakedik oge nyuhunkeun pamulang tarima.

Sifat berehan teh minangka hiji sifat nu jadi cukang lantaran deukeutna urang ka Robbul ‘Aalamin, oge bakal ngadeukeutkeun urang ka sasama,  kajaba ti eta oge sifat berehan bakal ngadeukeutkeun ka sawarga, tur ngajauhkeun diri tina seuneu naraka.  Sabalikna pikeun jalma nu koret, medit, kumed, cap jahe, buntut kasiran, bakal ngajauhkeun dirina ti Allah, oge bakal jauh tur dijauhan ku sasama, tur bakal deukeut kana seuneu naraka. Hal ieu teh luyu sareng Dawuhan  Kanjeng Nabi S.A.W.:

“Jalma nu berehan eta deukeut ka Allah S.W.T. jeung deukeut ka sasama, oge bakal ngadeukeutkeun ka manehna ka Sawarga tur bakal jauh kana seuneu Naraka. Sedengkeun jalma koret eta jauh ka Allah S.W.T.  jeung ka sasama, bakal ngajauhkeun dirina ka Sawarga jeung ngadeukeutkeun ka manehna ka seuneu Naraka” (Al-Hadits).

Walloohu Wa Rosuuluhu A’lam


Subang,09082011

Mugia Janten Lenyepaneun 8

Ku:  Wangsa Urang Subang Pituin pada 8 Agustus 2011 jam 0:22

Hiji Hadits Qudsy nu sumberna ti Abi Hurairah R.A. nu diriwayatkeun ku Syaikhani (dua Imam Ahli Hadits), Imam Nasa'i, sareng Ibnu Hibban mugia Alloh salamina ngarahmatan marantenna,  yen Rosululloh S.A.W. ngadawuh:

"Allah S.W.T. ngadawuh: "Saban-saban Amal perbuatan anak Adam eta mulang ka dirina (tegesna, laku hade nu dipilampah eta hasilna bakal mulang deui ka nu milampahna). Kajaba Ibadah puasa, ibadah puasa teh pikeun Kami (Allah), maka kami nu bakal ngawalesna langsung.

Ibadah puasa teh minangka tameng, jeng nalika anjeun dina mangsa keur ngalakonan ieu ibadah puasa, poma ulah kedal ucap ku ucapan-ucapana kotor, henteu sopan, matak henteu genah nu ngadengena, oge poma ulah pasea.

Mun seug diantara aranjeun aya nu ngahina ka anjeun, aya nu ngajak pasea ka anjeun, pok ucapkeun ka manehna: "Kami keur Puasa".

Lajeng Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. dadawuh deui:

"Demi Dzat Allah nu kami aya dina kakawasaan-Na-na. saestuna bau sungutna jalma nu puasa, mungguhing Allah eta kacida seungitna (jaga di Yaumil Kiamat) batan minyak kasturi. Jeung pikeun jalma nu puasa bakal tepung reujeung dua kabungahan, Bungah nu kahiji nyaeta bungah nalika buka puasa, jeung bungah nu kadua, nyaeta jaga bakal ditepang raraykeun sareng Pangeran manehna, (nyatana Allah Ta'ala) ku sabab ganjaran puasana". 

Hadits Qudsy ieu ngauningakeun ka urang sadayana, kalayan pinuh ku pituduh sareng arahan ka jalma-jalma nu ngalakonan ibadah puasa, pikeun merhatoskeun kana adab jeung tatacara puasa nu ikhlas karna Allah Ta'ala, nu antukna eta puasa nu dilakonana teh janten luhung ajenna mungguhing Allah.

Anapon kacindekan tina eusining Hadits nu munggaran, nyaeta:

Nu kahiji, nyaeta jalma nu puasa teh kudu ngaraksa lisanna. Tegesna, lisanna teh ulah diumbar teuing, kudu diraksa tina ucapan-ucapan nu kotor, tina ucapan-ucapan nu matak batur teu genah ngadengena, matak batur kuciwa, omongan-omongan nu sifatna nyaci, maki, nyacampah, nyarekan jeung sajabana ti eta ku disingkahan, tujuanana supaya ibadah shaum urang dipalire ku Alloh, sab Rosululullah S.A.W.  ngadawuh nu sumberna ti Abi Hurairah R.A.:

"Sing saha jalmana (nu ngalakonan puasa) henteu bisa ninggalkeun omongan jeung lampah nu kotor jeung  nu euweuh gunana, maka Allah hamo malire kana lampah ninggalkeun dahar jeung nginumna (tegesna, puasana)" (H. R. Imam Ahmad bin Hanbal, Imam Bukhari, Imam Abu Daud, Imam Tirmidzy oge Imam Ibnu Majah).

Nu kadua, pikeun jalma nu puasa dikudukeun ninggalkeun atawa ngajauhan lampah mancing pasea, oge ngalayanan nu ngajak pasea komo mun ditambahan gelut galungan mah, ieu estu dipahing pisan pikeun jalma nu keur ngalakonan puasa mah. mun seug aya nu ngajak pasea, atawa mancing-mancing kana emosi urang, pok ucapkeun: " Kami keur puasa".

Nu katilu, Pikeun jalma nu puasa, sawadina ngajaga oge ngariksa diri lain ukur nahan tina kalapar jeung kahanaang wungkul, tapi diperedih sangkan nahan diri tina laku lampah nu matak Allah teu Ridho. Kayaning, ngajauhkeun diri tina laku ma'siyat, laku nu nimbulkeun dosa, jeung sajaban ti eta.

Nu kaopat, Pikeun jalma nu puasa, mibanda kadudukan nu luhung ajenna mungguhing Allah, sabab bahamna jalma nu puasa eta bakal leuwih seungit batan minyak kasturi jaga di Yaumil Kiamat. Sanajan keur puasa ayeuna baham teh bau, da wajar bauna mah sabab nu ngaranna beuteung dikosongkeun jeung baham jarang ngomong loba ngabetem pasti bakal nimbulkeun hawa bau, tapi mungguhing Allah mah bau bahamna jalma nu puasa ajenna bakal seungit leuwih seungit batan seungitna minyak kasturi, mun ceuk sakaul mah seungitna leuwih seungit batan seungit minyak misik.

Nu Kalima, Pikeun nu ngalakonan puasa, bakal manggihan du kabungah, dua kabagjaan. Kabungah jeung kabagja nu kahiji nyaeta kabungah di dunya, tegesna nalika manehna buka puasa. Teh lebah buka puasa didieu aya dua harti,
- Nu kahiji, nyaeta buka puasa dina sapopoe, nalika rengse ngalaksanakeun ibadah puasa dina bulan Romadhon.
- Nu kadua, nyaeta nalika tepung reujeung poean lebaran 'Iedul-Fitri, tegesna nalika rengse cacap salila sabulan Romadhon ngalakonan puasa.

Saterusna kabungah jeung kabagjaan nu kadua, nyaeta kabungah jeung kabagjaan nalika di Akherat, yakni patepang raray sareng  Allah Robbul 'Aalamin, bari nampa kabar ditarimana amal ibadah puasa nu geus dilakonana, oge dipaparinkeun wawales ganjaran nu tos dijangjikeun ku Robbul 'Aalamin.

Mugia urang tiasa ngahontal puasa nu mabrur (nu ditampi ku Alloh). Oge  mugia lima perkara nu kacutat dina eusining Hadits nu munggaran bisa kahontal ku urang sadayana. Amin

Wallohu Wa Rosuuluhu A'lam Bish-Showaab

Subang, 07082011