Selasa, 09 Februari 2010

HAKEKAT KAHIRUPAN ALAM DUNYA

Ku Wangsa Susena, S.Pd.I

Edisi Ka-34 Shofar 1431 H./Pebruari 2010 M.

Ieu alam dunya the ngahaja ku Allah dijieun,Lain heureuy ngieunna tapi ngahaja Rek dipihapekeun rek dititipkeun ka manusa, sina dibangun ku manusa, sina diatur ku manusa, sina ditaruang rejekina ku manusa.

Diwangunna ieu alam dunya keur manusa teh parantos rebuan taun, ti mimiti kanjeng Nabi Adam ‘Alaihis-Salam tug nepi ka dinten ieu, ti dinten ieu insyaalloh dugi dinten kiyamah nu bakal datang, moal eureun ieu jagat teh diwangun. Ngan kedah janten catetan dina manah wireh mun seug ditingali dina kacamata sense of belonging (rasa mibanda) ternyata sagala rupa perkara di ieu alam dunya ti kawitan nu digarap ku urang tug dugi ka kiwari hiji oge teuaya nu anggeus. Keur nu iman nu ngaku Islam nu kagungan elmu teu heran, sabab alam dunya lain pikeun nganggeuskeun persoalan, tapi alam dunyamah pikeun migawe persoalan. Ku sabab kitu, sagala pasualan hirup di alam dunya lain Allah teu bisaeun nganggeuskeun da aturananamah anggeus, tapi manusa migawena tara anggeus. Eta the ciri khas dunya.

Kumargi sakitu kaadilan jeung kaagungan Allah the henteu rata katingali ku sadayana, terutama nu awwammah teu nempo kana kaadilan Allah. Pikeun ngabuktikeun kaagungan Allah ngarah karaos tur katingali ku sadayana Allah ngadamel alam nu euweuh tungtungna nu disebut akherat. Di tingali ku kacamata ieu akherat ngandung dua fungsi.

Fungsi kahiji, nyaeta keur nganggeuskeun pasualan-pasualan alam dunya nu teu anggeus tea,

Fungsi nu kadua, nyaeta keur nembongkeun kaagungan jeung kaadilan Allah, ngarah kaadilan Allah, lain wungkul karasa tapi katempo ku sarerea engke di akherat.

Ku sabab sakitu lamun pasualan alam dunya anggeus atuh naon hartina alam akherat. Tangtos urang ngagibeg disebutkeun pasualan alam dunya teu anggeus, malah saliwatmah siga ngaleungitkeun jasa manusa.

Urang buktoskeun !

Ceuk hukum satiap nu boga hutang wajib mayar nu berpiutang nu nganjukkeun wajib nagih.

Pertarosanana naha geus mayar nu boga hutang ?

Jawabanana: "Parantos".

Pertanyaan nu kadua, naha satiap nu boga hutang mayar ?

Jawabanana: "Henteu".

Teu anggeus eta teh ngaranna. Da loba nu hutangna loba, milyaran jumlahna tapi teu kungsi mayar, pasualanana rupa-rupa. Aya nu memang manehna embung mayar jeung sajabana.

Fungsi katilu, nyaeta yen akherat tempat pikeun mempertanggung jawabkeun sagala lampah nu geus dilakukeun salila hirup di alam dunya. Mun seug laku lampah hade pasti dina maparin pertanggung jawabanna oge bakal hampang tur tereh rengse. Beda mun seug laku lampah loba nu teu hade geus pasti dina maparin pertanggung jawaban the bakal beurat tur lila rengsena.

Nilik kana dua fungsi eta, maka urang bisa nyandak hiji pamadegan nu kedah janten cecekelan. Geuningan ternyata hirup di alam dunya teh lain ukur neangan kabungah nyinglar rasa ka susah. Tapi urang dituntut pikeun tatan-tatan sasadiaan amal keur bekel dina ngeusian kahirupan di alam nu teu aya tungtungna nya akherat tea ngaranna.

Didieu agama ngawartosan ka urang ku kitabna nu mangrupakeun Dawuhan Allah S.W.T. yen urang diciptakeun ku Manten-Na the taya kajaba wungkul pikeun ibadah.

Tah ku ibadah ieu pisan urang bakal salamet bari boga bekel pikeun maparin pertanggungjawaban di akherat jaga. Ibadah the tangkal, nu bibit bahanna tina kaimanan sareng kaislaman, sabab moal ngalaksanakeun ibadah mun seug teu boga bibit-bibit kaimanan reujeung kaislaman. Sanggeus bibit-bibit eta jadi hiji tangkal ku bentuk tangkal ibadah, maka mun seug dipupuk bari digemuk ku Amal Sholeh, maka bakal nimbulkeun hiji kembang atanapi buah, tah buah tina ibadah the nyaeta katakwaan. Nya katakwaan ieu pisan nu bakal jadi bekel nu panghade-hadena:

تزودوا فإن خير الزاد ألتقوى

“Prak anjeun bebekelan, saestuna bekel nu panghade-hadena nyaeta kataqwaan.”

Hirup di alam dunya ukur sajorelat, Kanjeng Nabi SAW. Ngagambarkeun kahirupan di alam dunya the lir ibarat hiji jalma nu ngayakeun lalampahan dina hiji rombongan . Mun seug urang leha-leha euweuh giatna maka urang bakal tinggaleun ku eta rombongan.

Tah dina raraga urang ngisi kahirupan teh, Alloh S.W.T. maparin pilihan ka urang dua jalan, jalan kasalametan atanapi jalan kacilakaan, oge maparin dua pilihan hirup, hirup ta'at atanapi hirup maksiyat, hirup syukur atanapi hirup kufur, Allah S.W.T. oge maparin pilihan lampah ka urang naha rek lampah sholeh ? naha rek lampah salah ? Nu pilihan-pilihan eta teh minangka balanjana urang kana dua dagangan Allah S.W.T, nyaeta Ridho-na sareng Bendu-Na.

Mun seug urang milih balanja kana bebendon Allah, kantun prak pelak tangkal maksiyat, gemuk ku laku lampah amal salah, siraman ku cai kawangkelangan, jaga rawat ku rasa ujub riya jeung takabur.

Sabalikna mun seug urang balanja kana Ridho Allah, maka geura borong eta rIdho Allah the ku jalan urang milih jalan kahadean atanapi kasalematan, pelak lampah ta’at, gemuk ku laku amal sholeh, siraman ku cai kaimanan jaga rawat eta kata’atan the ku kataqwaan. Malar urang meunang karidhoan manten-Na.

Masing emut !

Yen dina kahirupan urang di alam dunya teh aya nu namina 2 malaikat nu disebat “Kirooman Kaatibiin" nyaeta dua Malaikat nu salilana tara istirahat nurut tumut kana parentah Allah S.W.T. pikeun nyatet sareng ngarekam laku lampah urang euweuh nu kaliwat.

Salian ti eta aya nu namina Iblis atanapi Syetan salila 24 jam taya istirahatna ngagoda urang ngaliwatan urat geutih, bari jeung dagang kana barang-barang nu sok dibala...njaan ku urang diantarana: Males ibadah, mumusuhan, oge kalakuan nu matak ngarugikeun diri & sasama. Kuhal sakitu, maka urang kudu waspada, kudu ati-ati, sabab kahirupan urang hakekatnamah mulang deui ka urang, sakumaha dawuhan Allah :

ومن يشكر فإنما يشكر لنفسه

“Sing saha jalmana nu syukur, maka eta syukur teh pikeun dirina”

Jadi, Mun seug dipikir-pikir ! kacida teu boga cedo meun seug urang sadayana salawasna nukang nonggong ka Allah swt. nu sakitu Maha Welas Maha Asihna, bari jeung naon dilakukeun ku urang teh hakekatnamah balik deui ka urang. Hade, goreng, Untung jeung rugi dina ka hirupan kabeh oge balik deui ka urang-urang keneh. Sakumaha Dawuhan Allah:

إن أحسنتم أحسنتم لأنفسكم فإن أسأتم فلها

“Lamun maraneh kabeh ngieun kahadean, saestuna kahadean teh mulang deui pikeun maranah, kitu keneh mun maraneh ngieun laku teu hade maka eta oge mulang deui ka maraneh”

Mudah-mudahan urang sadayana kalebet golongan ahli-ahli ibadah, oge golongan jalmi-jalmi nu dipaparinan salamina ku Rohmat sareng Ridho Allah S.W.T.

Amin Ya Allah Yaa Robbal’Alamiin.

Wallohu A'lam Bish-Showaab.

4 komentar:

Unknown mengatakan...

Assalamu'alaikum wr wbr
Hatur nuhun Kang, ieu materina sae pisan ngemutan ka urang sadayana terutami ka diri simkuring, kumargi kaayaan kiwari mah umumna urang teh sok resep/nyarioskeun batur malah mandar hilap kana dirina sorangan mah aya paripaos : ti mana, keur aya dimana sareng rek kamana urang teh?

Hatur nuhun
Wasalamu'alaikum wr wbr

Unknown mengatakan...

Assalamu'alaikum wr wbr
Hatur nuhun Kang Wangsa materina sae pisan, hal ieu teh ngarupikeun ngemutan kangge urang sadayana, karang-kadang urang sok hilap istilahna mah : urang timana, keur aya dimana sareng bade kamana?

Hatur nuhun
Wasalam wr wbr

Unknown mengatakan...

waalaikum salam/wr/wb/
sami-sami kang anwar ! sumuhun kang anwar ! matak hariwang kaayaan ayeuna teh...mun seug ningali kaayaan umat Islam nu tos tebih tina kaislamanana...mugia urang kalebet golongan jalmi-jalmi nu salamina ngajaga ngariksa tur ngaweuteuhkeun kana kaimanan oge kaislaman ..amin.

wassalamu'alaikum. wr.wb.

Bintang Irsana mengatakan...

Assalammu alaikum,
Kang Wangsa, sagala eusi dina ieu buletin tos diaos ku sim kuring kalayan eusina "berbobot", padahal dikupas secara sederhana, malih ku abdi disadur sareng dipublikasikeun di Facebook,mugia ulah janten kaabotan kangge Akang khususna sareng sadaya anu terlibat di ieu buletin. Diantos updatena.
Hatur nuhun !
Wassalammu 'alaikum