Sabtu, 19 Desember 2009

ROHANGAN IQRA'

"QURBAN MANGRUPAKEUN BUKTI BABAKTI
HIJI HAMBA KA ALLOH SWT."

ku: Wangsa Susena,S.Pd.I

Edisi Ka-33 November 2009/Dzulhijjah 1430 H.

Sasih hapit parantos pamit, bulan rayagung ayeuna cunduk, bulan Dzulhijjah minangka bulan pamungkas dina warsih hijriyah parantos lenggah. Jangkep yuswa urang ayeuna anu mungguh syaré'atmah nambahan sok padahal mungguh hakékatmah ngurangan sataun tina jatah umur nu geus ditangtoskeun ku Nu Maha Agung. Ayeuna urang kantun muhasabah diri atanapi nyaliksik diri ngayakeun evaluasi, mariksa jiwa katut raga urang anu salami ieu ku urang digunakeun, anu éta téh mangrupakeun amanat ti Alloh SWT. Anu bakal disuhunkeun pertanggungjawabanana jaga di yaumil jazaa’. Naha umur urang téh geus dimanfaatkeun tur digunakeun saluyu reujeung sapagodos sareng kahoyong nu maparin éta umur nyatana Alloh SWT. Naha teu acan ?, naha urang téh tos sasayagian bekel amal pikeun mayunan mahkamah pangadilan hakim agung, nalika urang disuhunkeun pertanggungjawaban jaga diyaumil hisab, naha teu acan?.
Urang sadaya kedah emut yén hirup kumelendang di alam pawenangan moal lana salilana, najan urang bétah sabétah-bétahna, najan urang beurat sabeurat-beuratna ninggalkeun alam dunya, tapi urang bakal tepang sareng ajal, bakal amprok sareng maot, bakal dianti-anti ku pati nu duka iraha-duka iraha tapi pasti, pikeun nempatan alam anu langgeng abadi. Urang di dunya ukur ngumbara, alam dunya minangka tempat garapan pikeun ngumpulkeun bekel candakeun ka tempat pangreureuhan nu asli nyatana akhérat. Seueur wargi urang, baraya urang, tatangga urang, Ibu urang, Rama urang, pala putra urang nu tos mayunan urang di pundut umur ku Nu Maha Agung, di papag Ajal Ku Nu Maha kawasa, kamari masih riung mungpulung, kamari masih balakecrakan, kamari masih macangkrama, kamari masih sosonoan jeung urang, ayeuna aranjeuna tos teu araya. Aranjeuna tos mayunan urang sadayana. Ieu téh minangka bukti yén urang téh bakal dipundut ku Nu Rahayu di papag ajal Ku Nu Maha Kawasa
كُلُّ نَفْسٍ ذَآئِقَةُ اْلمَوْتِ.
Saupamina nyawa tos ngantunkeun raga nya maot pingaraneunana, taya pajabat taya rahayat, taya konglomerat taya nu malarat, saupamina ajal tos sumping, hamo bisa di embung-embung, hamo bisa di engke-engke, hamo bisa ditahan-tahan, sadayana bakal ngajolor ngabanusan, nya mayit pingaraneunana,
فَإِذَا جَآءَ أَجَلُهُمْ وَهُمْ لا َ يَسْتَأْخِرُوْنَ سَاعَةً وَلَا يَسْتَقْدِمُوْنَ.
Imah sigrong moal digandong, harta banda nu ngalayah, kendaraan mewah moal kabawa pindah, perhiasan ginding moal ka jingjing, putra, garwa, baraya, tatangga kabéh gugupay, kabéh ngucapkeun wilujeng kantun, anging amal perbuatan nu jadi batur di alam kubur.
Kukituna mérénah pisan upama dina kasempétan ieu, dijadikeun mangsa persiapan ngijir diri, milang amal lalampahan anu geus kasorang, mangga urang tatan-tatan ti ayeuna keneh, mangpang-meungpeung masih dipaparin kasehatan reujeung kakiatan, tur dipaparin panjang umur tug dugi ka wangkid kiwari, hayu urang sasayagian bekel pikeun kahirupan jaga, gunakeun kasehatan sareng kakiatan ieu pikeun bukti bakti urang ka Gusti Nu Maha Suci, Sabab urang henteu nyaho duka isuk duka pageto urang pajonghok reujeung maot, sangkan hirup urang di alam dunya ieu teu kacingcirihi nandangan rugi. Komo rugi di akhérat, anu moal bisa dibalikkan deui, taya kasempétan pikeun ngomean tékad, ucap jeung lampah anu salah, lantaran diakhératmah mangsa amal geus réngsé, tutup lawang tobat. Mangga balitungkeun ti kiwari saméméh urang di gulung ku bilatung.
Mun seug urang niténan kaayaan nagara sareng bangsa urang ayeuna, éstu mantak pikahariwangeun, duka ujian, duka cocoba, duka hukuman duka panggéuing keur bangsa urang, sabab ayuena nagri urang keur di tibanan musibah anu kacida tumpa-tumpana ti mimiti gempa bumi, banjir, longsor, muragna kapal udara, keremna kapal laut, tug dugi muncratna leutak tina dasar bumi nu dugi ka kiwari tos seueur korban, tur teu tiasa di pendet dugi ka ayeuna. Lengkep pisan musibah teh ti kawit darat, udara, jeung laut. Anu mémang éta kabéh téh seuseueurnamah hasil olah perbuatan manusa sorangan. hal ieu geus ditandeskeun ti béh ditu mula ku Allah swt, kalayan maparin iber ku ayat-ayat-Na ka urang sadayana nu kudu jadi bahan tafakuraneun:
ظهر الفساد فى البروالبحر بماكسبت أيدالناس
“yen sagala karusakan di darat jeung dilaut, eta kabeh the hasil olah leungeun-leungeun manusa”
Ngan ! nu janten permasalahan terkadang manusa sorangan nu teu boga rasa rumasa, loba jalma nu mentingkeun kepentingan pribadi tanpa mikirkeun akibat ka balarea, loba keneh para pajabat nu nyekel kakawasaan nu teu boga rasa ras-rasan, jeung rasa kamanusaan, nandasa jeung nyiksa sahingga loba nu katalangsara ku akibat olah perbuatanana, nu kedahan janten ais pangampih nu ngaropea, ngariksa, ngajaga tur ngadama-ngadama, mikaasih ka nu leutik mikanyaah ka nu lemah, malah nyalah gunakeun kakawasaanana pikeun kapentingan pribadina. Sahingga rahayat nu katalangsara. Kamungkinan gedé ku hal ieu téh nyababkeun turunna panggéuing ti Alloh Swt ku lungsurna mangpirang-pirang musibah nu ayeuna-ayeuna karaos reujeung katingali ku urang sadaya. Tapi sanaos bari kitu urang sadaya tetep ulah petot-petot ngadu’a, mugia musibah anu ditibankeun ka nagri sareng bangsa urang sanés hukuman atanapi adzab ti Alloh, tapi mugia ieu téh mangrupakeun ujian atanapi cocoba pikeun ningkatna darajat kaislaman reujeung kaimanan urang ka Mantenna. Amin ya Alloh Ya Robbal alamiin.
Sasih Dzulhijjah sok ditelah bulan haji,
katelah ku wanci nu maranti
mangsa kumpul masamoan ummat Islam ti sakuliah nagri,
kaum muslimin ti saban nagri sarumping ka hiji medan bakti
kumpul ngariung di padang ‘Arofah di tanah suci,
cul lemah cai,
cul rumah tanggana pikeun nohonan panggilan Alloh Robbul Izzaty,
nyatana ngalakonan ibadah haji.
Kukituna mudah-mudahan aranjeuna sing janten haji anu mabrur sareng mabruroh. Amin
Sasih Dzulhijjah ogé sok ditelah lebaran rayagung tegesna bulan raya anu agung. Tanggal sapuluhna dijadikeun poe anu mulya, poe lebaran anu martabatna langkung luhur tibatan lebaran Fithri. Najan ceuk anggapan umummah sahandapeun. Padahal lebaran rayagung leuwih luhur darajatna batan lebaran fithri. Sabab dina wanci ieu batur nu aya kamampuh ngayakeun ibadah haji, atuh urang didieu ngayakeun kasunahan ibadah kurban.
Sasih Dzulhijjah minangka sasih nu diagungkeun ku Alloh SWT. Sabab dina sasih ieu nyutat hiji kajadian sajarah anu kacida mundelna nu kedah janten pelajaran sareng tuladaneun pikeun kahirupan urang sadayana
وَتَرَكْنَا عَلَيْهِ فِي الْآخِرِينَ “
jeung kami geus ninggalkeun (conto) dimanehna (Nabi Ibrahin as) pikeun jalma-jalma nu pandeuri”
Nyatana sajarah pengorbanan hiji hamba nu mulia tur agung, nyatana Kanjeng Nabi Ibrohim Kholilulloh As. Nu réla ngorbankeun sagala nu dipibanda tug dugi ka putra nu dipikadeudeuh dipikanyaah tur di pikameumeutna ikhlas tur réla dikurbankeun geusan ngahontal karidhoan nu Maha Kawasa. Sakumaha dawuhan Alloh SWT. Dina Al- Qur’an Surat Ash-shofat ayat 102 dugi ka ayat 107:
فَلَمَّا بَلَغَ مَعَهُ السَّعْيَ قَالَ يَا بُنَيَّ إِنِّي أَرَى فِي الْمَنَامِ أَنِّي أَذْبَحُكَ فَانظُرْ مَاذَا تَرَى قَالَ يَا أَبَتِ افْعَلْ مَا تُؤْمَرُ سَتَجِدُنِي إِن شَاء اللَّهُ مِنَ الصَّابِرِين
“Maka nalika Nabi Isma’il AS. Geus sawawa dewasa, tuluy Nabi Ibrohim AS. Sasauran:’Duh anaking saéstuna Ama diparéntah ngaliwatan impian pikeun meuncit hidep anaking. Tah..! ayeuna prak pikirkeun kumaha alusna ceuk hidep anaking?. Pok Kanjeng Nabi Isma’il sasauran: ’Duh Ama prak énggal geura laksanakeun naon anu tos diparéntahkeun ka gamparan Ama, ku kersaning Alloh Ama bakal mendakan putra kalebet kana golongan jalmi-jalmi anu sabar………’”.
Dua hamba nu keur diuji ku Alloh SWT. َ إِنَّ هَذَا لَهُوَ الْبَلَاء الْمُبِينُ Tapi duaanana teu gimir teu ringrang teu ragu sagala paréntah anu datang ti Nu Maha Kawasa langsung dilaksanakeun. Kahiji Kanjeng Nabi Ibrohim AS. anjeunna ngagaduhan prinsip hirup, yén sagala nu aya timimiti harta banda, putra garwa, tug dugi ka diri pribadina éta mangrupakeun amanat, mangrupakeun titipan sadayana ogé milik Alloh swt. Manusamah teu ngaboga-boga ukur ngagaduhan tugas pikeun mulasara, ngajaga, ngariksa ogé ngamanfaatkeun kalayan sakumaha mistina, miturut kahoyong nu maparinanana nyatana Alloh SWT. Tur sagala parentah Allah swt. Ulah talangke di engke-engke, tapi kudu geuwat dilaksanakeun sabab, mun seug parentah Allah ditunda-tunda bisi timbulna gogoda nu akhirna eta parentah teh dilalaworakeun beh dieuna, malah nu leuwih parahmah ditinggalkeun beh dituna. Ku hal ieu payus kana dawuhan Allah إِنَّهُ مِنْ عِبَادِنَا الْمُؤْمِنِينَ
Kukituna nalika anjeunna di uji ku Alloh diperedih sangkan ngurbankeun putra nu di pikameumeutna putra tunggal nyatana Kanjeng Nabi Ismail AS, anjeunna teu talangke hararese langsung tumut tunduk turut kana paréntah Alloh SWT. Sanaos akhirna Nabi Ismail As nu badé dikurbankeun téh ku Alloh di gentos ku hiji domba ghibas. وَفَدَيْنَاهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ Sahingga perilaku kanjeng Nabi Ibrohim AS. téh jadi syaré'at kasunahan pikeun nu mampu ngalaksanakeunana diantara urang sadaya salaku umat Kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Mun seug téh Nabi Ibrohim as. Tulus ngorbankeun putrana nyatana Kanjeng Nabi Isma’il AS. Tur ku Alloh teu digentos ku domba ghibas téa. Meureun syaré'at kasunahan kurban téh lain domba jalu, tapi anak lalaki diantara urang sadayana. Cacak- cacak ku domba hiji ogé nu hargana moal sajuta-sajuta acan geus hese beleke, komo lamun ngurbankeun putra pameget nu dipikameumeut, nu sholéh, nu bageur, nu salilana jadi buah soca kembang ati panineungan, pamepes haté nalika lungse cape, pangbeberah manah nalika keur susah jeung bungah, pasti bakal mikir dua kali rek ngorbankeunana ogé, meureun hese na ogé lain beleke deui tapi hesena, make kabina-bina hesena beak karep. Terkecuali ka kolot nu boga anak jalu nu Bengal nu salilana nyusahkeun baé, tah étamah jigana satuju kana syaré'at kasunahan ieu, pamadeganana tinimbang nyusahkeun baé nu jadi kolot mending dikurbankeun ngarah teu nyusahkeun deui. Tapi ieu ogé pasti bakal jarang ayana.
Nu kadua ujian pikeun Kanjeng Nabi Ismail AS. di uji dina naon ? di uji dina kasabaranana, yén dugi kamana anjeunna nurut tumut dina babaktina ka nu janten sepuh, hal ieu kacida badagna pelajaran nu jadi tuladaneun urang, yén urang téh dina raraga babakti ka sepuh urang, kudu toh pati jiwa raga, komo hal éta téh mangrupakeun paréntah Nu Maha Kawasa. Urang tiasa niténan Kumaha sasauranna Kanjeng Nabi Ismail AS nalika diuningakeun ka anjeunna, yén anjeunna téh kedah dikurbankeun, anjeuna sasauran:
“Duh Ama nyanggakeun sadaya-daya geura prak laksanakeun, sok komo upami éta paréntah datangna ti Nu Maha Agung, mudah-mudahan putra sing kalebet kana golongana jalma-jalma nu dipaparin kasabaran….prak énggal laksanakeun éta paréntah téh, ngan pamundut ti putra ka gamparan ama
Kahiji, gunakeun peso nu seukeut ngarah putra teu lila ngarasa nyerina dipeuncit.
Kadua, putra nyuhunkeun pamundut, ciumkeun raray putra kana taneuh supados raray putra teu katingali ku Ama, tur gamparan ama teu asa-asa dina meuncit putra, sabab inggis ku bisi, rempan ku kaayaan nalika ama ningal raray putra ama jadi teu ikhlas teu tega dina ngorbankeun nu janten putra.
Katilu, pamundut mugia geutih putra ulah dugi ka muncrat, mancawura, komo dugi ka ngabaseuhan raksukan ama, supados ambu hajar téh teu sedih, sabab saupamina geutih putra nempel di raksukan ama, geus pasti nalika ambu hajar ningali kana raksukan anu pinuh geutih putra, putra teu ngaharepkeun bakal ngundang kana kasedih ambu hajar,
Kaopat, pamundut mugia, ambu hajar sing di tebihkeun kana riungan barudak ngora nu sayuswa reujeung putra, sabab ku ningali riungan budak ngora nu sayuswa reujeung putra, tos pasti bakal kabayang-bayang putra téh dina soca anjeunna.,”
Subhanalloh…..! sasauran hiji putra anu sholéh, hiji Nabi dina ngabuktikeun babaktina kanu janten sepuh, dugi kaanjeunna réla di kurbankeun dina raraga nohonan paréntah Alloh swt. Reujeung miharep karidhoan Manten-Na.
Tah..! ayeuna kantun taros ka diri urang sadaya, tos dugi kamana babakti urang kanu janten sepuh téh ? naha seueur bakti atanapi seueur nganyenyeri ? naha seueur méré kabungah atanapi kasusah ?.sabab mun ditafakuran ku urang sadayana, sepuh urang kacida pisan ageung jasana dina ngurus, ngatik, ngadidik, ngajeujeuhkeun urang salaku putrana, ti awit urang dikandung tug dugi ka urang ayeuna, terutami ibu nu ngakandung salami salapan bulan, bapa nu ngayuga, dina salami éta teu wareg tuang, teu tibra sare, ti peuting nyaring, ti berang hariwang dina ngantos urang lahir gubrag ka alam dunya. Nalika urang gubrag ka alam dunya, urang dirawu, dipangku diceungceurikkan pinuh ku kabungah, mapag gubragna urang ka alam dunya, salila dua taun urang nyadap cai pinarep ibu urang, urang diaais, digagandong, ditedunan sagala kahayang, lir ibarat raja urang the dinangna-dinengne, diciuman digalentoran jeung sajabana. Tur salila eta ibu rama urang teu ngaraos bosen, teu ngaraos ngarasula dina ngurus urang teh aranjeunna tetep aya dina kabungahan najan ku urang diriripuh ku tingkah jeung talajak urang, aranjeunna pinuh ku kasabaran dina ngajeujeuhkeun urang sadayana. Kukituna mun seug urang ngawales kana jasa sepuh urang, tinangtu hamo bisa kawales sabab kacida ageung jasa aranjeunna.
Eta sadayana dilakukeun the Naon jadi harepan aranjeunna ? taya kajaba,
urang kudu jadi putra-putri nu berbakti lain nganyenyeri,
kudu jadi anak nu bela lain mere sangsara,
kudu jadi anak nu ngangkat harkat martabat lain anak nu mawa mafsadat,
kudu jadi anak nu nyanjung munjung bari ngagung-ngagung lain anak nu nundung,
kudu jadi anak nu sholeh lain anak nu salah,
kudu jadi anak nu pinanggih jeung bagja lain anak nu sangsara,
Sabab teu aya hiji kolot nu ngaharepkeun anak jadi jahat,
teu aya hiji kolot nu ngaharepkeun anak mawa kokotor naplokkan aeb ka kulawarga,
teu aya hiji kolot nu ngaharepkeun anak sangsara katalangsara,
paribasana kajeun aranjeunna nu katalangsara pinuh ku karipuh asal nu jadi anak aya dina kabagjaan.
Ku hal sakitu, berbakti, bumela ngangkat harkat darajat nu jadi sepuh ngarupakeun hiji bukti urang babakti ka aranjeunna, Ku kituna urang ulah petot-petot ngadu’a ka Allah swt. mugia sepuh urang sing dihapunten dosana sing dipikaasih dipikadeudeuh ku Alloh swt sakumaha aranjeuna mikadeudeuh mikaasih urang sadayana. Amin Ya Alloh Ya Robbal ‘Alamin.
Atuh dina raraga urang ngabuktikeun bakti urang ka Alloh, urang taros ka diri urang urang manahan ku sorangan. Naha salami ieu téh urang melak kata’atan atanapi melak kama’shiyatan ?, naha salami ieu téh urang téh seueur ngalakonan ibadah naha ngalakonan lampah salah ? tos sabaraha harta banda urang nu di korbankeun pikeun nulungan agama Alloh ? tos naon baé nu di korbankeun téh ? urang kedah saimbang antawis pengorbanan urang sareng naon anu disuhunkeun ku urang ka mantena, ulah dugi ka paneda urang pangabutuh urang kaperluan urang sadayana di gebrokeun, di pasrahkeun ka Alloh, hiji harepan manten-Na nulungan ka urang, Manten-Na nyumponan pangabutuh urang. Tapi kana panitah Alloh, salilana urang nukang nonggong, seueur panyuhun tapi sakedik nu dibaktikeun, salawasna urang ngajauhan malah teu malire-malire acan. Na’udzu billahimin dzalik. Iman sanés ucapan wungkul iman sanés aku-akuan wungkul, tapi kedah dibuktoskeun ku laku lampah, kedah dibuktoskeun ku amaliah, sareng ku pangurbanan.
Anapon hikmah atanapi pelajaran nu kedah janten tuladaneun dina kahirupan urang tina kisah sejarah ieu, nyaéta
yén urang kedah bisa ngabuktikeun pengabdian urang, babakti urang ka Alloh SWT. Sabab urang yakin, yén alam dunya téh tempat ujian, boh ujian anu hadé atanapi ujian awon, anu éta ujian téh mangrupakeun salah sawios cara Alloh SWT. dina milih mana manusa salaku hamba-Na anu bener-bener ngabuktikeun baktina, sareng mana manusa anu ukur aku-akuan wungkul tapi dimana ditagih bukti pikeun babakti, salawasna kalakuanna téh nukang nonggong baé ka Mantenna.
Sakumaha ujian nu ditibankeun ka Kanjeng Nabi Ibrohim AS. Saliwatmah jiga lalampahan kaum Jahiliyah nyatana meuncit anak anu dipikacinta, tapi lamun dititénan justru hal ieu téh kudu jadi conto pikeun urang sadaya. Sabab sagala pangorbanan anu ku urang digebrokeun pikeun ngahontal karidhoan Alloh tanwandé ku Alloh bakal diganti saluyu reujeung pengorbanan anu ku urang disanggakeun ka Mantenna.
ألأجرة بقدر المشقة.
’Upah téh bakal diberekeun saukuran reujeung jerih payah dina ngusahakeunana".
Usaha sakeupeul upahna bakal sakeupeul, usaha sarawu upahna bakal sarawu deui, ieu ukuran manusa, tapi upami ngukur kana ukuran wawales ti Alloh SWT. dina méré ganjaran ka hamba anu dipikacintana anu kapilih ku Mantenna malah bakal ditikel-tikel langkung ti naon di usahakeunana.
Kukituna payus mun seug urang teu talangke nalika urang diperedih ku Allah swt supaya ngayakeun hiji pangurbanan. Sabab naon nu dipibanda ku urang ti mimiti harta banda, putra, garwa kalebet jiwa sareng raga, urang teu nga boga-ngaboga éta sadaya milik Nu Maha Kawasa. Jadi, dimana Alloh nyuhunkeun pikeun dikurbankeun urang sadaya kedah ikhlash tur réla dina ngorbankeunana.
Jadi ringkesnamah, hakékat urang ngayakeun kurban téh nyaéta urang nagalakukeun ‘amal pikeun mgadeukeutkeun diri urang ka Gusti Alloh, nguatkeun kayakinan, yén agama Islam téh bener-bener pedoman hirup urang, malah mandar jiwa urang ngaraos ajrih, isin, sieun, tur langkung mahabbah atanapi mikacinta ka Alloh. Sabab hirup urang, harta banda urang, kapinteran, kasenengan, kapangkatan nu dipibanda ku urang sareng sajabina, ieu sadayana sifatna sementara. Sing emut hirup katungkul ku maut, ajal teu nyaho dimangsa. Kumargi kitu sakali deui mangga urang sadayana sing soson-soson kana ibadah bari ngalakukeun ‘amal sholéh geusan nghontal karidhoan Alloh, mangpang meungpeung urang masih dipasihan kasempétan hirup tur kakiatan sareng kasehatan dugi ka ayeuna.
Wallohu A’lam Bish-Showaab.