Minggu, 08 November 2009

ROHANGAN SHUHUF

"MIKAWANOH SAJARAH LAHIRNA MADZHAB AHLUS-SUNNAH WAL-JAMA'AH"

Ku: ABU AZKIA (WANGSA SUSENA, S.Pd.I)

Edisi ka-32 November 2009 M./Dzulqo'dah 1430 H.

A. Makna Ahlus-Sunnah Wal-Jama’ah
Ahlussunnah Wal Jama’ah (أهل السنة والجماعة) mangrupakeun kumpulan pamikiran jeung pamadegan kaagamaan dina mangpirang-pirang widang nu dihasilkeun ku para Ulama pikeun ngajawab pasualan-pasualan nu tumuwuh ti zaman ka zaman. Dumasar kana hal éta, maka prosés lahirna paham Ahlussunnah Wal Jama’ah (أهل السنة والجماعة) minangka hiji paham atawa madzhab nu ngabutuhkeun jangka waktu nu kacida panjangna. Sakumaha nu ka maklum ku urang saréréa, yén pamikiran atawa pamadegan kaagamaan dina sagala widang kayaning élmu tauhid, élmu fiqih, tasawuf jeung séjénna, éta Kabéh ogé ayana téh henteu bareng dina hiji waktu atawa zaman, tapi ayana kalayan tahapan-tahapan nu béda-béda tur dina waktu nu teu bareng.
Madzhab téh nyaéta métode atawa cara/jalan pikeun neuleuman ajaran agama. Dina agama Islam aya mangpirang-pirang madzhab, diantarana baé madzhab politik nu diagem ku kaum Khawarij, Syi’ah, jeung Ahlussunnah; Madzhab Kalam atawa Ahli Kalam nu diagem ku kaum Mu’tazilah, Asy’ariyah jeung Maturidiyah; jeung Madzhab Fiqih nu diagem ku Opat Imam diantarana 1) Imam Maliki nu ngagemna disebut Madzhab Malikiyyah; 2) Imam Syafi’I nu ngagemna disebut Madzhab Syafi’iyah; 3) Imam Hanafi nu ngagemna disebut Madzhab Hanafiyah jeung 4) Imam Hanbali nu ngagemna disebut Madzhab Hanbaliyah. Dina Madzhab Fikih salian ti opat imam aya deui Madzab Syi’ah, Dhahiriyyah jeung Ibadiyah (Al-Mausu’ah Al-‘Arabiyah Al-Muyassarah, 1995:97).
Istilah Ahlussunah wal jama’ah (أهل السنة والجماعة) kumpulan tina tilu kecap, nyaéta Ahlun (أهل), As-Sunah (ألسنة)jeung Al-Jama’ah (ألجماعة). Kecap Ahlun (أهل)mibanda harti karabat atawa kulawarga, bisa ogé dihartikeun “nu ngagem hiji ajaran” atawa “nu biluk atawa nu nurut kana hiji paham/ajaran” lamun kecap éta dikantétkeun kana kecap ajaran/madzhab.
Nyutat kana anggitan Drs. K.H. A.N. Nuril Huda, (2007:10-11) nu ngajelaskeun, yén dina Al-Qur’an kecap Ahlun (أهل) sakurang-kurangna ngandung tilu makna:
Nu kahiji, kecap Ahlun (أهل)bisa dihartikeun ‘Kulawarga’, sakumaha Dawuhan Allah swt. Dina Qur’an Surat Hud [11] ayat 45:
....رَبِّ إِنَّ ابْنِي مِنْ أَهْلِي...
“……..Nun Gusti saéstuna pun anak téh kulawarga abdi ...... (Q.S. Hud [11]: 45).
Ogé dina Qur’an Surat Thaha [20] ayat 132:
......وَأْمُرْ أَهْلَكَ بِالصَّلَاةِ
“Jeung paréntahkeun ka kulawarga maranéh supaya ngaradegkeun shalat .....(Q.S. Thaha [20]: 132)
Nu kadua, kecap Ahlun (أهل) dina Al-Qur’an ngandung harti “pengeusi hiji nagri” (rahayat/kaom/penduduk). Sakumaha Dawuhan Allah swt. dina Al-Qur’an Surat Al-A’raf [7] ayat 96:
وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرَى آمَنُواْ وَاتَّقَواْ لَفَتَحْنَا عَلَيْهِم بَرَكَاتٍ مِّنَ السَّمَاءِ وَالأَرْضِ
“Jeung lamun pangeusi éta nagri ariman jeung taqwa, tanwandé Kami maparin kurnia ka maranéhna ku rupa-rupa kabarokahan ti langit jeung bumi .....(Q.S. Al-A’raf [7]: 96).
Jeung nu katilu, kecap Ahlun (أهل) bisa dihartikeun ‘jalma nu mibanda hiji widang kaélmuan’, saperti kecap ahli dikantétkeun kana kecap sajarah, jadi ‘ahli sajarah’ hartina jalma nu paham kana widang élmu sajarah, jeung sajaba éta. Allah swt. Ngadawuh dina Qur’an Surat An-Nahl [16] ayat 43:
فَاسْأَلُواْ أَهْلَ الذِّكْرِ إِن كُنتُمْ لاَ تَعْلَمُونَ....
“.... kusabab éta, maka geura prak tanyakeun ka jalma-jalma ahli dzikir (ahli-ahli élmu) saumpama maranéh henteu nyaraho” (Q.S An-Nahl: 43).
Sedengkeun Kecap As-Sunnah (ألسنة)miturut bahasa ngandung harti jalan, cara, sistem, atawa tradisi, ogé bisa dihartikeun kabiasaan. Kecap séjén nu sama’na jeung kecap as-Sunnah (ألسنة) nyaéta:
Ath-Thariqah(ألطريقة), Al-Hadits (ألحديث), As-Sirah ,(ألسّرة) At-Tabi’ah(ألتبيعة) , jeung Asy-Syari’ah(ألشريعة). Sedengkeun miturut istilah kecap As-Sunnah (ألسنة) ngandung harti hiji sebutan pikeun jalan, cara atawa sistem nu dipikaresep tur digawéan dina agama sakumaha nu dicontokeun prak-prakkanana ku Rosulullah saw. boh dawuhanana, padamelanana ogé kapanujuan atawa katetepan anjeunna.
Dumasar kana harti mungguhing istilah, maka kecap As-Sunnah (ألسنة)bisa digolongkeun kana 3 rupa nyaéta : Nu kahiji, As-sunnah Al-Qauliyah (ألسنة القولية) nyaéta sunnah Nabi Muhammad saw. Nu bentukna dawuhan langsung ngalangkungan lisan Manten-na. Nu kadua, As-Sunah Al-Fi’liyyah (ألسنة الفعلية) nyaéta sunnah Nabi Muhammad saw. Nu bentukna padamelan, tindak-tanduk Manten-na. Jeung nu katilu, As-Sunah At-Taqririyyah (ألسنة التقررية) nyaéta sakabéh bentuk padamelan para shahabat nu katingal ogé ka kuping ku Manten-na tuluy anjeunna teu maparin koméntar tanda panuju sahingga jadi hiji kapanujuan atawa katetepan manten-na. Kukituna, as-sunnah ogé bisa disebut padamelan, fatwa jeung tradisi atawa kabiasaan para shahabat nu maké istilah bahasa arabmah ‘Atsarush-Shahabat’.
Saterusna harti kecap Al-Jama’ah(ألجماعة). Kecap Al-Jama’ah (ألجماعة) miturut bahasa, ngandung harti hiji perkara nu leuwih ti hiji. Atawa bisa ogé dihartikeun sakumpulan jalma nu mibanda hiji tujuan. Sedengkeun miturut istilah, kecap Al-Jama’ah (ألجماعة)mibanda harti kumpulan jalma loba dina agama Islam atawa ‘Jumhur Al-Muslimin (جمهورالمسلمين). Dumasar kana harti-harti kecap Ahlun(أهل), As-Sunah (ألسنة)jeung Al-Jama’ah (ألجماعة) di luhur, maka makna Ahlussunnah wal Jama’ah (أهل السنة والجماعة) téh nyaéta: ‘golongan mayoritas ummat Islam nu ngajalankeun sistem ajaran ogé nyekel pamadegan boh dina katauhidan ogé fiqihna téh kalayan ngautamakeun dalil Al-Qur’an jeung Al-Hadits tibatan dalil akal. Hal ieu téh nyarandé kana katerangan-katerangan nu kacutat dina sunnah Rasulullah saw. Jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin ra.
Sedengkeun ari makna kalimat Ahlussunah Wal-Jama’ah (أهل السنة والجماعة)ogé bisa samakna jeung kalimat Ahlussunnah wal-Jama’ah wal-Atsar (أهل السنة والجماعة والأثر), Ahlul-Hadits Was-Sunnah (أهل الحديث والسنة) , Ahlussunnah wal-Ashab al-Hadits(أهل السنة والأصحاب الحديث) , Ahlussunnah Wal-Istiqomah(أهل السنة والإستقامة) , jeung Ahlulhaqq was-Sunnah .(أهل الحق والسنة) Hal ieu téh ngagulayun kana katerangan mangpirang-pirang Hadits nu diuningakeun ku para Muhadditsiin (Ulama Ahli Hadits) dina kitab-kitabna, sakumaha nu kacutat dina kitab Faidhul Qadir Juz II, Sunan Abu Daud Juz IV, Sunan At-Tirmidzy Juz V, Sunan Ibnu Majah Juz II, jeung dina kitab Al-Milal wan-Nihal Juz I. Saperti rédaksi Hadits-Hadits Rasulullah saw.:
عَنْ أَنَسٍ رضي الله عنه قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ الله صلى الله عليه وسلم : إِنَّ أُمَّتِيْ لاَ تَجْتَمِعُ عَلىَ ضَلَالَة ٍفَإِذَارَأَيتُْمْ إِخْتِلاَفًا فَعَلَيْكمُْ بِالسَّوَادِ الْأَعْظَمِ
“Ti Anas ra. nyarios, Ngadawuh Rosulullah saw: Saéstuna umat kami hamo sapuk panuju kana lampah sasar, maka nalika aranjeun manggihan ayana béda pamadegan, maka prak tuturkeun ku aranjeun golongan nu mayoritas (loba)”. (Hanca)

Sabtu, 07 November 2009

ROHANGAN IQRA'

32.KIYAMAT PASTI BAKAL DATANGNA
Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I
Edisi Ka-32 Nopember 2009 M./Dzulqo'dah 1430 H.
Allah swt. ngadawuh dina Qur'an Surat Saba' ayat 3):
وَقَالَ الَّذِينَ كَفَرُوا لَا تَأْتِينَا السَّاعَةُ. قُلْ بَلَى وَرَبِّي لَتَأْتِيَنَّكُمْ عَالِمِ الْغَيْبِ لَا يَعْزُبُ عَنْهُ مِثْقَالُ ذَرَّةٍ فِي السَّمَاوَاتِ وَلَا فِي الْأَرْضِ وَلَا أَصْغَرُ مِن ذَلِكَ وَلَا أَكْبَرُ إِلَّا فِي كِتَابٍ مُّبِينٍ
Jeung jalma-jalma kafir nyarita: “moal tumiba ka kaula saréréa kiamat téh”. Pok caritakeun (ku anjeun Muhammad) : “Teu kitu ! Demi Pangéran Kaula nu uninga kana perkara ghoib ! saéstuna kiamat téh bakal tumiba ka arandika”. Henteu aya anu buni tina panalingaan Manten-Na najan sagédé Dzarroh (sagédé atom) (nu aya) di langit ogé (nu aya) di bumi, jeung anu leuwih gédéna ogé, anging kaunggel dina kitab anu tétéla (Lauhil Mahfudz)”.(QS. Saba’ :3).

Ayat di luhur ngauningakeun ngeunaan pasti datangna hiji poé pamungkas, nyaéta poé akhir atawa poé kiyamat. Mun seug dititénan gilir gumentina waktu, ti detik ka menit, ti menit ka jam, ti jam ka poé, ti poé ka minggu, ti minggu ka bulan, ti bulan ka taun. tapi naha urang pernah nanya “rék dibawa kamana diri urang téh ku gilir gumentina waktu ieu?”. naha urang sadar yén aya waktu nu pamungkas, tur moal aya deui poé lamun poé éta geus datang, nyaéta poé kiyamat. Sok padahal dina Al-Qur’an loba ayat nu ngajelaskeun ngeunaan poé akhir (poé kiyamat) pasti bakal datang. Kalimat ‘Al-Yaumil Akhir’, miturut Quraish Shihab aya 24 kali disebut-sebut. Terus kecap Akhirat téh disebut-sebut aya 115 kali, acan deui kecap jeung kalimat nu aya patula-patalina jeung poé pamungkas ieu.
Poé kiyamat téh mangrupakeun rusiah Allah swt. Tong boro urang salaku manusa biasa, sanajan Kanjeng Nabi saw. salaku kakasih Allah swt. ogé teu terang kana iraha lumangsungna kiamat.
Ramalan-ramalan ngeunaan iraha lumangsungna poé kiyamat nu ngahariwangkeun ayeuna, éta téh wawanianan, nyanyahoanan, da Kanjeng Nabi saw. Ogé nalika ditaros ku Malaikat Jibril as. Nalika maparin wahyu ku cara némbongkeun ku bentuk manusa, nu méméhna Jibril as. Naros ngeunaan Iman, Islam sareng Ihsan tuluy anjeunna naros ka Kanjeng Nabi saw.: فَأَخْبِرْنِيْ عَنِ السَّاعَةِ “Fa Akhbirnii ‘Anis-Saa’at” (paparin terang kami ngeunaan (iraha datangna) kiyamat). Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh: مَالْمَسْؤُلُ عَنْهَا بِأَعْلَمَ مِنَ السَّائِل “Mal-Mas’uulu ‘Anhaa Bi A’lama Minas-Saa’il” (jalma nu nanya leuwih nyaho batan nu ditanya). Didieu aya kapertélaan nu kacida jelasna, yén waktu datangna kiyamat téh kacida rusiahna, wungkul Allah swt nu uninga. Sakabéh makhluk boh malaikat ogé para Nabi teu aya nu terang, komo manusa biasa. Ngan nu diuningakeun ku Rasulullah saw. Ka urang sadayana téh wungkul ciri-cirina kiyamat bakal datang wungkul. Tapi ngeunaan waktu-waktuna Rasulullah saw. teu ngauningakeun. Kalebet ogé dina Al-Qur’an mun ukur ngajelaskeun ngeunaan kapastian datangna poé kiyamat téh. tapi ngeunaan waktu teu diuningakeun.
Ogé nalika aya di antara para Shahabat Rasulullah saw. Nu naros: “Matas-Saa’at?” (iraha datangna kiyamata?), Rasulullah saw. Teu ngawaler kana éta pertarosan, tapi malah nalik nanya ka éta shohabat,: “Naon nu geus disiapkeun ku anjeun pikeun mapag lamun datangna kiyamat?” .nguping kana pertarosan Rasulloh saw. shohabat tadi ngeluk tungkul, langsung wawanénana leungit pikeun terus nanya ngeunaan iraha datangna kiyamat, shohabat tadi ngawaler: “Walloohi, Ma ‘A’dadtu Laha Min katsiri ‘Amalii, sholaatin, Wa laa shaumin, illaa Innii uhibbulloooha wa rosulihi” (demi Alloh, (ya Rosululloh !) abdi teu gaduh amal nu loba (pikeun mayunan éta kiyamat), sholat abdi (mun sakieu-kieuna), kitu kénéh puasa abdi (mun sayana), ngan hiji abdi téh cinta ka Allah sareng ka rosulna). Nguping waleran shohabatna kitu, Rosulullah saw. Ngadawuh: “Innaka Ma’a Man Ahbabta” (Saestuna anjeun bakal babarengan jeung nu pikacinta ku anjeun).
Jadi, Rosulullah saw. Teu ngajelaskeun iraha-irahana datangna kiyamat, tapi anjeunna ngabahas ngeunaan perkara nu kudu disiapkeun dina nyanghareupan datangna poé kiyamat. Ku hal sakitu, nu kudu jadi pamadegan urang ayeuna geusan ngaléngkahkeun lalampahan urang sadayana pikeun ngahontal Ridho Allah swt. nyaéta taya kajaba iwal tancebkeun dina haté, kayakinan sareng kaimanan urang sadayana yén kiyamat téh pasti bakal datang. Tapi ulah wani-wani nebak atawa ngaramal kana waktu datangna kiyamat. étamah urusan Allah swt. étamah rusiah Allah swt.
Masalah nebak atawa ngaramal iraha datangna kiyamat lain zaman kiwari wungkul, tibaheula ogé geus aya, saperti nu diuningakeun ku Imam Ath-Tukhi dina kitabna Asbabut-Tanzil nu anjeunna nyutat tina katerangan-katerangan para ahli nujum jeung ahli hisab, anjeunna ngauningakeun yén umur dunya téh 70.000 taun jeung masih nyésa kénéh 63.000 taun deui ti harita.Maka saur Imam An-Nawawy ra. maparin koméntar, yén ieu katerangan téh bathil, ulah dipercaya, sabab masalah waktu datangna atawa lumangsungna kiyamatnah urusan Allah swt. mun seug dilakukeun, tegesna ngaramalkeun atawa nangtukeun kana waktu lumangsungna éta kiyamat, maka kaasup kana pagawéan ngaya-ngaya atawa nebak-nebak atawa ngaramal perkara ghoib perkara rusiah milik Allah swt. tur kaasup perkara nu bathil.
Lamun urang niténan kana katerangan-katerangan boh dina Al-Qur’an pon kitu kénéh dina Hadits maka urang bakal mendakan ngeunaan ciri-ciri atawa tanda-tanda deukeut datangna kiyamatt. Sapertos nu diuningakuen ku Rasulullah saw. Dina lajengan waleranana kana pertarosan Malaikat Jibril as. : “Fa Akhbirnii ‘An Amaaratihaa” (Paparin terang kami ngeunaan ciri-ciri atawa tanda-tanda datangna kiyamatt téh) . Maka Rasulullah saw. Ngadawuh:
Nu kahiji, أََنْ تَلِدَ اْلأَمَةُ رَبَّتَهَأ “An Talidal-Amatu Robbatahaa” (nu kahiji nyaéta nalika budak beulian awéwé ngalahirkeun dununganana). Ieu téh hiji kiasan, da zaman kiwarimah perbudakan téh geus teu aya, tafsiranana Wallohu warosuluhu a’lam bimuroodih, nyeta mun seug geus nerekabna kadorakaan anak ka indung bapana, sahingga indung bapa téh sieun ka nu jadi anak-anakna, antukna indung bapana téh jadi badéga pikeun anak-anakna, lir ibarat budak beulian sieun kanu jadi dunungan. nurut kana sagala kahayangna jeung sajabana. Na’udzu billaahimin dzalik.
Mun seug hal ieu geus lumangsung, maka ieu téh jadi hiji gambaran kaayaan nu kacida rusakna, sabab pabaliutna sagala urusan, tegesna sagala fungsi jeung tugas manusa geus teu napak deui kana fungsi jeung tugas sakumaha mistina. Hartina fungsi jeung tugas kolot geus teu napak deui kana fungsi jeung tugasna salaku kolot. Kitu kénéh anak nu kuduna bisa ngangkat harkat martabat nu jadi kolot malah ti balik jadi ngahancurkeun béh dieuna, ogé nyilakakeun nu jadi kolotna béh dituna.
Tah zaman kiwari, mun seug urang leukeun niténan kana kaayaan, hal ieu téh geus lumangsung tegesna ciri-ciri atawa tanda-tanda éta téh geus aya, sabab geus loba bukti, anak beunghar anak suksés tapi tetep nu jadi kolot ripuh, malah dina nganteur kasuksésan anak-anakna loba kolot nu kaayaan jadi ripuh, jauh tina kasenangan, anggang tina kabagjaan Nu leuwih parahmah loba budak sanggeus dinteurkeun kana lawang kasuksésan kunu jadi kolotna, lain kadua ngabagjakeun kalah ka teu ngaku teu maliré kana kahirupan nu jadi kolotna. sahingga anak nu mangrupakeun ujian ti Allah swt. Ka nu jadi kolotna ngakibatkeun teu lulus kolotna kana ujian éta, pamustunganana lain nyalametkeun kalah ka nyilakakeun. Na’udzu billaahi min dzaalik.
Nu kadua, أَنْ تَرَى الْحُفَاةَ الْعُرَاةَ الْعَالَةَ الرِّعَاءَ الشَّاء يَتَطًاوَلُوْنَ فِى الْبُنْيَانِ “An Tarol-Hufaatal-‘Urootal-‘Aalata Ri’aa’asy-Syaa’i Yatathoowaluuna Fil-Bunyaani” (Lamun seug anjeun ningali jalma-jalma nu teu make sendal/sapatu, teu maké baju, kaayaanana miskin (bari pagawéanana) tukang ngangon domba, (geus) pabalap dina ngadirikeun bangunan nu laluhur (gedong sigrong) (ogé agul kana kadunyaan)”.
Imam An-Nawawy ra. ngajelaskeun dina kitabna Syarah Shohih Muslim yén maksud rédaksi kalimat Hadits ieu téh minangka hiji gambaran kaayaan, yén dimana jalma nu malarat (nu digambarkeun dina haditsmah “jalma nu teu maké sandal/sapatu, teu dibaju, miskin bari pagawéanana ngangon domba), geus dibukakeun ku Allah swt. ngeunaan kadunyaan, sahingga maranéhna bisa ngarasakeun kangeunahan-kangeunahan dunya tur maranéhna bisa ngadegkeun bangunan-bangunan imahna jadi gedong-gedong nu sigrong, nu ngakibatkeun maranéhna jaramuga kana kaayaan, reueus bari agul kana kadunyaan nu dipibandana. Éta pertanda kana deukeutna datang poé kiyamat.
Miturut Imam Daqiq Al-‘Id yén katerangan hadits ieu téh mangrupakeun kamakruhan pikeun ngadegkeun bangunan anu teu dibutuhkeun, komo lamun dina ngadegkeun hiji bangunan téh dijerona aya rasa agul jeung sifatna pabalap kana paloba-loba harta atanapi pa-agul-agul ku kaayaan. Sabab, Rasulullah saw. Ngadawuh: “Satiap anak adam bakal dipaparin ganjaran kana sagala hal nu dipigawéna, kajaba nu geus dibangun di luhur bumi ieu” maksudna dina hal ngadirikeun bangunan). Sabab mun urang niténan kana sajarah, kumaha kaayaan Rasulullah saw., anjeunna pupus tanpa ngawariskeun hiji bangunan imah nu sigrong ka siti fatimah salaku putrina, malihan anjeunna tetep aya dina kafakiran aya dina kamiskinan, tapi sanés hartosna Rasulullah saw. teu butuh kana dunya, tetep anjeunna ogé butuh da anjeunna ogé mibanda sifat ‘Uruudhul Basyariyah’ sifat saperti manusa kaumumana. Ngan anjeunna ngadidik ka umatna sangkan sederhana dina kadunyaan, ulah kokomoan teuing komo bari agul ku sagala nu dipibandamah. sabab agulna ku kaayaan mangrupakeun hiji bentuk geus deukeutna kana jurang lamping kakufuran. Na’udzu billaahi mindzalik. Tur mangrupakeun tanda geus deukeutna datang poé akhir atawa poé kiyamat.
Ieu dua ciri ngeunaan tanda-tanda dekeut datangna waktu kiyamat. Masih seueur keneh tanda-tanda nu diuningakeun ku Rasulullah saw. ngeunaan datangna kiyamat. Ngan nu diuningakeun dina bahasan ieu nyaéta, mun geus rusakna zaman, morosotna akhlak, dimana loba budak nu doraka ka kolotna, sahingga loba kolot jadi badéga anak-anakna, lir ibarat budak beulian nu sieun ka dununganana, ogé dimana tibalikna atawa pabaliutna sagala urusan, sahingga masyarakat nu miskin jadi pamingpin jeung pangawasa bari jeung paagul-agul ku kamewahan harta banda bentukna banguna-bangunan nu diadegkeunana, ogé lumangsungna sagala urusan dibikeun ka nu lain hakna, dibukakeunana lawang kadunyaan ka tiap manusa, sahingga nimbulkeun manusa agul ku harta bandana nu ngakibatkeun loba jalma nu katungkul dunya ogé kaleuleuwihi dina ngagunakeunana jauh tina rasa syukur ka Nu Maha Kawasa. Maka éta kabeh téh kaasup kana geus deukeut datangna kiyamat.
Nu jadi kasimpulan dina uraian ieu, yén nebak atawa ngaramal kana waktu datangna kiyamat téh éta perkara nu teu aya gunana, mun seug aya nu nyebutkeun waktu-waktuna éta kaasup perkara bathil ulah dipercaya teuing, étamah urusan Allah swt. Tugas urangmah ukur nyiapkeun bekel ku ngumpulkeun amal sholéh dina raraga ngahontal ridho Allah swt. weuteuhkeun deui kaimanan urang, kuatkeun deui katauhidan jeung kandelan deui akal urang ku élmu pangaweruh nu matak mawa maslahat khususna keur urang pribadi umumna keur ka balaréa.
Tapi mun seug ciri-ciri atawa tanda-tanda nu diuningakeun ku Rasulullah saw. geus katingali jeung kabukti, maka tingkah urang kudu tatan-tatan nyalametkeun diri urang, keluarga jeung dulur-dulur urang supaya ulah kapangaruhn ku kahirupan nu ngadeudeukeut kana datangna kiyamat. Urang cepeng pamadegan kiyamat pasti bakal datangna, ngan waktu Wallahu A’lam, wungkul Allah swt nu maha uninga. Urang teu kudu pusing mikiran iraha datangna. Tapi nu kudu dilakukeunmah nyaéta sasayagian, tatahar kana ngumpulkeun amal sholéh geusan pikeun bekel dina mapag datangna kiyamat.
Mudah-mudahan urang salamina aya dina limpudan Rohmat sareng Ridho Allah swt. Amin Ya Robbal Alamin.
Wallohu A’lam..