Rabu, 30 November 2011

Mugia Janten Lenyepaneun 13

Ku:  Wangsa Urang Subang Pituin pada 16 Agustus 2011 jam 8:29

Alloh ngadawuh dina Hadits Qudsy:

Kullu ‘Izzin Laisa Billaahi Fahuwa Dzullun

“Saban-saban kamulyaan nu henteu aya ridho Allah, maka hakekatna hal eta teh hina” (Al-Hadits)

Kamulyaan teh, diantarana bae ku bogana kalungguhan atawa naekna jabatan, kaasup oge jadi wawakil rahayat, atawa bogana kahormatan di tengah-tengah masyarakat, kahontalna kasuksesan dina usaha, kamasyhuran, jeung sajabana ti eta. Tapi mun seug kamulyaan eta kabeh euweuh ridho ti Alloh, maka ajenna lain mulya mungguh Manten-Na, tapi sabalikna kacida  hinana. Tegesna, sanajan miturut anggapan sasama mah mulya tapi mungguhing Allah mah kacida hinana.

Maksud henteu dipikaridho ku Allah didieu, nyaeta dina cara ngahontal eta kamulyaan teh henteu luyu reujeung kahoyong Allah,henteu luyu reujeung aturan Manten-Na. Tegesna, dina ngahontalna sagala cara dipake, teu tolih halal jeung haram, teu tolih hak atawa batal, nu penting mah kahontal cita-cita, nu penting mah katedunan pamaksudan. Tah nu kieu, nu disebut meunang kamulyaan tapi henteu aya ridho ti Allah teh.

Kitu keneh, nalika eta kamulyaan dilalalworakeun atawa henteu amanah dina nyepengna, tegesna  henteu sukur kana eta kamulyaan nu dipaparin ku Allah. Misalna, dipaparin jabatan kalah ka dipake milampah kadzoliman, dipaparin kalungguhan kalah ka dijadikeun hiji alat pikeun nganteur kahayang nafsu pribadina, nepi ka loba jalma nu sangsara katalangsara ku akibat laku lampahna, nya kaasup oge jadi  wawakil rahayat nu teu amanah dina ngemban amanah rahayat, lain kamaslahatan nu dipelak tapi sabalikna kamafsadatan nu dipupuk digemuk.

Loba jangji henteu bukti, loba catur tanpa bukur, loba nganyenyeri batan nembongkeun bakti, mun nyarita loba nga-"atasnamakeun" rahayat, tapi dibalik tujuannana teh, rahayat ukur dijadikeun tameng pikeun nganteurkeun kahayangna jahatna wungkul, sok padahal mun seug ditanya ka maranehna rahayat nu mana nu ku manehna geus dibarela, nu puguh mah loba keneh rahayat nu keuna ku kasangsaraan, loba keneh rahayat nu nu kalaparan, caritana aya program ngurangan angka kamiskinan, tapi lain kurang kamiskinan teh ieu mah kalah ka nambahan, kaasup nu nyekel programna, atawa para pajabat nu dipercaya pikeun ngalaksanakeun programna kaasup jalma miskin, da geuningan dana nu kuduna diancokeun pikeun laksananana eta program, ieu mah kalah kalolobaannana henteu nepi, nyangkol teuing dimana. Tah  kamulyaan nu samodel ieu nu kaasup kamulyaan nu teu aya ridho ti Allah. Tegesna, bisa disebut  mulya mungguh manusa, tapi hina mungguhing Allah.

Komo deui mun seug meunangna kamulyaan ku jalan henteu wajar, kayaning meunang maksa mirusa nu puguh mah eta hak batur, tapi direbut ku jalan nandasa atawa ngadzolim, atawa ngahontalna eta kamulyaan teh ku jalan meunang nyogok jeung sajabana ti eta, ieu ha loge kaasup kamulyaan nu mungguhing Allah hina.

Kamulyaan-kamulyaan samodel kitu teh kaasup kamulyaan nu palsu, kamulyaan nu semu bari nipu. Nu hasilna lain kabagjaan tapi kamadharatan. Malah nu matak jadi hariwang mah kamulyaan eta bisa nganteur ka diri jalma nu mibandana tumuwuhna sifat kasombongan, sifat katakaburan, asa aing, adigung kumalungkung. Mun seug geus kitu, maka manjing kana Dawuhan Allah dina Hadits Qudsi:

Al’Izzu Izaarii Wal-Kibriaaii Rida’ii, Faman Naaza’anii Minhumaa syaian ‘Adzabtahu

“Kagagahan jeung kamulyaan eta ibarat baju Kami, kasombongan eta ibarat salendang Kami, maka sing saha jalmana nu nyaruaan saeutik oge ka Kami, maka ku Kami bakal disiksa”. (H.R. Imam Muslim & Imam Sumawaih ti Abu Sa’id R.A. & Riwayat Imam Thabrani ti Sayyidina Ali R.A.)

Kecap “Al-Izz”  dina Hadits Qudsy di luhur asal ma’nana nyaeta ”kamulyaan”, lawan tina kecap “Dzullun” nu hartina “kahinaan”. Ngan nu dimaksud kamulyaan didieu, nyaeta hasil kakuatan nu hamo bisa kalindih ku kakuatan naon bae. Tegesna, taya tandingna. Ku hal kitu, maka kecap “Al-Izzu” dihartikeun kamulyaan, atawa kaprakosaan, kagagahan, jeung kakuatan nu taya tandingna.

Sifat “‘Izzah”  kacutat dina sababaraha ayat dina Al-Qur’an, sakumaha dina Dawuhan Allah dina Qur’an Surat An-Nisa ayat 139:

Fainnal-‘Izzata Lillaahi Jamii’an

“Maka saestuna sakabeh kamulyaan eta mutlaq milik Allah”

Oge kaunggel dina Dawuhan Allah Qur’an Surat Fathir ayat 10:

Man Kaana Yuriidul-‘Izzata Falillaahil-‘Izzatu Jamii’an……”

“Sing saha jalmana nu miharep kamulyaan, nya kagungan Allah sakabeh kamulyaan….”

Mulang deui kana guaran eusining Hadits di luhur, diuningakeun ayana dua sifat khusus nu kacida ebrehna, nu wungkul Allah nu gaduhna. Sedengkeun makhluk kaasup manusa henteu aya hak pikeun mibogana. Dua sifat eta nyaeta, sifat ‘Izzah (kamulyaan atawa kagagahan) jeung sifat Kibrun (Kaagungan atawa kasombongan).

Memang aya sifat Allah nu sok pirajeuneun eunteup di diri manusa, nu hal eta teh lain nu saujratna milik manusa tapi ukur samentara ti Manten-Na minangka kautamaan, da tetep nu mutlak ngapimilik mah tetep anging Allah. Tegesna, eunteupna ieu dua sifat di diri manusa lain sacara hakekat, tapi ukur samentara.  Anapon dua sifat eta teh nyaeta sifat kaheman, kedeudeuh, kawelas, kaasih, nu ngamuara tina makna asma sifat Allah Ar-Rohman, Jeung sifat nu samakna jeung eta nyaeta Asma Allah Al-Kariim nu hartina berehan, welasan, asihan, deudeuhan. Tah dua sifat ieu, nu sok mindeng eunteup bari ngancik di diri manusa.

Sedengkeun sifat Al-Izzah jeung sifat Al-Kibriyaa’ eta mah mutlak sifat Allah nu teu meunang dipibanda ku manusa, sabab diibaratkeun dina Hadits Qudsy di luhur ku sebutan Baju reujeung salendang. Tegesna, eta baju atawa salendang teh heunteu bisa direbut atawa dipake sambarangan ku saha bae. Mun seug manusa wani-wanu make, maka ancaman Allah, yen geus dicawiskeun hiji patempatan di naraka.

Kacindekennana, yen sing saha jalmana nu meunang kamulyaan henteu sukur, atawa meunangna eta kamulyaan ku jalan atawa cara-cara nu teu dipikaridho ku Allah, komo bari ditembongkeun ku eunteup sikep takabur, adigung kumalungkung, asa aing pang akangna, maka ieu kaasup Musyrik tegesna geus kaasup nyamian Manten-Na. Maka jalma atawa manusa nu samodel kieu, salian kamulyaan nu dipibandana hina mungguhing Allah, tur Manten-Na bakal nutup hate maranehna, bari dicawiskeun hiji patempatan di naraka jahannam bari langgeng dijerona. Na’Udzu Billaahi Min Dzaalik.

Sakumaha dawuhan Allah dina Al-Qur’an Surat Mu’min ayat 35:

Kadzaalika Yathba’ulloohu ‘Alaa Kulli Qolbi Mutakabbirin Jabbaar

“Tah nya kitu Allah nutup hate jalma-jalma nu takabbur tur wangkelang”

Oge dina Dawuhan Allah dina Qur’an Surat An-Nahl ayat 29:

Fadkhuluu Abwaaba Jahannama Khoolidiina Fiihaa Falabi’sa Matswal-Mutakabbiriin

“Ku kituna geura arabus maraneh ka Lawang Panto Naraka Jahannam (maraneh) baris langgeng  didinya, nya (jahannam teh tempat) kacida goreng patutna  tempat jalma nu takabbur teh”

 Wallohu Wa Rosuuluhu A’lam.
Subang, 16082011

Tidak ada komentar: