Sabtu, 22 Mei 2010

SUHUF

PAGUNEMAN KANJENG NABI S.A.W. SARENG MALAIKAT JIBRIL A.S.

Muhammad bin Al-Hanafiyah Rohimahullohi Ta'ala, ngariwayatkeun hadits nu sumpingna ti Sayyidina Ali bin Abi Thalib Rodhiyalloohu 'Anhu wa Karomalloohu Wajhahu. yen nalika Alloh ngawahyukeun ayat:

فَاصْفَحِ الصَّفْحَ الْجَمِيلَ (ألحجر: 85

“……Maka hampura maranehna ku cara nu hade” (Al-Hijr: 85)

Rosulullah S.A.W. naros ka Jibril A.S.:

"Yeuh.. Jibril !, naon nu dimaksud '...Maka hampura maranehna ku cara nu hade' .. teh ?."

Jibril A.S. ngawaler:

"Nalika ngahampura jalma nu geus laku kaniaya (Dzalim) ka anjeun, maka anjeun poma tong nyawad ka si eta jalma".

Rosulullah S.A.W. naros deui:

"Yeuh Jibril ! tangtuna Alloh leuwih-leuwih ti Maha Heman, pikeun henteu nyawad ka hamba-hamba-Na nu meunag ihampuraan Manten-Na tina dosa-dosa nu geus dilakukeun ku si eta hamba".

Saparantos gunem catur kitu duana nangis bangun kanyenyerian. Ningali kitu, tuluy Alloh ngutus Malaikat Mikail A.S. bari nyandak wahyu ti Manten-Na, barang anjog tuluy nepungan Rosululloh S.A.W. sareng malaikat Jibril A.S., langsung Malaikat Mikail A.S. nyarios:

"Saestuna Pangeran Anjeun ngadugikeun salam kawilujengan, bari Manten-Na Ngadawuh: 'Piraku teuing Kami rek nyawad ka hamba Kami nu meunang hampuraan ti Kami ?, sabab nyawad eta ngarupakeun tingkah nu patoja'iyah reujeung Kaheman Kami' ".

Wallohu Wa Rosuuluhu A'lam Bish-Showab wa Bi Muroodih.