Rabu, 28 Oktober 2009

ROHANGAN IQRA'

24.Rohmat Alloh swt Langkung Jembar Batan Bendu-Na

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I
Edisi ka-24 Juni 2009 M./Jumadil Akhir 1430 H.

عَنْ أَنَسٍ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ قَالَ سَمِعْتُ رَسُوْلَ الله صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَقُوْلُ : قَالَ الله ُتَعَالىَ : يَا بْنَ اَدَمَ! إِنَّكَ مَا دَعَوْتَنِيْ وَرَجَوْتَنِيْ غَفَرْتُ لَكَ عَلىَ مَا كَانَ وَلاَ أُباَلِيْ , يَا بْنَ اَدَمَ !لَوْ بَلَغَتْ ذُنُوبًْكً عَنَانَ السَّمَاءِ ثُمَّ اسْتَغْفَرْتَنِيْ غَفَرْتُ لَكَ , يَا بْنَ اَدَمَ ! إِنَّكَ لَوْ أَتَيْتَنِيْ بِقُرَابِ اْلأَرْضِ خَطَايَا ثُمَّ لَقِيْتَنِيْ لاَ تُشْرِكُ بِيْ شَيْئًاً َلأتَيِْتُكَ بِقُرَابِهَا مَغْفِرَةً - رَوَاهُ التِّرْمِذِيْ وَقَالَ حَدِيْثٌ حَسَنٌ صَحِيْحٌ
“Diriwayatkeun ti Anas ra. anjeunna nyarios: “Kami ngadéngé Rosululloh saw. Ngadawuh: Alloh swt. Ngadawuh: “Yeuh anak adam ¡ satemenna salila maranéh ménta ka Kami jeung miharep ka Kami, maka Kami pasti maparin hampura ka maranéh kana sagala dosa nu geus dilakukeun ku maranéh jeung kami teu paduli (kana dosa naon nu geus dilakukeun). Héh anak adam ! sakirana dosa-dosa anjeun nembus ka méga, ngajul langit, tuluy maranéh ménta hampura ka Kami, maka Kami bakal maparin hampura ka maranéh. Héh anak adam ! sakirana maranéh datang ka Kami kalayan mawa dosa sapinuhna jagad, tuluy maranéh datang ka Kami bari dina kaayaan teu musyrik (midua) ka Kami, maka Kami bakal datang ka maranéh kalayan mawa hampura Kami sapinuhna jagad.” (H.R. At-Tirmidzi, anjeunna nyarios hadits ieu téh hasan bari shohéh).
Miturut Imam Ibnu Ad-Daqiq Al’id ra., yén Hadits di luhur téh minangka hiji kabar gumbira nu kacida agungna. Sabab ieu Hadits eusina minangka ka Maha Jembar-an Alloh swt. dina raraga maparin hampura ka manusa tina sagala lampah-lampah dosa. Ogé mangrupakeun ka Maha Murah-an Alloh swt., ka Maha Heman Manten-Na sarta minangka hiji anugerah anu kacida agungna ti Alloh swt.. Tur bisa disebut minangka kanikmatan tina mangpirang-pirang kanikmatan Alloh swt. nu kacida seueurna nu hamo bisa diitung ku manusa nu narimana.
Geus jadi guratan nu Maha Kawasa yén hirup di dunya téh sarwa papasangan, aya hadé aya goréng, pon kitu kénéh dina ngisi kahirupan sapopoé ogé,
urang moal leupas tina pagawéan nu hadé jeung pagawéan nu goréng. Tinggal urang salaku lalakon dina kahirupan urang sorangan ayeuna, rék mana nu dipilih, naha lampah hadé atawa lampah goréng ?. Mun seug urang milih kana lampah nu hadé, maka geura prak pigawé sagala bentuk pagawéan boh lahir pon kitu kénéh bathin nu dipikaridho ku Alloh swt., kayaning taat kana sagala paréntah Alloh swt., ogé ngajauhan sagala nu dilarang ku Manten-Na nu hasilna bakal mawa ka urang kana jalan kasalamétan reujeung kabagjaan boh ayeuna di dunya ogé jaga di akhérat. Kitu kénéh sabalikna, mun seug urang milih lampah nu goréng maka geura prak pigawé sagala bentuk pagawéan nu matak nimbulkeun Alloh swt. bendu tur ngakibatkeun dosa, kayaning ma’syiyat, teu taat kana paréntah Alloh swt., jeung ngalakukeun sagala perkara nu dilarang ku Manten-Na, nu pamustunganana urang bakal nandangan lara balangsak, ogé kacilakaan boh di dunya ogé jaga di akhérat.
Tah dimana urang tanpa sadar atawa keur sadar migawé lampah dosa, Alloh swt. maparin kabar gumbira ka urang saréréa ngalangkungan Hadits Nabi Muhammad saw., yén Manten-Na hamo bendu ka hiji jalma dimana si éta jalma ménta dihampura saréngséna ngalakukeun dosa. Justru nu matak Alloh swt. bendumah nyaéta ka jalma nu ngalakukeun dosa, tuluy tumuwuh perasaan yén manéhna geus ngalakukeun dosa gedé nu hamo dihampura ku Alloh swt., nu tungtungna manéhna peunggas harepan kana rohmat Alloh swt. teu menta hampura. Tah sikep samodél kitu téh kacida dipikabenduna ku Alloh swt.. Jadi, dimana jalma-jalma nu ngalakukeun dosa, boh nu leutik atawa nu gedé éta kabéh bakal dihampura ku Alloh swt.. Salian ti dosa Musyrik (midua Manten-Na), dimana si éta jalma ménta hampura ka Alloh swt. kalayan nyukupan kana saratna tobat ka Alloh swt.
Hal ieu téh luyu reujeung Dawuhan Alloh swt. dina Hadits Qudsy nu diriwayatkeun ku Imam Rofi’i nu sumberna ti Najih bin Muhammad bin Muntaji’ r.a., nu hartosna kieu:
“Kami hamo murka ka hiji jalma saperti murkana kami ka hiji jalma nu geus ngalakukeun ma’shiyat nu dianggap ku manéhna kaasup dosa gedé tuluy manéhna peunggas harepan tina ampunan Kami, sakirana kami ngagancangkeun hukuman kana sagala dosa nu dipilampah (ku manusa) tinangtu nu paling awal nu dihukum ku Kami nyaéta jalma nu peunggas harepan tina rahmat Kami, jeung sakirana kami acan maparin rohmat ka hamba-hamba kami, kajaba ku sabab sieunna maranéhna nangtung dihareupeun Kami, maka kami ngucapkeun syukur kana hal éta, turta Kami bakal ngajadikeun pahala maranéhna téh hiji kaayaan aman dimana manéhna nyanghareupan rasa kasieun”. (H.Q.R. Rofi’i ti Najih bin Muhammad bin muntaji’).
Dina Al-Qur’an kaunggel mangpirang-pirang paréntah pikeun ngagancangkeun kana tobat ulah ka di engké-engké. Sabab, urang teu apal kana pondok jeung panjangna umur urang, kumaha lamun seug urang téh. nunda-nunda kana tobat geletuk baé urang téh kapapag ajal bari urang keur lamokot ku dosa meureun kaasupna ogé su’ul khotimah (goréng panungtungan hirup). Na’udzu Billaahi Min Dzaalik
Tah kukituna, mangga gunakeun kasempétan luang hirup urang ayeuna lobakeun istighfar lobakeun ibadah ka Alloh swt., geura kukumpul amal sholeh ti ayeuna kénéh. Khususna pikeun para pamuda nu mangrupakeun generasi nu bakal neruskeun tapak lacak para karuhun bangsa, prak gunakeun kangoraan téh pikeun soson-soson ibadah, soson-soson nyiar élmu pangaweruh keur ngandelan kaimanan, Heurinan haté ku kayakinan, pinuhan akal ku pangaweruh kaagamaan, malah mandar hirup teu méngpar tina tetekon agama rejeung darigama, ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah niru-niru budaya nu teu aya di agama urang nu suci. Urang jaga kasucian agama Islam ku jalan urang laksanakeun ajaran-ajaran agama urang kalayan luyu reujeung conto ogé katangtuan-katangtuan nu dicandak ku Rosululloh saw.
Ogé pikeun nu geus tarunggang gunung, mangga gunakeun sésa-sésa kasempétan ieu pikeun ibadah ka Alloh swt., da hakékatnamah boh nu umurna ngora ogé nu geus kolot kabéh ogé keur antré (nunggu) giliran panggilan Nu Maha Suci kana mangsa datangna ajal, kana wanci-wanci diri keuna ku pati, kana waktu-waktu mundutna Nu Rahayu. Nya maot téa ngaranna. Tah, dimana urang rumasa lamokot ku dosa, geura prak tobat, lobakeun maca Istighfar (ménta dihampura) ka Alloh swt., sanduk-sanduk kana sagala laku ning lampah nirca nu geus dipilampah nu matak kaduhungna diri tur benduna Gusti Nu Maha Suci. Ulah peunggas harepan kana rohmat sareng ampunan Alloh swt., sabab Alloh swt. parantos jangji dimana urang neneda ka Manten-Na kana Ampunan sareng Rohmat-Na, maka Manten-Na ngajangjian hamo ngorétkeun, Manten-Na hamo nunda-nunda kana maparin hampura. Manten-Na bakal langsung ngahampura kana sagala dosa nu ku urang dilakukeun, kajaba hiji dosa nu hamo dihampura ku Alloh swt. nyatana dosa muyrik (midua ka Manten-Na). Sakumaha Dawuhan Alloh swt. dina Al-Qur’an Surat Az-Zumar ayat 53:
قُلْ يَا عِبَادِيَ الَّذِينَ أَسْرَفُوا عَلَى أَنفُسِهِمْ لَا تَقْنَطُوا مِن رَّحْمَةِ اللَّهِ إِنَّ اللَّهَ يَغْفِرُ الذُّنُوبَ جَمِيعاً إِنَّهُ هُوَ الْغَفُورُ الرَّحِيمُ
“Pok ucapkeun (ku anjeun Muhammad): “Yeuh Hamba-hamba Kami nu geus kaleuleuwihi tur ngarugikeun disi sorangan. Tong peunggas harepan tina rohmat Alloh. Saéstuna Alloh Maha Lautan Hampura kana sagala dosa, tur Manten-Na Maha Ngahampura tur Maha Héman”. (Al-Qur’an Surat Az-Zumar: 53).
Sareng Dawuhan Alloh swt dina Al-Qur’an Surat An-Nisa ayat 48:
إِنَّ اللّهَ لاَ يَغْفِرُ أَن يُشْرَكَ بِهِ وَيَغْفِرُ مَا دُونَ ذَلِكَ لِمَن يَشَاءُ وَمَن يُشْرِكْ بِاللّهِ فَقَدِ افْتَرَى إِثْماً عَظِيماً
“Saéstuna Alloh swt. hamo ngahampura kana dosa syirik (midua Alloh swt.). Sareng Manten-Na ngahampura dosa salian ti dosa syirik pikeun sing saha baé jalmana nu dikersakeun ku Manten-Na. Jeung sing saha jalmana nu syirik (midua Manten-Na) maka bener-bener manéhna geus ngalakukeun dosa nu kacida gedéna”. (An-Nisa : 48).
Kacindekanana, yén istighfar téh ”Tholabul Maghfiroh’ (ménta/miluruh hampura) nu jadi paréntah Alloh swt. pikeun jalma nu geus milampah dosa. Malah hiji katerangan nu diuningakeun ku Abu Ayyub as. nalika anjeunna badé pupus, anjeunna nyarios ka shohabat-shohabat nu sanés,: “Sabenerna kami masih kénéh nyumputkeun ka maranéh kabéh (héh dulur-dulur kami) hiji perkara nu pernah kadéngé ku Kami ti Rosululloh saw., yén Rosululloh saw. ngadawuh: ‘Lamun tah maranéh kabéh henteu migawé dosa, tinangtu Alloh swt. bakal nyiptakeun makhluk séjén nu bakal migawé lampah dosa, tuluy Alloh swt. maparin ampunan ka maranéhna’“. (Dicutat tina syarah Hadits Ar-Bai’n-Nawawiyah).
Dina masalah istighfar, para ulama ngabagi kana tilu tingkatan. Tingkatan kahiji, nyaéta istighfar-na para Nabi sareng Rosul ku bentuk rasa syukur aranjeunna Ka Alloh swt. Malihan dina kateranganmah teu pegat-pegat salamina Kanjeng Nabi Muhammad saw. Dina sadinten-sawengi ngaos istighfar saratus kali. Kungsi Siti ‘Aisyah ra. Tumaros ka Rosululloh saw : “Ya Rosululloh naha kunaon salira téh nyuhunkeun dihapunten tina sadaya dosa, kapan saliramah parantos aya jaminan ti Alloh swt. bakal dihapunten tina sadaya ning dosa”. Maka Rosululloh saw. Ngadawuh: “Naha teu pantes kami syukur kana ieu kabéh ? (Maksudna, sagala anugerah sareng kanikmatan nu tos dipaparin ku Alloh swt. ka anjeunna).” Tingkatan kadua, nyaéta istighfar-na para ‘Auliya’a-Alloh” (para kakasih Alloh swt.) sareng para “Salafush-Sholihin” dina nalika ngarasa kurang sampurnana syukur atawa ibadah ka Alloh swt.. Saterusna istighfar tingkatan katilu, nyaéta istighfar-na jalma-jalma nu geus milampah dosa kaasup urang sadayana.
Rosululloh saw. Kantos maparin paréntah ka Abu Bakar ra. :
َألَّلهُمَّ إِنِّيْ ظَلَمْتُ نَفْسِيْ ظُلْمًا كَثِيْرًا وَلاَ يَغْفِرُ الذُّنُوْبَ إِلاَّ أَنْتَ فَاغْفِرْلِيْ مَغْفِرَةً مِنْ عِنْدِكَ وَارْحَمْنِيْ إِنَّكَ أَنْتَ اْلغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ -رَوَاهُ مُتَفَقٌ عَلَيْهِ
.““Pok Ucapkeun: “Ya Alloh ! saéstua jisim abdi parantos dzolim ka diri pribadi, kalayan dzalim nu kacida seueurna (dina riwayat sanés: dzalim nu kacida ageungna), sedengkeun teu aya deui nu bakal ngahapunten tina samudayaning dosa-dosa jisim abdi anging Anjeun Gusti, ku kituna hapunten dosa-dosa jisim abdi kalayan anugerah ampunan disagédéngeun Anjeun Gusti, sareng mugia Anjeun Gusti mikawelas ogé mikahéman jisim abdi, saéstuna anjeun Gusti Maha Jembar Hampura sareng Maha Mikahéman (H.R. Mutafaqun Alaih).
Ogé Kanjeng Nabi saw. ngadawuh, yén rajana Istighfar téh nyaéta:
أَلَّلهُمَّ أَنْتَ رَبِّيْ لَإِلَهَ إِلَّا أَنْتَ خَلَقْتَنِيْ وَ أَنَا عَبْدُكَ وَأَنَاعَلَى عَهْدِكَ وَوَعْدِكَ َااسْتَطَعْتُ أَعُوْذُبِكَ مِنْ شَرِّ مَاصَنَعْتُ أَبُوْءُلَكَ بِنِعْمَتِكَ عَلَيَّ وَأَبُوْءُ بِذَنْبيْ فَاغْفِرْلِيْ فَإِنَّهُ لَا يَغْفِرُالذُّنُوْبَ إِلَّا أَنْتَ -رَوَهُ الْبُخَارِى
“Ya Alloh ! anjeun téh Pangéran abdi, teu aya deui nu wajib disembah anging Anjeun Gusti, Anjeun nu parantos nyiptakeun abdi, sedengkeun abdi téh hamba Anjeun Gusti, abdi netepan kana ikrar jisim abdi ka Anjeun Gusti sareng yakin kana jangji-jangji Anjeun Gusti (dina poé kiamat) samampu jisim abdi, abdi nyalindung ka Anjeun Gusti tina sagala kaawonan nu ku jisim abdi dipidamel, abdi rumaos tur nampi kana sagala kanikmatan nu parantos dipaparinkeun ku Anjeun Gusti sareng abdi rumaos kana sadaya dosa-dosa jisim abdi, saéstuna teu aya deui nu bakal ngahapunten kana dosa-dosa jisim abdi anging Anjeun Gusti” (H.R. Imam Bukhari nu sumberna ieu hadits téh sumpingna ti Syadad bin ‘Aus swt.).
Salian ti éta dina masalah urang tobat ka Alloh swt., sakurang-kurangna kudu aya tilu hal nu kudu jadi syarat jeung katangtuan éta tobat téh ditampi ku Alloh swt. ogé bakal ngahasilkeun hiji perobahan kana diri jalma nu tobatna, diantarana nyaéta: Nu Kahiji, ayana niat nu bijil tina ati nu suci, beresih, pinuh ku kaikhlasan, reujeung tumuwuhna rasa karumasaan, rasa kasadaran pikeun tobat ka Alloh swt; Nu Kadua, ayana rasa kaduhung, nu ku rasa kaduhung éta téh sahingga bijilna ikrar: "ngagurat jagat, neukteuk leukeur, meulah jantung" moal migawé-migawé deui lampah dosa; Nu katilu Ngajauhkeun diri tina sagala lampah ma’shiyat reujeung sabab-musabab lampah nu ngakibatkeun dosa, jeung Nu Kaopat, nyaéta ngabéréskeun sagala haqul adami, hartina ngabéréskeun sagala dosa ka sasama, hartina urang kudu ménta hampura ka sasama nu kungsi ku urang dinyényeri, boh lahirna kitu kénéh bathinna. Mudah-mudahan urang kagolong kana golongan jalma-jalma nu teu peunggas harepan kana rohmat sareng ampunan Alloh swt. Amin Ya Alloh Ya Robbal ‘Alamiin.
Wallohu A’lam Bish-showaab.

Tidak ada komentar: