Sabtu, 07 November 2009

ROHANGAN IQRA'

32.KIYAMAT PASTI BAKAL DATANGNA
Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I
Edisi Ka-32 Nopember 2009 M./Dzulqo'dah 1430 H.
Allah swt. ngadawuh dina Qur'an Surat Saba' ayat 3):
وَقَالَ الَّذِينَ كَفَرُوا لَا تَأْتِينَا السَّاعَةُ. قُلْ بَلَى وَرَبِّي لَتَأْتِيَنَّكُمْ عَالِمِ الْغَيْبِ لَا يَعْزُبُ عَنْهُ مِثْقَالُ ذَرَّةٍ فِي السَّمَاوَاتِ وَلَا فِي الْأَرْضِ وَلَا أَصْغَرُ مِن ذَلِكَ وَلَا أَكْبَرُ إِلَّا فِي كِتَابٍ مُّبِينٍ
Jeung jalma-jalma kafir nyarita: “moal tumiba ka kaula saréréa kiamat téh”. Pok caritakeun (ku anjeun Muhammad) : “Teu kitu ! Demi Pangéran Kaula nu uninga kana perkara ghoib ! saéstuna kiamat téh bakal tumiba ka arandika”. Henteu aya anu buni tina panalingaan Manten-Na najan sagédé Dzarroh (sagédé atom) (nu aya) di langit ogé (nu aya) di bumi, jeung anu leuwih gédéna ogé, anging kaunggel dina kitab anu tétéla (Lauhil Mahfudz)”.(QS. Saba’ :3).

Ayat di luhur ngauningakeun ngeunaan pasti datangna hiji poé pamungkas, nyaéta poé akhir atawa poé kiyamat. Mun seug dititénan gilir gumentina waktu, ti detik ka menit, ti menit ka jam, ti jam ka poé, ti poé ka minggu, ti minggu ka bulan, ti bulan ka taun. tapi naha urang pernah nanya “rék dibawa kamana diri urang téh ku gilir gumentina waktu ieu?”. naha urang sadar yén aya waktu nu pamungkas, tur moal aya deui poé lamun poé éta geus datang, nyaéta poé kiyamat. Sok padahal dina Al-Qur’an loba ayat nu ngajelaskeun ngeunaan poé akhir (poé kiyamat) pasti bakal datang. Kalimat ‘Al-Yaumil Akhir’, miturut Quraish Shihab aya 24 kali disebut-sebut. Terus kecap Akhirat téh disebut-sebut aya 115 kali, acan deui kecap jeung kalimat nu aya patula-patalina jeung poé pamungkas ieu.
Poé kiyamat téh mangrupakeun rusiah Allah swt. Tong boro urang salaku manusa biasa, sanajan Kanjeng Nabi saw. salaku kakasih Allah swt. ogé teu terang kana iraha lumangsungna kiamat.
Ramalan-ramalan ngeunaan iraha lumangsungna poé kiyamat nu ngahariwangkeun ayeuna, éta téh wawanianan, nyanyahoanan, da Kanjeng Nabi saw. Ogé nalika ditaros ku Malaikat Jibril as. Nalika maparin wahyu ku cara némbongkeun ku bentuk manusa, nu méméhna Jibril as. Naros ngeunaan Iman, Islam sareng Ihsan tuluy anjeunna naros ka Kanjeng Nabi saw.: فَأَخْبِرْنِيْ عَنِ السَّاعَةِ “Fa Akhbirnii ‘Anis-Saa’at” (paparin terang kami ngeunaan (iraha datangna) kiyamat). Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh: مَالْمَسْؤُلُ عَنْهَا بِأَعْلَمَ مِنَ السَّائِل “Mal-Mas’uulu ‘Anhaa Bi A’lama Minas-Saa’il” (jalma nu nanya leuwih nyaho batan nu ditanya). Didieu aya kapertélaan nu kacida jelasna, yén waktu datangna kiyamat téh kacida rusiahna, wungkul Allah swt nu uninga. Sakabéh makhluk boh malaikat ogé para Nabi teu aya nu terang, komo manusa biasa. Ngan nu diuningakeun ku Rasulullah saw. Ka urang sadayana téh wungkul ciri-cirina kiyamat bakal datang wungkul. Tapi ngeunaan waktu-waktuna Rasulullah saw. teu ngauningakeun. Kalebet ogé dina Al-Qur’an mun ukur ngajelaskeun ngeunaan kapastian datangna poé kiyamat téh. tapi ngeunaan waktu teu diuningakeun.
Ogé nalika aya di antara para Shahabat Rasulullah saw. Nu naros: “Matas-Saa’at?” (iraha datangna kiyamata?), Rasulullah saw. Teu ngawaler kana éta pertarosan, tapi malah nalik nanya ka éta shohabat,: “Naon nu geus disiapkeun ku anjeun pikeun mapag lamun datangna kiyamat?” .nguping kana pertarosan Rasulloh saw. shohabat tadi ngeluk tungkul, langsung wawanénana leungit pikeun terus nanya ngeunaan iraha datangna kiyamat, shohabat tadi ngawaler: “Walloohi, Ma ‘A’dadtu Laha Min katsiri ‘Amalii, sholaatin, Wa laa shaumin, illaa Innii uhibbulloooha wa rosulihi” (demi Alloh, (ya Rosululloh !) abdi teu gaduh amal nu loba (pikeun mayunan éta kiyamat), sholat abdi (mun sakieu-kieuna), kitu kénéh puasa abdi (mun sayana), ngan hiji abdi téh cinta ka Allah sareng ka rosulna). Nguping waleran shohabatna kitu, Rosulullah saw. Ngadawuh: “Innaka Ma’a Man Ahbabta” (Saestuna anjeun bakal babarengan jeung nu pikacinta ku anjeun).
Jadi, Rosulullah saw. Teu ngajelaskeun iraha-irahana datangna kiyamat, tapi anjeunna ngabahas ngeunaan perkara nu kudu disiapkeun dina nyanghareupan datangna poé kiyamat. Ku hal sakitu, nu kudu jadi pamadegan urang ayeuna geusan ngaléngkahkeun lalampahan urang sadayana pikeun ngahontal Ridho Allah swt. nyaéta taya kajaba iwal tancebkeun dina haté, kayakinan sareng kaimanan urang sadayana yén kiyamat téh pasti bakal datang. Tapi ulah wani-wani nebak atawa ngaramal kana waktu datangna kiyamat. étamah urusan Allah swt. étamah rusiah Allah swt.
Masalah nebak atawa ngaramal iraha datangna kiyamat lain zaman kiwari wungkul, tibaheula ogé geus aya, saperti nu diuningakeun ku Imam Ath-Tukhi dina kitabna Asbabut-Tanzil nu anjeunna nyutat tina katerangan-katerangan para ahli nujum jeung ahli hisab, anjeunna ngauningakeun yén umur dunya téh 70.000 taun jeung masih nyésa kénéh 63.000 taun deui ti harita.Maka saur Imam An-Nawawy ra. maparin koméntar, yén ieu katerangan téh bathil, ulah dipercaya, sabab masalah waktu datangna atawa lumangsungna kiyamatnah urusan Allah swt. mun seug dilakukeun, tegesna ngaramalkeun atawa nangtukeun kana waktu lumangsungna éta kiyamat, maka kaasup kana pagawéan ngaya-ngaya atawa nebak-nebak atawa ngaramal perkara ghoib perkara rusiah milik Allah swt. tur kaasup perkara nu bathil.
Lamun urang niténan kana katerangan-katerangan boh dina Al-Qur’an pon kitu kénéh dina Hadits maka urang bakal mendakan ngeunaan ciri-ciri atawa tanda-tanda deukeut datangna kiyamatt. Sapertos nu diuningakuen ku Rasulullah saw. Dina lajengan waleranana kana pertarosan Malaikat Jibril as. : “Fa Akhbirnii ‘An Amaaratihaa” (Paparin terang kami ngeunaan ciri-ciri atawa tanda-tanda datangna kiyamatt téh) . Maka Rasulullah saw. Ngadawuh:
Nu kahiji, أََنْ تَلِدَ اْلأَمَةُ رَبَّتَهَأ “An Talidal-Amatu Robbatahaa” (nu kahiji nyaéta nalika budak beulian awéwé ngalahirkeun dununganana). Ieu téh hiji kiasan, da zaman kiwarimah perbudakan téh geus teu aya, tafsiranana Wallohu warosuluhu a’lam bimuroodih, nyeta mun seug geus nerekabna kadorakaan anak ka indung bapana, sahingga indung bapa téh sieun ka nu jadi anak-anakna, antukna indung bapana téh jadi badéga pikeun anak-anakna, lir ibarat budak beulian sieun kanu jadi dunungan. nurut kana sagala kahayangna jeung sajabana. Na’udzu billaahimin dzalik.
Mun seug hal ieu geus lumangsung, maka ieu téh jadi hiji gambaran kaayaan nu kacida rusakna, sabab pabaliutna sagala urusan, tegesna sagala fungsi jeung tugas manusa geus teu napak deui kana fungsi jeung tugas sakumaha mistina. Hartina fungsi jeung tugas kolot geus teu napak deui kana fungsi jeung tugasna salaku kolot. Kitu kénéh anak nu kuduna bisa ngangkat harkat martabat nu jadi kolot malah ti balik jadi ngahancurkeun béh dieuna, ogé nyilakakeun nu jadi kolotna béh dituna.
Tah zaman kiwari, mun seug urang leukeun niténan kana kaayaan, hal ieu téh geus lumangsung tegesna ciri-ciri atawa tanda-tanda éta téh geus aya, sabab geus loba bukti, anak beunghar anak suksés tapi tetep nu jadi kolot ripuh, malah dina nganteur kasuksésan anak-anakna loba kolot nu kaayaan jadi ripuh, jauh tina kasenangan, anggang tina kabagjaan Nu leuwih parahmah loba budak sanggeus dinteurkeun kana lawang kasuksésan kunu jadi kolotna, lain kadua ngabagjakeun kalah ka teu ngaku teu maliré kana kahirupan nu jadi kolotna. sahingga anak nu mangrupakeun ujian ti Allah swt. Ka nu jadi kolotna ngakibatkeun teu lulus kolotna kana ujian éta, pamustunganana lain nyalametkeun kalah ka nyilakakeun. Na’udzu billaahi min dzaalik.
Nu kadua, أَنْ تَرَى الْحُفَاةَ الْعُرَاةَ الْعَالَةَ الرِّعَاءَ الشَّاء يَتَطًاوَلُوْنَ فِى الْبُنْيَانِ “An Tarol-Hufaatal-‘Urootal-‘Aalata Ri’aa’asy-Syaa’i Yatathoowaluuna Fil-Bunyaani” (Lamun seug anjeun ningali jalma-jalma nu teu make sendal/sapatu, teu maké baju, kaayaanana miskin (bari pagawéanana) tukang ngangon domba, (geus) pabalap dina ngadirikeun bangunan nu laluhur (gedong sigrong) (ogé agul kana kadunyaan)”.
Imam An-Nawawy ra. ngajelaskeun dina kitabna Syarah Shohih Muslim yén maksud rédaksi kalimat Hadits ieu téh minangka hiji gambaran kaayaan, yén dimana jalma nu malarat (nu digambarkeun dina haditsmah “jalma nu teu maké sandal/sapatu, teu dibaju, miskin bari pagawéanana ngangon domba), geus dibukakeun ku Allah swt. ngeunaan kadunyaan, sahingga maranéhna bisa ngarasakeun kangeunahan-kangeunahan dunya tur maranéhna bisa ngadegkeun bangunan-bangunan imahna jadi gedong-gedong nu sigrong, nu ngakibatkeun maranéhna jaramuga kana kaayaan, reueus bari agul kana kadunyaan nu dipibandana. Éta pertanda kana deukeutna datang poé kiyamat.
Miturut Imam Daqiq Al-‘Id yén katerangan hadits ieu téh mangrupakeun kamakruhan pikeun ngadegkeun bangunan anu teu dibutuhkeun, komo lamun dina ngadegkeun hiji bangunan téh dijerona aya rasa agul jeung sifatna pabalap kana paloba-loba harta atanapi pa-agul-agul ku kaayaan. Sabab, Rasulullah saw. Ngadawuh: “Satiap anak adam bakal dipaparin ganjaran kana sagala hal nu dipigawéna, kajaba nu geus dibangun di luhur bumi ieu” maksudna dina hal ngadirikeun bangunan). Sabab mun urang niténan kana sajarah, kumaha kaayaan Rasulullah saw., anjeunna pupus tanpa ngawariskeun hiji bangunan imah nu sigrong ka siti fatimah salaku putrina, malihan anjeunna tetep aya dina kafakiran aya dina kamiskinan, tapi sanés hartosna Rasulullah saw. teu butuh kana dunya, tetep anjeunna ogé butuh da anjeunna ogé mibanda sifat ‘Uruudhul Basyariyah’ sifat saperti manusa kaumumana. Ngan anjeunna ngadidik ka umatna sangkan sederhana dina kadunyaan, ulah kokomoan teuing komo bari agul ku sagala nu dipibandamah. sabab agulna ku kaayaan mangrupakeun hiji bentuk geus deukeutna kana jurang lamping kakufuran. Na’udzu billaahi mindzalik. Tur mangrupakeun tanda geus deukeutna datang poé akhir atawa poé kiyamat.
Ieu dua ciri ngeunaan tanda-tanda dekeut datangna waktu kiyamat. Masih seueur keneh tanda-tanda nu diuningakeun ku Rasulullah saw. ngeunaan datangna kiyamat. Ngan nu diuningakeun dina bahasan ieu nyaéta, mun geus rusakna zaman, morosotna akhlak, dimana loba budak nu doraka ka kolotna, sahingga loba kolot jadi badéga anak-anakna, lir ibarat budak beulian nu sieun ka dununganana, ogé dimana tibalikna atawa pabaliutna sagala urusan, sahingga masyarakat nu miskin jadi pamingpin jeung pangawasa bari jeung paagul-agul ku kamewahan harta banda bentukna banguna-bangunan nu diadegkeunana, ogé lumangsungna sagala urusan dibikeun ka nu lain hakna, dibukakeunana lawang kadunyaan ka tiap manusa, sahingga nimbulkeun manusa agul ku harta bandana nu ngakibatkeun loba jalma nu katungkul dunya ogé kaleuleuwihi dina ngagunakeunana jauh tina rasa syukur ka Nu Maha Kawasa. Maka éta kabeh téh kaasup kana geus deukeut datangna kiyamat.
Nu jadi kasimpulan dina uraian ieu, yén nebak atawa ngaramal kana waktu datangna kiyamat téh éta perkara nu teu aya gunana, mun seug aya nu nyebutkeun waktu-waktuna éta kaasup perkara bathil ulah dipercaya teuing, étamah urusan Allah swt. Tugas urangmah ukur nyiapkeun bekel ku ngumpulkeun amal sholéh dina raraga ngahontal ridho Allah swt. weuteuhkeun deui kaimanan urang, kuatkeun deui katauhidan jeung kandelan deui akal urang ku élmu pangaweruh nu matak mawa maslahat khususna keur urang pribadi umumna keur ka balaréa.
Tapi mun seug ciri-ciri atawa tanda-tanda nu diuningakeun ku Rasulullah saw. geus katingali jeung kabukti, maka tingkah urang kudu tatan-tatan nyalametkeun diri urang, keluarga jeung dulur-dulur urang supaya ulah kapangaruhn ku kahirupan nu ngadeudeukeut kana datangna kiyamat. Urang cepeng pamadegan kiyamat pasti bakal datangna, ngan waktu Wallahu A’lam, wungkul Allah swt nu maha uninga. Urang teu kudu pusing mikiran iraha datangna. Tapi nu kudu dilakukeunmah nyaéta sasayagian, tatahar kana ngumpulkeun amal sholéh geusan pikeun bekel dina mapag datangna kiyamat.
Mudah-mudahan urang salamina aya dina limpudan Rohmat sareng Ridho Allah swt. Amin Ya Robbal Alamin.
Wallohu A’lam..

Tidak ada komentar: