Rabu, 30 November 2011

Hikmah Idul Qurban (Minangka Bukti urang Babakti Ka Gusti Nu Maha Suci)


Allah Subhanahu Wa Ta'aala ngadawuh dina Qur'an Surat Ash-Shooffat ayat 102:

فَلَمَّا بَلَغَ مَعَهُ السَّعْيَ قَالَ يَا بُنَيَّ إِنِّي أَرَى فِي الْمَنَامِ أَنِّي أَذْبَحُكَ فَانظُرْ مَاذَا تَرَى قَالَ يَا أَبَتِ افْعَلْ مَا تُؤْمَرُ سَتَجِدُنِي إِن شَاء اللَّهُ مِنَ الصَّابِرِينَ


 “Maka nalika Nabi Isma’il 'Alaihish-Shalaatu Wa Salam.. geus sawawa dewasa, lajeng Kanjeng Nabi Ibrohim 'Alaihish-Shalaatu Wa Salam. Sasauran: ’Duh anaking ! saestuna Ama diparentah ngaliwatan impian pikeun meuncit hidep anaking.  tah..! ayeuna prak pikirkeun kumaha alusna ceuk hidep anaking?. Kanjeng Nabi Isma’il 'Alaihish-Shalaatu Wa Salam ngawaler: ’Mangga  ama ! prak enggal laksanakeun naon  anu tos diparentahkeun ka gamparan Ama, Insyaalloh ama bakal mendakan putra kalebet kana golongan jalma-jalma anu sabar………’”

Dua hamba nu keur diuji ku Alloh SWT. Tapi duaanana teu gimir teu ringrang teu ragu sagala parentah anu datang ti Nu Maha Kawasa langsung dilaksanakeun.  

Nu kahiji , ujian nu keuna ka Kanjeng Nabi Ibrohim 'Alaihish-Shalaatu Wa Salam.  anjeunna ngagaduhan prinsip hirup, yen sagala nu aya timimiti harta banda, putra garwa, tug dugi ka diri pribadina eta mangrupakeun amanat, mangrupakeun titipan sadayana oge milik Alloh swt. Manusa mah teu ngaboga-boga ukur ngagaduhan tugas pikeun mulasara, ngajagam, ngariksa oge ngamanfaatkeun kalayan sakumaha mistina, miturut kahoyong  nu maparinanana nyatana Alloh SWT.

Kukituna nalika anjeunna di uji ku Alloh diperedih sangkan ngurbankeun putra nu di pikameumeutna putra tunggal nyatana Kanjeng Nabi Ismail 'Alaihish-Shalaatu Wa Salam, anjeunna teu talangke hararese langsung tumut tunduk turut kana parentah Alloh Subhanahu Wa Ta'aala. Sanaos akhirna Nabi Ismail 'Alaihish-Shalaatu Wa Salam nu bade dikurbankeun teh ku Alloh di gentos ku hiji domba ghibas. Antukna naon anu dilakukeun ku Kanjeng Nabi Ibrohim 'Alaihish-Shalaatu Wa Salam teh jadi syare’at kasunahan pikeun nu mampu ngalaksanakeunana diantara urang sadaya salaku umat Kanjeng Nabi Muhammad Shallalloohu 'Alaihi Wa Sallam.

Mun seug teh Nabi Ibrohim 'Alaihish-Shalaatu Wa Salam. Tulus ngorbankeun putrana nyatana Kanjeng Nabi Isma’il 'Alaihish-Shalaatu Wa Salam. Tur ku Alloh Subhanahu Wa Ta'aala teu digentos ku domba ghibas tea. Meureun syare’at kasunahan kurban teh lain domba jalu, tapi anak lalaki di antara urang sadayana. Cacak- cacak ku domba hiji oge nu hargana moal sajuta-sajuta acan geus hese beleke, komo lamun ngurbankeun putra pameget nu dipikameumeut, nu sholeh, nu bageur, nu salilana jadi buah soca kembang ati panineungan, pamepes hate nalika lungse cape, pangbeberah manah nalika keur susah jeung bungah, pasti bakal mikir dua kali rek ngorbankeunana oge, meureun hese na oge lain beleke deui tapi hesena make kabina-bina hesena beak karep. Terkecuali ka kolot nu boga anak jalu nu Bengal nu salilana nyusahkeun bae, tah etamah jiga satuju kana syare’at kasunahan ieu, pamadeganana  tinimbang nyusahkeun bae nu jadi kolot mending dikurbankeun ngarah teu nyusahkeun deui. Tapi ieu oge pasti bakal jarang ayana. 

Nu kadua ujian pikeun Kanjeng Nabi Ismail 'Alaihish-Shalaatu Wa Salam. di uji dina naon ? di uji dina kasabaranana, yen dugi kamana anjeuna nurut tumut dina babaktina ka nu janten sepuh, hal ieu kacida badagna pelajaran nu jadi tuladaneun urang, yen urang teh dina raraga babakti ka sepuh urang, kudu toh pati jiwa raga, komo hal eta teh mangrupakeun parentah Nu Maha Kawasa. Urang tiasa nitenan Kumaha sasauranna Kanjeng Nabi Ismail 'Alaihish-Shalaatu Wa Salam nalika diuningakeun ka anjeunna, yen anjeunna teh kedah dikurbankeun, anjeuna sasauran:

“Duh Ama ! nyanggakeun sadaya-daya geura prak laksanakeun, sok komo upami eta parentah sumpingna ti Nu Maha Agung, Kalayan kersaning Allah  putra masing kalebet kana golongana jalma-jalma nu dipaparin kasabaran….prak enggal laksanakeun eta parentah teh Ama! , ngan pamundut ti putra ka gamparan ama:

Nu kahiji, gunakeun peso nu seukeut ngarah putra teu lila ngarasa nyerina dipeuncit.

Lajeng nu Kadua,  putra nyuhunkeun pamundut, ciumkeun raray putra kana taneuh supados raray putra teu katingali ku Ama, tur gamparan ama teu asa-asa dina meuncit putra, sabab inggis ku bisi, rempan ku kaayaan nalika ama ningal raray putra ama jadi teu ikhlas teu tega dina ngorbankeun nu janten putra.

teras nu katilu,  pamundut mugia geutih putra ulah dugi ka muncrat, mancawura, komo dugi ka ngabaseuhan raksukan ama, supados ambu hajar teh teu sedih, sabab saupamina geutih putra nempel di raksukan ama, geus pasti nalika ambu hajar ningali kana raksukan anu pinuh geutih putra, putra teu ngaharepkeun bakal ngundang kana kasedih ambu hajar,

Sareng terakhir nu kaaopat, pamundut mugia, ambu hajar sing di tebihkeun kana riungan barudak ngora nu sayuswa reujeung putra, sabab ku ningali riungan budak ngora nu sayuswa reujeung putra, tos pasti bakal kabayang-bayang putra teh dina soca anjeunna.,,”

Subhanalloh…..! sasauran hiji putra anu sholeh dina ngabuktikeun babaktina kanu janten sepuh, dugi kaanjeunna rela di kurbankeun dina raraga nohonan parentah Alloh swt. Reujeung karidoan Manten-Na.

Tah..! ayeuna kantun taros ka diri urang sadaya, tos dugi kamana babakti urang kanu janten sepuh teh ?

Naha seueur babakti atanapi seueur nganyenyeri ?

Naha seueur mere kabungah atanapi kasusah ?.

sabab sepuh urang kacida pisan ageung jasana dina ngurus, ngatik, ngadidik, turta ngajeujeuhkeun urang sadayana ti kawit urang alit tug dugi ka urang ayeuna, terutami ibu nu ngakandung salami salapan bulan, bapa nu ngayuga  dina salami eta teu wareg tuang, teu tibra sare, ti peuting nyaring, tii berang hariwang dina ngantos urang lahir gubrag ka alam dunya. Ku kituna urang ulah petot-petot urang ngadu’a mugia sepuh urang sing dihapunten dosana, masing dipikaasih dipikadeudeuh ku Alloh Subhaanahu Wa Ta'aala  sakumaha aranjeuna mikadeudeuh mikaasih urang sadayana.  Amin Ya Alloh Ya Robbal ‘Alamin.

Atuh dina raraga urang ngabuktikeun bakti urang ka Alloh Subhaanahu Wa Ta'aala, urang taros ka diri urang, mangga  urang manahan ku diri urang sorangan.

Naha salami ieu teh urang melak kata’atan atanapi melak kama’shiyatan ?,

Naha salami ieu teh urang seueur ngalakonan lampah ibadah naha ngalakonan lampah salah ?

Tos sabaraha prosen harta banda urang nu di korbankeun pikeun nulungan agama Alloh ?

Tos naon bae nu di korbankeun teh ?

Lebah dieu urang kedah saimbang antawis pengurbanan urang sareng naon anu disuhunkeun ku urang ka Manten-Na, ulah dugi ka paneda urang, pangabutuh urang, kaperluan urang sadayana di gebrokeun sadayana, di pasrahkeun ka Alloh,  sangkan Manten-Na nedunan, sangkan Manten-Na nulungan ka urang, sangkan Manten-Na nyumponan pangabutuh urang. Tapi kana panitah Manten-Na, salilana urang nukang nonggong, salawasna urang ngajauhan, malah teu malire-malire acan. Na’udzu billahimin dzalik.

Iman sanes ucapan wubgkul imansanes aku-akuan wungkul, tapi kedah dibuktoskeun ku laku lampah, kedah dibuktoskeun ku amaliah, sareng ku pangurbanan.

Hikmah anu tiasa dicandak janten pelajaran, oge  nu kedah janten tuladaneun dina kahirupan urang sadayana, tina kisah sajarah ieu, nyaeta yen urang kedah bisa ngabuktikeun babakti urang ka Alloh Subhaanahu Wa Ta'aala. Sabab urang yakin, yen alam dunya teh tempat ujian, boh ujian anu hade atanapi ujian nu awon, anu eta ujian teh mangrupakeun salah sawios cara Alloh Subhaanahu Wa Ta'aala. dina milih mana manusa salaku hamba-Na anu bener-bener ngabuktikeun baktina, sareng mana manusa anu ukur aku-akuan wungkul, tapi dimana ditagih bukti pikeun babakti, salawasna kalakuanna teh nukang nonggong bae ka Manten-Na. Na'uudzu Billaahi Min Dzaalik.

Jadi, sakumaha ujian nu ditibankeun ka Kanjeng Nabi Ibrohim Alaihish-Shalaatu Wa Sallam. Saliwat mah jiga lalampahan kaum Jahiliyah, nyatana meuncit nu jadi anak anu dipikacintana nu sasatna diarep-arep tur dipiharep, tapi lamun dititenan justru hal ieu teh kudu jadi conto pikeun urang sadayana. Sabab, sagala pangurbanan anu ku urang digebrokeun pikeun ngahontal karidoan Alloh, tanwande ku Alloh bakal diganti luyu reujeung pangurbanan anu ku urang disanggakeun ka Mantenna.

Al-Ujrotu Biqodril Masyaqoot…” ’Upah teh bakal diberekeun saukuran reujeung jerih payah dina ngusahakeunana..”.

usaha sakeupeul upahna bakal sakeupeul, usaha sarawu upahna bakal sarawu deui, ieu ukuran manusa, tapi upami ngukur kana ukuran wawales ti Alloh Subhaanahu Wa Ta'aala dina maparin ganjaran ka hamba anu dipikacintana anu kapilih ku Mantenna, malah bakal ditikel-tikel langkung ti naon di usahakeunana. Sabab naon nu dipibanda ku urang ti mimiti harta banda, putra, garwa kalebet jiwa sareng raga,  urang teu nga boga-ngaboga eta sadaya milik Nu Maha Kawasa. Jadi, dimana Alloh nyuhunkeun pikeun dikurbankeun urang sadaya kedah ikhlash tur rela dina ngorbankeunana.

Cindekna, hakekat urang ngayakeun kurban teh, nyaeta urang nagalakukeun ‘amal pikeun mgadeukeutkeun diri urang ka Gusti Alloh Subhaanahu Wa Ta'aala, nguatkeun kayakinan, yen agama Islam teh bener-bener pedoman hirup urang, malah mandar jiwa urang ngaraos ajrih, isin, sieun, tur langkung mahabbah atanapi  mikacinta ka Manten-Na sareng Rosul-Na. Sabab hirup urang, harta banda urang, kapinteran, kasenangan, kapangkatan nu dipibanda ku urang sareng sajabina, ieu sadayana sifatna samentara henteu lana. ukur amanat ti Allah Subhaanahu Wa Ta'aala, nu eta kabeh teh bakal disuhunkeun pertanggung jawabanana di payuneun Alloh jaga.

Masing emut ! hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho dimangsa. Kumargi kitu sakali deui, mangga urang sadayana sing soson-soson kana ibadah, ku benteuk ngalakukeun ‘amal sholeh geusan nghontal karidhoan Alloh Subhaanahu Wa Ta'aala, mangpang meungpeung urang masih dipasihan kasempetan hirup sareng kakiatan oge kasehatan dugi ka wangkid ayeuna.

Walloohu A'lam Bish-Showaab

Tidak ada komentar: