Minggu, 28 Februari 2010

ROHANGAN IQRA'

NEULEUMAN MAKNA MAULID NABI MUHAMMAD S.A.W. TINA SAJARAH

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I
Edisi ka 35 Robi'ul Awwal 1431 H./Pebruari 2010 M.

Alloohumma Sholli 'Alaa Sayyidina Muhammadin, Wa 'Alaa Aali Sayyidinaa Muhammadin, Kamaa Shollaita 'Alaa Sayyidinaa Ibroohiim, Wa 'Alaa Aali Sayyidinaa Ibroohiim, Wa Baarik 'Alaa Sayyidinaa Muhammadin, Wa 'Alaa Aali Sayyidinaa Muhammadin, Kamaa Baarokta 'Alaa Sayyidinaa Ibroohiim, Wa 'Alaa Aali Sayyidinaa Ibroohiim, Fil 'Aalamiina Innaka Hamiidun Majiid.

Ayeuna urang nincak dina sasih anu ngandung sajarah, sabab dina sasih ieu pisan lahir hiji jalmi anu pinuji, nyatana Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. dina Kaping 12 énjing-énjing dinten senen sasih Robi’ul Awwal, awal taun Gajah nu ka masyhur, Atanapi ping 20 April 571 Maséhi. Anu namina tos dikenal di alam malakut saméméh diciptakeunnana Kanjeng Nabi Adam A.S. Kitu, saur sapalih katerangan.

Nu akibat lahirna kanjeng Nabi S.A.W. téh ngahiliwirkeun angin katiginan pikeun migusti pangéran nu sahiji Alloh Robbul Izzaty. Nu akibat babar anjeunna nyambuangkeun hawa kasadaran pikeun manusa sangkan sadar, pasrah, sadrah bari sumerah ka Alloh Jalla Jalalah. Nya Anjeuna pisan nu nyébor sagara keusik kajahiliyyahan ku cai kaimanan sareng katauhidan, sahingga manusa apal kana arti kamanusaan, tur apal ka saha nu kudu dijadikeun panangtayungan jeung tempat pananggéuhan, ogé ka saha nu kudu dijadikeun Pangéran.

Ngeunaan acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. Ir. Soekarno Presidén RI nu kahiji, ngauningakeun amanat nalika acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. di Stadion Gelora Bung Karno (ayeuna, kapungkurmah Senayan) ping 6 Agustus 1963 nu kacutat ieu sumber téh ti Penerbitan Sékrétariat Negara No. 618/1963. Nu amanatna téh kieu:

“Sore-sore saya dibawa oleh Presiden Syuriah Sukri Al-Kuwatly ke makam Sultan Salahudin, lantas Presiden Kuwatly bertanya kepada saya, apakah Presiden Soekarno mengetahui siapa yang dimakamkan di sini ?, saya berkata, saya tahu, Of Course I Know, This is Salahudin, the great warrior, kataku. Presiden Kuwatly berkata, tetapi ada satu jasa Salahudin yang barangkali Presiden Soekarno tidak mengetahui. What is that ?, saya bertanya. Jawab Presiden Kuwatly, Salahudin inilah yang mengobarkan api semangat Islam, api perjuangan Islam dengan cara memerintahkan kepada umat Islam supaya tiap taun diadakan perayaan mauled Nabi”.

A. Kasang Tukang diayakeunana Acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W.

Nilik kana riwayat sajarah miéling dibabarkeunnana Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. atawa istilah nu kamasyhurmah “Maulid Nabi Muhammad S.A.W.”, nyaéta dimimitian ku Sultan Salahuddin Yusuf Al-Ayyuby nu nyepeng kalungguhan salaku Sultan ti “Dinasti Bani Ayyub” antara taun 1174 – 1193 M. atawa 570-590 H. Anjeunna téh sanés turunan Bangsa Arab tapi asalna ti suku Kurdi. Nu puseur ka-sultan-nana di Qahiroh (Kairo) Mesir. Sareng daérah kakawasaanana manjang ti mimiti Mesir nepi ka Syuriah. Nalika anjeunna nyepeng kalungguhan salaku sultan, umat Islam aya dina kaayaan harénghéng ku campuhna “Perang Salib” atawa nu katelah “The Crusade” nu diluluguan ku bangsa Érofa (Prancis, Jérman jeung Inggris). Demi nu jadi dasar diiayakeunana miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. ku Sultan Salahudin Al-Ayyuby téh, taya kajaba tujuanana nyaéta pikeun numuwuhkeun rasa kacinta umat Islam ka Nabi-na, nyatana Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. ogé pikeun numuwuhkeun sumanget jihad jeung kabeungkeutna rasa ukhuwah antara umat Islam.

Miturut sapalih katerangan, yén sabenerna nu boga usulan pikeun ngayakeun di piélingna Maulid Nabi Muhammad S.A.W. téh lain murni usulna Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby, tapi asal datangna usulan ieu téh ti “Muzaffarudin Gékbury” nu jadi atabég (mun di urangmah Bupati) di Ibril (Syuriah Utara), nu tujuanana nyaéta dina raraga ngimbangan kana ramé di piélingna poé dibabarkeunana Kanjeng Nabi Isya A.S. nu katelah “Poé Natal” nu diayakeun ku kaum Nashrani waktu harita. Muzaffarudin Gékbury awal ngayakeun ieu Maulid Nabi S.A.W. ukur di lingkungan istana-na wungkul bari jeung henteu tiap taun. Tapi saprak kauninga ku Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby, maka anjeunna miharep ieu téh jadi hiji tradisi pikeun sakumna umat Islam di sakuliah dunya.

Usulan Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby, awalna teu meunang kapanujuan ti para Ulama, sabab hal ieu téh kaasup perkara anyar (bid’ah), tapi Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby nandeskeun yén dipiélingna Maulid Nabi Muhammad S.A.W. téh ngan saukur hiji kagiatan nu sifatna ngaramékeun syi’ar agama wungkul, teu ngawengku kana ritual kaagamaan, jadi teu kaasup kana bid’ah nu dilarang, tegesna dipiélingna Maulid Nabi Muhammad S.A.W kaasup bid’ah hasanah (nu hadé). Satuluyna Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby ngedeuheus nyuhunkeun kasapukkan ka Khalifah An-Nashir di Baghdad, nu akhirna khalifah panuju.

Réngsé meunang kapanujuan ti Khalifah An-Nashir di Baghdad, maka Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby nu harita jeneng janten pangawasa Haromain (pangawasa dua tanah Suci, Makkah sareng Madinah), dina taun 579 Hijriyah (1183 Maséhi) ngaluarkeun intruksi ka sakumna jema’ah haji, sangkan saba’dana réngsé ngalaksanakeun ibadah haji tuluy mulang ka nagri masing-masing ngayakeun sosialisasi ka sakumna Umat Islam dimana baé ayana, yén ti kawit taun 580 Hijriyah (1184 Maséhi) satiap ping 12 Robi’ul Awwal kudu diayakeun acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. kalayan dieusi ku kagiatan nu bisa numuwuhkeun sumanget jihad jeung ukhuwah Umat Islam.

Sedengkeun salah sahiji bentuk kagiatan nu diayakeun ku Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby nyalira dina ngayakeun kagiatan miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. téh, nyaéta diayakeunana pasanggiri nulis riwayat kahirupan Rasululloh S.A.W. jeung nulis sya’ir nu eusina muji ka Rasulullah S.A.W. nya pamilon nu pinilih kapilih jadi jawara dina pasanggiri téh, nyaéta Syaikh Ja’far Al-Barzanjy. nu anggitanana katelah “Kitab Al-Barzanjy”, nu kitab ieu téh sering di baca nalika diayakeunana acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. di sawatara wewengkon di nagri urang Indonesia, nepi ka wangkid kiwari.

Kacutat dina sajarah, yén usaha nu dilakukeun ku Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby dina ngabudayakeun tradisi dipiélingna Maulid Nabi Muhammad S.A.W. ngabuahkeun hasil. Kabuktos dina sajarah diuningakeun yén ku ayana ieu kagiatan téh sumanget jihad kaum Muslimin dina nyanghareupan perang salib ngaronjat deui. Dugi ka Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyubi bisa ngabeungkeut hiji kakuatan nu rohaka ti antara kaum Muslimin, hasilna dina taun 1187 Maséhi (583 Hijriyah) Yérussalém bisa direbut deui ti leungeun bangsa Érofa, jeung Masjid Al-Aqsha dibalikkeun deui kana fungsina jadi masjid deui nepi ka kiwari.

Di Indonesia khususna tradisi miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. di gunakeun pikeun alat Da’wah Islamiyah, ku bentuk jeung rupa kagiatan-kagiatan. Nu ngamimitian ngayakeun ieu acara téh nyaéta para ‘Wali nu jumlahna Salapan’ atanapi nu katelah ‘Wali Songo’. sakumaha nu dilakukeun ku Sunan Kali Jaga, ku bentuk da’wahna maké unsur seni, nu dipidangkeun ku rupa gamelan, gamelan nu kasebut nyaéta gamelan “Kiai Nogowilogo” jeung “Kiai Gunturmadu”. Nu dua gamelan eta teh ngalambangkeun dua kalimat syahadat, tur dipidangkeun di buruan Masjid Demak satiap acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W.

Kacutat dina sajarah, yén saméméh acara pidangan gamelan ieu dipintonkeun, maka satiap masyarakat nu hayang ningali kana acara pidangan ieu, khususna pikeun jalma nu acan abus Islam, ku Sunan Kalijaga di béré syarat, pikeun ngucapkeun dua kalimat Syahadat saméméh asup ka panto gapura masjid (Gafura téh asal tina kecap basa Arab ‘Ghafura” nu hartina ‘Anjeunna Dzat (Alloh) nu Maha Lautan Hampura’). Ku hal ieu, dugi ka aya nu nelah acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. khususna di daérah jawa maké istilah “sekatén” (perayaan syahadatain).

Aya deui istilah ‘Grebeg Mulud’ ieu istilah téh dipaké nalika zaman kasultanan Mataram, nu hartina “grebeg” téh nyaéta nuturkeun Sultan jeung para inohong ogé gegedén karaton kasultanan nu kaluar nuju ka Masjid pikeun ngayakeun acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. nu dilengkepan ku upacara-upacara jeung kagiatan-kagiatan nu aya patula-patalina reujeung miéling dibabarkeunana Rosululloh S.A.W. nepi ka kiwari.

Sedengkeun zaman kiwari, ngayakeun acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. téh ku mangpirang-pirang bentuk jeung cara, aya nu cukup ku maca kitab Al-Barzanjy, aya ku acara tausyiyah agama kalayan ngundang mubaligh jeung sajabana. nu kabéhanana ogé teu méngpar tina ajaran agama Islam, sabab acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. téh dieusi ku syi'ar agama Alloh.

B. Hikmah dibabarkeunana Rosulullah Muhammad S.A.W.

Lamun ngaguar deui sajarah kahirupan kanjeng Nabi Muhammad saw. ti saprak anjeuna gubrag babar ka alam dunya, éstu pinuh ku kajadian nu kacida ahéngna anu minangka tanda kaistiméwaan-kaistiméwaan pikeun calon Nabi. tur minangka mapag kana babarna hiji manusa nu bakal jadi panutan. Hiji manusa nu bakal jadi pamingpin nu paling suksés diantara para pamingpin nu aya di sakuliah alam dunya. Diantarana baé, nalika anjeunna babar datang hiji pasukan anu dipingpin ku hiji Raja nyatana Raja Abrahah, nu diabadikeun dina ayat Al-Qur’an surat Al-Fiil. Didieu dua sato nu di abadikeun ku Alloh dina ayatna, nyatana Gajah jeung Manuk Aba-biil. Tur ku tradisi Arab ieu hal téh dipercaya minangka mu’jizat nu kahiji diantara mukjizat nabi nu sanésna.

Kaahéngan nu sanésna dina mapag babarna Kanjeng Nabi Muhammad saw. nyaéta pareumna seuneu nu jadi sesembahan kaum Majusi di nagri Pérsia, ogé kaahéngan-kaahéngan sanésna, saperti sumujudna sakabéh makhluk nu aya di satungkebing langit satangkaraking jagat buana panca tengah nu minangka sujud kahurmatan, dugi ka daun nu ragrag tina dahan tangkal cicing ngajeten teu jadi ragrag antara dahan ka taneuh.

Hal ieu nandakeun yén babarna kanjeng Nabi Muhammad saw. disambut ku panghurmatan nu kacida agungna. Nu jadi pertanyaan pikeun urang sadayana ayeuna, naon nu kudu dicandak tur dijadikeun palajaran dina sajarah sasih Robi'ul Awal ieu, nu dilebetna aya sajarah agung, nyatana babarna panutan urang sadayana kanjeng Nabi Muhammad saw.?. Kukituna didieu urang sadaya kedah emut tugas naon Kanjeng Nabi Muhammad saw. di utus ka alam dunya.

Alloh S.W.T. Ngadawuh dina Qur’an Surat Al-Anbiya (para Nabi) ayat 107 dugi ka ayat 102:

وَمَا أَرْسَلْنَاكَ إِلَّا رَحْمَةً لِّلْعَالَمِينَ قُلْ إِنَّمَا يُوحَى إِلَيَّ أَنَّمَا إِلَهُكُمْ إِلَهٌ وَاحِدٌ فَهَلْ أَنتُم مُّسْلِمُونَ (ألأنبياء :107-108)

“Jeung Kami henteu ngutus anjeun (Muhammad) kajaba jadi rahmat pikeun satungkebing alam, Pok caritakeun (ku anjeun Muhammad): ‘Satemenna Pangéran arandika téh, ngan Pangéran Nu Maha tunggal, ku kituna naha arandika rék jadi jalma nu pasrah (Islam)”.

Dawuhan Allah S.w.t. ieu maparin hiji kapertélaan ngeunaan diutusna Rasulullah S.A.W. nu taya kajaba anging janten Rahmat pikeun sakumna alam khususna manusa. Diantara rahmat nu karaos diantara rahmat-rahmat Allah nu jadi hikmah dibabarkeunana Kanjeng Nabi S.A.W., nyaéta ayana hiji kabébasan nu nalikung kahirupan dina sagala widang kahirupan manusa, diantawisna:

1. Widang Akhlak,

Rasulullah S.A.W. Ngadawuh:

“Innamaa Bu’itstu Li ’Utammima Makaarimal-Akhlaaq” (teu samata-mata kami di utus, taya kajaba pikeun nyampurnakeun Akhlaq) [Al-Hadits].

Ieu jelas, yén di utusna Kanjeng Nabi S.A.W. pikeun Nyampurnakeun akhlak Manusa. Kabuktian salami 23 taun Kanjeng Nabi S.A.W. tiasa ngarobah tatanan kahirupan bangsa Arab nu tadina Jahiliyah robah jadi masyarakat nu ngarti kana tauhid. Nu samemehna bangsa Arab téh mibanda tabé’at nu kacida goréng patutna, kamaksiyatan, silih paténi, perang, judi, zina, ngagunasika, maksa mirusa kana hak-hak sasama, babadog rarampog reujeung sajabana, nu hal éta kabéh téh mangrupakeun pakasaban nu geus jadi adat kabiasaan maranéhna dina sapopoé.

Tapi saprak datang Islam nu wasilahna ku diutusna Rosulullah S.A.W. sagala rupa warna jeung rupa kajahiliyahan dirobah jadi warna kaislaman nu ngalahirkeun katingtriman hirup, jauh tina pacogrégan anggang tina mumusuhan, diajarkeun adab-adab kasopanan, silih hormat, silih hargaan jeung sasama, kalayan dibeungkeut ku aturan-aturan nu kacutat dina Wahyu Pangéran nyatana Al-Qur’anul-Karim. Ieu téh mangrupakeun ka-suksés-an perjuangan Rosulullah S.A.W. dina da’wahna dina widang Akhlak, ku kituna payus Rosululloh saw. di paparin pujian ku Alloh S.W.T. nyalira langsung, ku Dawuhanana:

وَإِنَّكَ لَعَلى خُلُقٍ عَظِيمٍ (ألقلم: 4

“Jeung saéstuna bener-bener (dina diri anjeun Muhammad) mibanda akhlak nu agung” (Al-Qolam:4).

2. Widang Tauhid/Aqidah

Hikmah sajen ku dibabarkeunana Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. kalayan nyandak agama nu dipikaridho ku Alloh nyatana agama Islam, diantarana nyaéta ngarobah aqidah manusa, nu saméméhna kaayaan bangsa Arab téh kacida layeutna kana kamusyrikan, kayananing nyembah tapékong, arca, jin jeung sajabana. Padahal nu saméméhna maranéhna téh nyepeng agama hanif nu dicandak ku Kanjeng Nabi Ibrahim A.S. sareng Nabi Isma’il A.S., tapi ku akibat lamina mangsa kakosongan ti para Rasul (Fatroh), dugi ka tumuwuhna aqidah jahiliyah, nu bentukna kamusyrikan.

Tapi Ku ayana risalah Islam nu dicandak ku Rosululloh S.A.W. nu satuluyna disebarkeun ka bangsa Arab, kalayan ngabuahkeun hasil nu kacida nyugemakeun. Sabab Islam lain wungkul di nagri Arab, tapi sumebar ka saban tempat di ieu alam dunya. Kasuksésan Kanjeng Nabi dina widang ngabebaskeun bangsa Arab tina aqidah kamusyrikan kana aqidah katauhidan, dugi ka kasuksésan Kanjeng Nabi S.A.W. dina widang ieu digambarkeun minangka ngaluarkeun manusa tina kaayaan poék kana kaayaan caang, tina musyrik kana tauhid, tina sasar kana jalan nu dipikaridho ku Allah S.W.T. sakumaha Dawuhan Allah S.W.T. dina Qur’an Surat Al-Baqarah (sapi bikang) ayat 257:

اللّهُ وَلِيُّ الَّذِينَ آمَنُواْ يُخْرِجُهُم مِّنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّوُرِ وَالَّذِينَ كَفَرُواْ أَوْلِيَآؤُهُمُ الطَّاغُوتُ يُخْرِجُونَهُم مِّنَ النُّورِ إِلَى الظُّلُمَاتِ أُوْلَـئِكَ أَصْحَابُ النَّارِ هُمْ فِيهَا خَالِدُونَ (ألبقرة : 257)

“Nya Allah nu jadi pamingpin (nu maparin pitulung) pikeun jalma-jalma nu ariman, nu ngaluarkeun maranéhna tina (kaayaan) paroék kana (Kaayaan) caang, sedengkeun pikeun jalma-jalma kafirmah anu mingpin (nu maparin pitulung) téhe Thaghut (syetan/Iblis), anu ngaluarkeun maranéhna (jalma kafir) tina (kaayaan) caang kana (kaayaan) poék, nya maranéhna (jalma kafir) téh ahli naraka tur baris langgeng dijerona”.

3. Dina Widang Sosial

Islam nyandak risalah nu kacida luyuna reujeung kamanusaan, ku kituna sagala widang kahirupan ku Islam geus diatur. Kaasup widang sosial, kabuktian Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. kacida nganjurkeunana ka Umatna dina widang ieu, saperti ngabébaskeun ‘perbudakan’, silaturahim, ngaleungitkeun pakétrokna faham ‘Ashabiyah (golongan), kudu hade dina natangga, jeung sajabana. Dina kaitanana masalah Sosial ieu Allah S.W.T. ngadawuh dina Surat Al-Hujurat ayat 13:

يَا أَيُّهَا النَّاسُ إِنَّا خَلَقْنَاكُم مِّن ذَكَرٍ وَأُنثَى وَجَعَلْنَاكُمْ شُعُوباً وَقَبَائِلَ لِتَعَارَفُوا إِنَّ أَكْرَمَكُمْ عِندَ اللَّهِ أَتْقَاكُمْ إِنَّ اللَّهَ عَلِيمٌ خَبِيرٌ (الحجرات : 13)

“Yeuh manusa ! saéstuna Kami ngajadikeun maranéh ti hiji lalaki jeung hiji awéwé, jeung kami geus ngajadikeun maranéh jadi sababaraha bangsa jeung sababaraha golongan, supaya maranéh silih pikawanoh. Saéstuna jalma nu pangmulya-mulyana mungguhing Allah-mah nya anu pang-taqwana ti antara maranéh; saéstuna Allah Maha Uninga tur Maha Ningali”

4. Dina widang Hukum

Islam kacida merhatikeunana kana widang hukum, sabab Islam kacida teu panujuna kana masalah kadzoliman, sabab islam datang mawa kaadilan pikeun umatna ogé pikeun sakumna manusa. Islam ngajarkeun hukum nu teu “cueut ka nu hideung teu ponténg ka nu konéng”. Sahingga Kanjeng Nabi S.A.W. ngadawuh: “Mun seug...Fatimah binti Muhammad maling, maka ku kami bakal diteukteuk éta leungeunna...” ku hal sakieu islam kacida ngawalatrakeun hukum reujeung kaadilan. nu luyu reujeung rasa kamanusaan.

C. Pamungkas

Kacindekanana babarna Rosululloh Muhammad S.A.W. teh nyandak hiji Agama, nyatana agama Islam, nu ieu agama téh nyandak kana kasalamétan, ngajarkeun kapasrahan total, saluyu sareng arti "Islam" nyatana "kasalametan/kasejahteraan". Nyandak kana kasalematan didieu, hartina yén islam téh teu nyasarkeun jalma nu ngagemna, sabab ajarana réalistis saluyu reujeung kamanusaan. Teu aya sakedik ogé ajaran Islam nu nyilakakeun, kabéh ogé méré kauntungan, kabagjaan pikeun jalma nu ngalaksaakeunana.tur agama islam ogé ngajarkeun kana kasaimbangan hirup, hartosna hirup urang téh ulah katungkul teuing ku dunya, sahingga urang kaasup kana golongan jalma-jalma nu teu katipu ku kaéndahan alam dunya nu sifatna samentara, ni sifatna keuna ku rusak. Tapi urang kudu inget yén hirup téh lain didunya wungkul, tapi urang sadaya bakal asup ka alam nu bakal jadi pangbalikan urang, alam nu langgeng abadi nyatana akhérat. Tah dina Islam diajarkeun kumaha carana urang sangkan salamet di dunya ogé salamet diakhérat. Nu akhirna urang sadaya bakal meunang karidhoan ti nu mikaridho kana agama nu ku urang di agem nyatana Alloh s.w.t.

Bisa ogé dihartikeun "pasrah" hartina pasrah didieu yén urang sadaya diperedih sangkan masrahkeun badan sakujur, kalayan total ka Alloh swt. Sabab, hakékatna diri urang téh kabéh ogé milik Alloh, urangmah teu ngaboga-boga لاَحَوْلَ وَلاَقُوَّةَ إِلَّا بِااللهِ اْلعَلِيِّ اْلعَظِيْم (Taya daya, taya kakuatan, anging kalayan idzin mantenna Alloh Nu Maha Agung). Urangmah Wungkul kaamanatan, katitipan nu hiji waktu urang bakal dipenta pertanggungjawabanana, tugas urangnah miara, ngamanfaatkeun ogé ngagunakeun diri urang téh pikeun ibadah ka Alloh dina raraga ngisi kahirupan di alam dunya, ogé jaga pikeun ngisian alam nu langgeng taya tungtungna nyatana alam akhérat.

Wallohu A'lam Bish-Showaab.

Tidak ada komentar: