Senin, 13 Juni 2011

“Maha Suci (Alloh) anu geus ngiangkeun abdi-Na dina hiji peuting ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqsha, anu Sakurilingeunana ku Kami diberkahan, pikeun Kami nembongkeun ka manehna ti antara ayat-ayat Kami. Saestuna Anjeun-Na Nu Maha Ngadangu, tur Nu Maha Uninga”. (Al-Isra, 17: 1)

“Pamohalan pisan siah !…ku numpak onta bae merelukeun lalampahan sabulan pikeun ngajugjug ka Baetul muqoddas teh, nya kitu deui mulangna geus dumuk sarua merelukeun waktu sabulan deui. Ari anjeun Muhammad ukur ku waktu sapeuting, alah ngabohong teh meni kaleuleuwihi anjeun mah Muhammad !... demi Lata jeung ‘Uzza kami henteu percaya .. henteu siah !..kami mah henteu percaya, bohong anjeun Muhammad !”.
Kitu diantarana pok-pokkannana urang Quraesy nalika nampa warta ngeunaan isro’ jeung mi’rojna Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. ieu caritaan teh kedalna ti salah saurang gegeden Quraisy nyaeta Muth’ah bin Adi.

Tur ieu kajadian teh lumangsung nalika Kanjeng Nabi rengse ngalaksanakeun shalat Shubuh nu peutingna anjeunna tos diangkir ku Alloh pikeun ngadeuheus ka Manten-Na nu satuluyna nampa hiji parentah nyaeta parentah sholat lima waktu dina waktu sapoe sapeuting, nya nu katelah mah eta lalampahan teh isro’ jeung mi’roj tea.

Nyaeta hiji lalampahan nu hamo kahontal ku akal, sabab lalampahan ka Baetul Muqoddas nu merelukeun waktu sabulan pikeun ngajugjugna jeung sabulan pikeun mulangna teh, cukup ku lalampahan sapeuting. Ku kituna wajar kajadian ieu teh ngondang kacangcayaan jeung ka teu percayaan ti warga nu aya disabudeureun kota Mekkah, khususna kaum Quraesy.

Nu memang Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. oge harita ngaraos bingung teu manggih tungtung, susah manah teuaya sudana, sanaos kayakinan mah tetep teguh pengkuh yen tadi peuting anjeunna tos ngadeuheus ka Robbul ‘Aalamin. Demi nu ngajantenkeun kabingung anjeunna teh teu aya sanes, nyaeta kumaha carana pikeun nepikeun ieu warta ka urang mekkah umumna oge kaum Quraisy pada khususna dina mangsa harita, nu memang geus sakuduna ditepikeun, sabab ieu hal teh kaasup warta nu eusina parentah ti Alloh s.w.t. bari anjeunna tos ngajudi yen pasti bakal loba jalma nu teu percaya kana ieu beja. Keur anteng mikiran kumaha carana pikeun nepikeun ieu beja, torojol teh Abu Jahal nu kabeneran ngaliwat, nu langsung nyampeurkeun ngadeukeutan ka Rosululloh s.a.w. bari tuluy nyarita bari rada sinis:

“Kumaha kabar anjeun yeuh Muhammad anak Abdullah…? Naha aya beja nu anyar tur penting nu datang ti pangeran anjeun, nu ku anjeun ayeuna katarima”

Ditaros kitu Rosulullah s.a.w. ngawaler: “Alhamdulillah …puji syukur wungkul pikeun Alloh Dzat Pangeran nu kami aya dina Kakawasaanna-Na, Aeh geuningan Mamang, sumuhun Mang ! aya”. Bari rengkuh sopan, da tetep najan dikumaha-kumaha oge Abu Jahal nu sakitu ceuceub ka anjeunna teh masih pamanna ku anjeun,

“Beja Naon nya ?” Ceuk Abu Jahal Panasaran.

“Eta mang ! wengi tadi pisan … abdi tos ngayakeun lalampahan “..

“Lalampahan ka mana ?“ Tanya abu Jahal deui

“Ka Baitul Maqdis” Waler Kanjeng Nabi s.a.w. pondok.

“Tuluy rebun-rebun keneh ayeuna, anjeun geus aya deui didieu” Ceuk Abu Jahal

“Leres” Waler Kanjeng Nabi s.a.w.

Nguping sasauran Rosulululloh s.a.w. kitu, Abu Jahal seuri ngagakgak bangun nu ngeunah bari nembongkeun rasa kangewana ka Kanjeng Nabi s.a.w. sanajan Rosululloh s.a.w. alona pituin, seurina Abu Jahal teh sabab ku ka teu percayaanana kana naon nu disaurkeun ku Kanjeng Nabi s.a.w. tuluy Abu Jahal nyarita deui:

“Naha anjeun wani yeuh Muhammad anak Abdullah ! pikeun nyaritakeun eta beja ka warga mekkah ?

“Ih Mangga wantun pisan !… sareng kaleresan atuh, abdi teh nuju bingung kumaha
carana ngadugikeun ieu wartos, tah kaleresan Mamang nawisan kitu nya bingah nu aya, da memang tos sakedahna ieu wartos teh didugikeun” Waler Rosululloh s.a.w. katingal paromanna semu nu bingah, sabab nuju bingung kumaha carana ngumpulkeun urang Mekkah, kari-kari Abu Jahal nawarkeun jasa, nya asa mobok manggih gorowong, manggih cukang komo mun meuntas.

“Tah mun seug anjeun wani ke ku kami bakal dikumpulkeun didieu”. Jawab Abu Jahal.
Geus kitu mah teu loba cacarita deui, Abu Jahal langsung ngumpulkeun warga Mekkah di Masjidil Haram.

Atuh henteu merelukeun waktu nu lila, kacaritakeun warga nu aya disabudeureun kota Mekkah geus kumpul di Masjidil Harom pikeun nampa beja nu bakal dicarioskeun ku Rosululloh s.a.w. ngeunaan beja nu katampa dina peuting tadi. Barang geus kumpul kitu, derekdek Kanjeng Nabi s.a.w. ngadugikeun eta beja kalayan atra teu aya nu di sumput-sumput, naon nu katingali, nu karasa oge nu kaalaman dina waktu peuting tadi nalika anjeunna ngalaksanakeun lalampahan isro’ sareng mi’roj. Ti kawit anjeunna disumpingan ku Malaikat Jibril a.s. kalayan nyandak Buroq nu bakal jadi

tutumpakan Rosululloh s.a.w. dina lalampahan peuting harita, ti Mekkah ka Masjidil Aqsha nu satuluyna anjeunna ngadeueheus ka Alloh.
Dina lalampahan eta anjeunna liren di tilu tempat pikeun reureuh. bari diparentah ku Malaikat Jibril tiap liren di tilu tempat eta teh kudu sholat dua roka’at. Anapon tempat nu kahiji nyaeta di Thaibah atanapi Yatsrib. Teras tempat nu kadua anjeunna liren di Gunung Sina, tempat Nabi Musa Munajat ka Alloh s.w.t. jeung nu terakhir di Baitul Lahmi, nyaeta tempat dimana Nabi Isa dibabarkeun.
Barang tos dugi ka Masjidil Aqsha dicarioskeun yen anjeunna tos diantos ku para Nabi-nabi nu tipayun samemeh anjeunna, nu harita mapag pinuh ku pangbagea, langsung anjeunna netepan berjama’ah kalayan anjeunna langsung nu janten Imam sedengkeun Ma’mumna para nabi-nabi nu tipayun. Rengse netepan lajeng anjeunna naek ka langit kahiji, kalayan ditungtun ku Malaikat Jibril naek kana hiji taraje nu kacida alusna, estu endah nu hamo aya tandingna. Barang geus nepi ka panto Gerbang Langit ka hiji anjeunna dipapag ku 1200 malaikat nu satuluyna ngawal anjeunna dina eta lalampahan, didieu anjeunna tepang sareng Nabi Isma’il a.s.

Salajengna Kanjeng Nabi s.a.w. ngajelaskeun yen anjeunna tepang sareng Kanjeng Nabi Adam a.s. nu harita nuju mayunan jiwa-jiwa umat manusa nu keur digiring kalayan ngabaris, didieu Rosululloh s.a.w. ningali jalma-jalma nu keur dihukum nu luyu reujeung lampah dosana, aya nu nelegan seuneu nu ngabebela nepi ka sungutna tutung kabeuleum tuluy ancur, ieu teh hukuman pikeun jalma-jalma nu nyalahgunakeun harta banda budak yatim. Teras anjeunna ningali jalma nu beuteung jeung awakna barareuh bari tuluy diserang ku buaya-buaya, ieu hukuman pikeun jalma-jalma nu resep ngarentenkeun. Jeung rea- rea deui kajadian nu kasaksen ku kanjeng Nabi s.a.w. nu eta kabeh teh minangka I’tibar pikeun jalma nu masih hirup kumelendang di alam dunya ti harita tug dugi ka runtagna ieu alam dunya.

Tos rengse ngabeberkeun pangalamanana lajeng Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. mungkas Dadawuhna.

“Tah kitu yeuh Umat kami, dulur-dulur kami kabeh !.. yen demi Alloh nu nyawa kami aya dina kakawasaanna-Na, yen peuting tadi kami teh bener-bener geus diiangkeun ku Alloh pikeun ngalakukeun lalampahan ka Baetul Muqoddas, tuluy kami naik ka langit kahiji nepi ka langit ka tujuh kalayan numpak hiji kandaraan nu lumpatna tarik lir ibarat kilat, kalayan dibaturan ku Malaikat Alloh nyaeta Malaikat Jibril. Nu satuluyna kami ngadeuheus ka Alloh Robbul ‘Aalamin, nya ku nampa hiji parentah ibadah nyaeta sholat lima waktu dina sapoe sapeuting. ”.

Ti saprak harita, kaayaan nagri Makkah geunjleung, aya dua kubu, kubu nu hiji maranehna teu percaya kana naon nu disaurkeun ku Rosululloh s.a.w.. kubu nu kadua, maranehna percaya. Nepi ka antukna kajadian ieu teh jadi alat keur kaum musyrikin pikeun mangaruhan jalma-jalma nu geus ariman mangsa harita. Nya aya diantarana nu ariman oge jadi murtad, sabab kapangaruhan.

Nalika ieu kajadian wartosna dugi ka Abu Bakar. da aya diantara gegeden kaum Musyrikin nu ngahaja nyumpingan Abu Bakar, bari niatna mah seja mangaruhan Abu
Bakar supaya milu mikangewa ka Rosululloh s.a.w.,

“Yeuh Abu Bakar ! naha anjeun geus narima beja ti batur anjeun Muhammad ?” Ceuk eta gegeden Musyrikin naros ka Abu Bakar.

“Beja naon nya ?” Waler Abu Bakar

“Yen batur anjeun Muhammad ngabejakeun ka kami manehna teh geus ngalakukeun hiji lalampahan nu teu asup akal, nyaeta indit ti Mekkah ka Baitul Muqoddas terus ka langit dina waktu sapeuting” Ceuk eta gegeden Musyrikin ngajelaskeun.

Nguping kitu Abu Bakar langsung naros deui ka eta gegeden Musyrikin:

“Naha bener ieu beja teh langsung disaurkeun ku anjeunna”

“Bener..pisan Abu Bakar. henteu nginjeum ceuli kami ngadenge langsung” Jawab eta gegeden.

“Mun bener anjeunna nyarios kitu, maka kami percaya pisan yen eta beja bener ayana” Waler Abu Bakar tandes.

Ku hal eta pisan Abu Bakar kenging Gelar Ash-Shidiq, jalmi nu ngalereskeun nalika kaayaan jalma harita loba nu teu percaya kana sasauran Rosululloh s.a.w.
Ieu ringkesan carita rundayan kisah ngeunaan isra’ sareng mi’roj teh tos sering diguar ku para kiyai di pasantren, ku guru agama di sakola, ku para khotib nalika keur khutbah, oge ku para mubalegh dipodium nalika acara pangaosan sareng sajabina.
Tah ayeuna kantun taros ka diri urang masing-masing, etang-etang muhasabah atanapi ngevaluasi diri, naha oleh-oleh isro’ mi’roj teh tos leres-leres ku urang dilaksnakeun naha teu acan ? naha tos karaos amisna ibadah sholat urang teh, naha teu acan ?. naha tos leres-leres ngajaga sapuratina kana waktos-waktosna ? naha tos napak dina kahirupan hasil tina ngalaksanakeun ibadah sholat teh, naha teu acan ? mangga waler ku manah masing-masing.

Sabab dina emprona ngeunaan nampa carita isro’ sareng mi’roj teh, boh jaman kapungkur nu langsung didugikeun ku Rosululloh s.a.w. oge zaman kiwari sanaos ku ngalangkungan lisan para Ulama, para kiyai, ustadz sareng ajengan atanapi ngalangkungan buku-buku oge kitab-kitab, tetep jalmi mah dibagi dua golongan dina nampina.

Golongan kahiji, nyaeta golongan nu tetep nolak kana ieu kajadian.
Golongan kadua, nyaeta golongan nu nampi kalayan pinuh ku kaimananan bari ngajalankeun sapuratina kana oleh-oleh ieu lalampahan Rosulululloh s.a.w.

Tah malihan tiasa oge ditambihan zaman kiwari mah eta dua golongan teh ku golongan nu katilu, nyaeta golongan nu ngalakonan-ngalakonana mah kana oleh-oleh isra’ sareng Mi’roj teh, tapi masih keneh lalawora dina ngalakonana.
Atanapi aya golongan nu ka opat, nyaeta golongan nu nampi-nampina mah kana ieu kajadian, percaya-percayana mah kana ieu carita, ngan hanjakal teu acan daek keneh kana ngalakonan eta oleh-oleh Isro’ Mi’roj teh.

Tah asup ka golongan nu mana urang teh ?

Tapi parandene kitu, urang tetep ngadu’a ka Alloh mugia urang sadayana, para putra-putu, garwa oge rundayan turunan urang. Mugia salamina, masing tiasa ngajaga, ngariksa kana ngalaksanakeun ibadah sholat sareng waktu-waktuna. Anu mangrupakeun oleh-oleh sasih Rojab ieu. Amin.

Wallohu A’lam Bish-Showaab