Jumat, 12 Maret 2010

ROHANGAN SHUHUF

NYALIKSIK DIRI

Ku: Wangsa Susena,S.Pd.I.
Edisi ka-37 Roabi'ul Awwal 1431 H./Maret 2010 M.

Baheula, basa kuring masih sakola di tingkat MTs./SMP, nu janten guru sasauran kieu:

"Barudak..! mun maraneh hayang jadi jalma beunghar tong jadi guru, tapi kudu jadi pengusaha atawa sejenna, memang jadi guru oge bakal beunghar, kahiji beunghar ku harti, kadua beunghar ku masalah.....aya oge beunghar ku hutang..."

Haritamah peun bae sakitu !, sasauran nu janten guru teh teu dipikiran, ngan beh dieu-beh dieu jadi kapikiran...bubuhan ceuk batur, kuring teh sok disebut guru, da aya nu ngageroan ka kuring teh ku calukan: "kamana ru ?" ...jeung sajabana. Enya memang kuring teh guru pakasabanmah, ngan karek 'jadi guru' acan kaasup 'guru jadi', da 'guru jadi'mah nyaeta Guru nu dicokot tina wancahan hiji tangtungan jalma nu kudu 'digugu' jeung 'ditiru' tegesna kudu jadi tuladaneun, Guru teh mibanda tugas, nu kudu bisa ngajeujeuhkeun, ngabina, ngatik oge ngadidik, ngarahkeun, oge ngajurung laku jeung sajabana kana hal-hal nu sifatna positif tur ngarahkeun ka nu jadi muridna sangkan cageur, bageur, oge pinter tur singer,tegesna sangkan murid teh jadi calakan atawa (cerdas) keur nyiapkeun bekel kahirupanana kaharepnakeun, luyu reujeung tujuan atikan nasional nu kacutat dina UUD 1945. Tah lebah dieu pisan kuring asa acan asup teh, asa acan ngeuna kana tujuan atikan nu sabenerna. sabab rumasa karek aku-akuan wungkul jadi guru teh, ngan can bisa ngajadikeun diri pribadi teh guru nu jadi. tegesna acan aya hasil tina usaha kuring dina ngatik jeung ngadidik nu jadi murid.

Dina teori disebutkeun, yen hakekat manusa teh makhluk nu bisa dididik oge bisa ngadidik, beh dieuna ngadidik diri pribadi, atuh beh dituna ngadidik kulawarga oge balarea. tegesna, yen manusa teh hakekatnamah guru. ku sabab kitu, maka guru teh kaasup hiji potensi nu aya dina diri manusa, tur mun digarap maka kaasup hiji pagawean nu mulya, sabab tugasna ngembangkeun oge ngamekarkeun kaelmuan,jeung ngayakeun usaha pikeun ngayakeun hiji perobahan ka nu dididikna kitu ceuk sabagian para ahli nyebutkeun.

Baheula, basa kuring keur jadi murid keneh, ka guru teh asa ajrih najan ku dehemna wungkul, atawa ku rentang-rentang katingali datang barudak kaasup kuring teh paburisat ngarapihkeun maneh. malah mun di kelas, pami guru seja ngantunkeun kelas, sok maparinan pesen: "Barudak sok diajar sing anteng heula ..tong raribut komo kaluarmah..bapa aya perlu heula sakeudeung..." leos anjeunna teh angkat, bari ukur ngantunkeun kopeah di luhureun meja, da atuh asana teh najan wungkul kopeah ngajugrug tapi asa aya bae nu janten guru teh ngawaskeun, jeung barudak kaasup kuring oge teu ingkah, nurut bari ngalaksankeun naon nu ditugaskeun ku nu janten guru. rasa kasieun teh nyampak, tegesna najan ku jugrugna kopeah wungkul oge, sima reujeung wibawana teh karasa pisan.

Tapi, ayeuna nu karasa jeung nu kaalaman ku kuring salaku guru, duka ketang ku guru-guru sejenmah, barudak teh asa geus euweuh rasa hormat ka nu jadi guru teh, ajen inajen ka nu jadi guru teh tos ngarangrangan, contona bae mun seug tepung di jalan, lain kadua uluk salam...eh kalah ka ngabalieurkeun beungeut. Terus deuih lamun di kelas, geus cape nyarek, ribut tea, ngobrol tea jeung sajabana. Tegesna, asana wibawa guru teh tos ilang, tapi didieu kuring teu nyalahkeun nu jadi murid, da ningali kana konteks psikologimah umuran maranehna teh keur aya dina mangsa panca roba, jiwa-jiwana gampang kapangaruhan, loba nangtangna batan nurutna..komo-komo ka nu jadi guru dalah ka kolotna oge pasti sarua. Lebah dieu kuring jadi ngimpleng, geuningan teu gampang jadi guru 'nu jadi' teh, boa-boa ku teu nurutna murid teh, wawales ka diri, sabab mun nyoreang lampah ka tukang, baheula keur kuring jadi murid, kuring sok pirajeuneun wangkelang ka nu jadi guru teh. loba ngareumpak aturan sakola jeung sajabana, tah ayeuna diwales ku murid kuring.

Balik deui kana sasauran nu janten guru, "...yen memang jadi guru oge beunghar, jaba beunghar ku harti teh (da tungtutan gawe), beunghar oge ku masalah tur kadangkala beunghar ku hutang...". ieu oge jadi bahan implengeun kuring, leres oge eta sasauran teh, sabab dina kanyataanana khususna di nagri urang Indonesia, nasib guru teh kacida balangsakna, da geuningan loba keneh guru nu ninggalkeun kawajiban nagajar alatan ngudag setoran, muru pakasaban sampingan nu ngahasilkeun pikeun nutupan kakurangan, ceuk wartamah nepi ka aya nu ngojeg, aya nu dagang, jeung sajabana. didieu kuring nitenan, apan cenah ayeuna pamarentah kacida merhatikeunana kana nasib kahirupan guru, da dikumaha-kumaha oge guru teh minangka 'aset bangsa' nu hamo ilang fungsina ku robahna zaman, sabab ti zaman ka zaman gurumah pasti diperlukeunana. warta nyarita yen pamarentah geus ngagulirkeun mangpirang-pirang program nu aya patula-patalina reujeung nasib kahirupan guru. kayaning sertifikasi, infassing jeung sajabana oge ngayakeun tunjangan-tunjangan sejenna nu tujuanana pikeun ningkatkeun taraf kahirupan guru. Tapi kanyataan nu lumangsung bet katingalina...geuningan guru dina kahirupanana siga nu tetep loba kakurangan khususna dina masalah nutupan pangabutuh kahirupanana. tah ieu teh, naha kapangaruhan ku sifat reujeung watek manusa nu memang 'kurang bae teu aya waregna' naha memang kurang keneh diperhatikeun ku pamarentah...tah ieu nu nepi ka ayeuna masih jadi implengan teh.

Sabab mun seug urang ngayakeun perbandingan, ceuk beja ieumah, yen di nagri baturmah guru teh kacida diutamakeunana ku pamarentah teh dina masalah nasib kahirupanana. samodel di nagara tatangga, Malaysia baheula cenah maranehna ngangkir ka nagri urang supaya dikirim guru pikeun ngatik ngadidik rahayatna, tapi ayeuna ceuk beja deui..maranehna nawaran ka urang ..Indonesia butuh sabaraha guru ? didieu oge mun seug ieu beja bener teh...aya kacindekkan yen majuna urang malaysia teh aya campuran jasa urang Indonesia. ngan ku naon bet majuna leuwih nerekel batan Indonesia.

Caag sakitu heula ..sun !

Rabu, 10 Maret 2010

ROHANGAN IQRA'

HIKMAH DIBALIK MUSIBAH PIKEUN MUHASABAH

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I
Edisi ka 36 Robi'ul Awwal 1431 H./Maret 2010 M.

Allah S.W.T. ngadawuh dina Qur'an Surat Al-Baqarah ayat 155 dugi ka ayat 157:

وَلَنَبْلُوَنَّكُمْ بِشَيْءٍ مِّنَ الْخَوفْ وَالْجُوعِ وَنَقْصٍ مِّنَ الأَمَوَالِ وَالأنفُسِ وَالثَّمَرَاتِ وَبَشِّرِ الصَّابِرِينَ الَّذِينَ إِذَا أَصَابَتْهُم مُّصِيبَةٌ قَالُواْ إِنَّا لِلّهِ وَإِنَّـا إِلَيْهِ رَاجِعونَ أُولَـئِكَ عَلَيْهِمْ صَلَوَاتٌ مِّن رَّبِّهِمْ وَرَحْمَةٌ وَأُولَـئِكَ هُمُ الْمُهْتَدُونَ . (ألبقرة: 55:157)

”Jeung Saéstuna Kami baris nyoba maranéh ku sarwa saeutik kasieun, kalaparan, kakurangan banda, jiwa jeung bubuahan. Jeung prak bubungah ku manéh (Muhammad) jalma-jalma nu sabar. Nyaéta jalma-jalma anu dina mangsa katibanan musibah ngucapkeun: “Saéstuna abdi sadaya téh kagungan Alloh sareng saéstuna abdi sadaya baris mulang ka Anjeun-Na (Innaa Lillaahi Wa innaa Ilaihi rooji’uun). Nya Maranéhna anu bakal meunang kurnia jeung rahmat ti Pangéranna, jeung nya maranéhna anu baris meunang pituduh”

Bumi pertiwi ngajerit, bangsa reujeung nagara ngocéak, jomantara nalangsa. Kitu kaayaan nagri urang nu dipikacinta Indonésia ayeuna. Ti mimiti musibah urugna gunung nu ngakan korban lain saeutik, nepi ka aya nu teu kapanggih jasadna sabab ka urugan, banjir unggal datang usumna hujan, boh di ibukota nagara, ogé di wewengkon sanésna, ditambah musibah tabrakan kandaraan, kapal murag, kahuruan jeung kéremna kapal laut, jeung sajabana. Acan deui panyakit nu nerekab, kayaning flu burung, Flu Babi, Cikungunyah, jeung panyakit séjénna anu dugi ka ayeuna ngagalaksak nyerang ka sabagian masyarakat di wewengkon nu aya di Indonésia. Jeung sajaba ti éta.

Ieu téh kudu jadi bahan implengeun, bahan tafakuraneun urang saréréa, aya naon dibalik musibah nu geus jeung ayeuna tumiba téh, sabab mun di titénanmah kacida lengkepna musibah di nagri urang téh, ti mimiti darat, laut reujeung udara, boh nu ti alam asalna, pon kitu kénéh musibah nu asalna ti diri manusa sorangan. Naha mémang ieu téh musibah, atawa hukuman, atawa mémang ieu téh pangéling-ngéling ti Pangéran atawa naon ? mangga patarosan-patarosan ieu téh urang jawab ku manah urang masing-masing. Aya naon dibalik musibah nu lumangsung téh. Sabab teu pati-pati Alloh nibankeun hiji katangtuan pami dilebetna teu ngandung hiji i’tibar, hiji implengeun kanggé urang saréréa. Kukituna lebah dieu pisan urang kudu boga pamadegan dibarung ku Husnudz-dzon (Hadé sangka) ka Alloh S.W.T. yén sagala kajadian nu lumangsung pasti aya hikmahna, aya i’tibar nu kudu jadi cecekelan pikeun kahareupna ogé kudu ayana évaluasi, muhasabah diri sangkan jadi eunteung tincakeun léngkah kahirupan mangsa nu bakal datang.

Mun seug dititenan karusakan nu lumangsung di ieu alam dunya, éta kabéh téh kalolobaannamah hasil laku lampah manusa sorangan.hal ieu geus ditandeskeun ti béh ditu mula ku dawuhan Alloh kalan méré iber ku ayat-ayat-Na. Ngan ! nu janten pasualan kadangkala manusa sorangan nu teu boga rasa rumasa, loba jalma nu mentingkeun kepentingan pribadi tanpa mikirkeun akibat ka balaréa, loba kénéh para pamingpin di ieu alam dunya, khususna di nagri urang Indonésia nu ayeuna nyekel kakawasaan nu teu boga rasa ras-rasan, jeung rasa kamanusaan, nepi ka loba nu katalangsara ku akibat olah perbuatanana. Nu sakedahna janten ais pangampih nu ngaropéa, ngariksa, ngajaga tur ngadama-ngadama, mikaasih ka nu leutik mikanyaah ka nu lemah, malah nyalah gunakeun kakawasaanana pikeun kapentingan pribadina. nepi ka rahayat nu katalangsara. Tah kamungkinan gedé ku hal ieu pisan, jadi margalantaran turunna panggéuing ti Alloh Swt. ku lungsurna mangpirang-pirang musibah nu ayeuna-ayeuna karaos reujeung katingali ku urang sadaya. Tapi sanajan bari kitu urang sadaya tetep ulah petot-petot ngadu’a, mugia musibah anu ditibankeun ka nagri sareng bangsa urang sanés hukuman atanapi adzab ti Alloh, tapi mugia ieu téh mangrupakeun ujian atanapi cocoba pikeun ningkatna darajat kaislaman reujeung kaimanan urang ka Mantenna.

Ayeuna, Cing urang taros ka diri urang masing-masing, naon nu geus dipelak ti kawit urang hideng nepi ka wangkid kiwari, naha lampah ibadah ? naha lampah salah ?, naha amal Sholéh ? naha amal salah ?, naha laku ta'at ? naha laku ma'shiyat ?. dimana urang ngagaduhan ka lungguhan salaku pamingpin, naha tos kalebet pamingpin nu adil, nu rapékan, nu nyaahan, nu deudeuhan, nu welasan nu asihan, tur ngabela ka nu lemah, atanapi sabalikna ? pamingpin nu teu amanah. Ogé mun seug urang jadi pupuhu di kulawarga, naha urang tos janten hiji sepuh nu ngalaksanakeun hak-hak kulawarga naha teu acan ? mun seug urang salaku rahayat, naha urang tos janten rahayat nu nurut, taat ka pamingpin naha sabalikna ?. tah mangga jadikeun ieu minangka muhasabah urang, sabab pangéling-ngéling Alloh pasti lumungsur di mana hambana nu tos ngaku iman ka Manten-Na méngpar tina aturan-aturan nu parantos diguratkeun ku Manten-Na, kitu kénéh musibah/ujian pasti lungsurna, nu hal ieu téh minangka alat ukur Manten-Na dina ngangkat harkat darajat hiji hamba di payuneuna-Na. Iman sajeungkal, maka ujianana bakal sajeungkal, imanna sadeupa, maka ujianana bakal sadeupa. jadi ujian téh resiko nu bakal katarima pikeun manusa nu geus ngaku iman nu ngaku islam, tur ujian éta téh bakal diluyukeun reujueng kamampuhan hamba nu narimana. tegesna, Alloh dina nibankeun ujian téh bakal diluyukeun reujeung kamampuan hamba nu bakal narimana .....لاَ يُكَلِّفُ اللّهُ نَفْساً إِلاَّ وُسْعَهَا لَهَا مَا كَسَبَتْ وَعَلَيْهَا مَا اكْتَسَبَتْ (al-Baqarah: 286).

Dawuhan Alloh dina Q.S. al-Baqarah ayat 155, dipertélakeun yen nu bakal meunang pangbubungah dimana ditibabanan musibah téh nyaéta jalma nu 'sabar' nu mulangkeun sadayana ka Allah ku ucapan إِنَّا لِلّهِ وَإِنَّـا إِلَيْهِ رَاجِعونَ . ieu konsép kahirupan dina mayunan hiji musibah, yen wungkul ku sabar urang bakal meunang kabungahan nu mangrupakeun jangji Alloh dimana urang ditibanan hiji musibah, tur urang mulangkeun sadayana ka Allah, da hakékatnamah urang téh milik Alloh, urang bakal mulang ka Alloh " Laa haula wa laa quwwata Illaa billaahil 'Aliyyil 'Adziim"

Ngan nu kedah janten émutan téh aya dawuhan Rosululloh S.A.W. nu kacutat dina Kitab "Minhajul Muta'alimin" :

"Ari Tanda-tanda karusakan/kacilakaan/kaancuran téh aya opat perkara). Nu Kahiji, Pohona kana dosa-dosa nu geus dilakukeun, padahal sakabéh dosa dicatet mungguhing Alloh); Nu kadua, Nyebut-nyebut kahadéan nu geus dilakukeun sok padahal éta amal téh acan puguh ditarima atawa ditolak ku Alloh; Nu katilu, Ningali bari ajrih tur nganggap unggul ka hiji jalma dina soal kadunyaan, jeung nu kaopat, nganggap lemah/hina/rendah ngalelece, nyawad ngantegan, ngagokan jeung sajabana ka jalma dina masalah Agama). Maka Alloh swt. ngadawuh: Kaula miharep manéhna, tapi maranéhna teu miharep kaula, maka ku kaula hamo dipalire tegesna ku Kula bakal ditinggalkeun"

Sareng dina Hadits sanésna Kanjeng Nabi Muhammad saw Ngadawuh deui:

"Sing saha jalmana anu ningali ka saluhureun dina masalah agamana tur ningali sahandapeun dina masalah dunyana,Maka Maka dicatet ku Alloh swt si éta jalma téh ka golong jalma nu Syukur sarta shobar, Tapi sabalikna, lamun Sing saha jalmana nu ningali kasaluhureun dina masalah dunyana, tur ningali ka sahandapeun dina masalah agamana, maka ku Alloh swt si éta jalma téh dicatet ka golong jalma nu teu bisa syukur jeung shabar"

Wallohu A'lam Bish-Shwaab