Rabu, 30 November 2011

Mugia Janten Lenyepaneun 3

Ku: Wangsa Urang Subang Pituin pada 3 Agustus 2011 jam 23:59

Imam Al-Ishfahani  geus ngariwayatkeun dina kitab At-Targhib, ti Sayyidina ‘Ali Karomalloohu Wajhah anjeunna nyarios:
Nalika datang peuting kahiji dina bulan Romadhon, Rosululloh S.A.W. ngadeg lajeng ngucapkeun Tahmid, muji syukur ka Alloh, teras ngadawuh:

Yeuh Manusa !  Alloh geus ngaraksa aranjeun ti Jin jeung setan musuh aranjeun sakabeh, turta Alloh geus ngajangjian ka aranjeun sakabeh yen bakal diijabahna do’a-do’a aranjeun, sakumaha dawuhana-Na:

“Prak aranjeun ngado’a ka Kami, maka Kami bakal ngaijabah doa aranjeun”.

Masing inget ! Alloh geus marentahkeun ka tujuh malaikat pikeun ngurus  setan-setan nu sok ngagoda manusa, maranehna hamo bisa leupas tina panalikung eta tujuh malaikat nepi ka rengsena bulan Romadhon.

Oge masing inget ! yen lawang-lawang panto langit muka ti mimiti peuting kahiji bulan Romadhon tug nepi ka peutingan akhir dina bulan Romadhon. 

Ku kituna, prak ngado’a aranjeun kabeh, sabab Alloh bakal ngaijabah saban-saban do’a”.

Wallohu  Wa Rosuuluhu A’lam Bish-Showaab.

Subang, 03082011

Tidak ada komentar: