Rabu, 28 Oktober 2009

ROHANGAN IQRA

25. Washiyat Kanjeng Nabi saw. Ka Ibnu ‘Abbas ra.

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I
Edisi Ka-25 Juni 2009 M./Rojab 1430 H.

عَنْ أَبِي اْلعَبَّاسِ عَبْدِاللهِ بْنِ عَبَّاسٍ رَضِيَ اللهُ عََنْهُ قَالَ كُنْتُ خَلْفَ النَّبِيِّ صَلّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَوْماً فَقَالَ " يَا غُلاَمُ , إِنِّيْ أُعَلِّمُكَ كَلِمَاتٍ : اِحْفَظِ اللهَ يَحْفَظْكَ , اِحْفَظِ اللهَ تَجِدْهُ تُجَاهَكَ , إِذَا سَأَلْتَ فَاسْأَلَ اللهَ وَإِذَا اسْتَعَنْتَ فَاسْتَعِنْ بِاللهِ , وَاعْلَمْ أَنَّ اْلأُمَّةَ لَوِ اجْتَمَعَتْ عَلىَ أَنْ يَنْفَعُوْكَ بِشَيْءٍ لَمْ يَنْفَعُوْكَ إِلاَّ بِشَيْءٍ قَدْ كَتَبَهُ اللهُ لَكَ , وَإِنِ اجْتَمَعُوْا عَلَى أَنْ يَضُرُّوْكَ بِشَيْءٍ لَمْ يَضُرُّوْكَ إِلاَّ بِشَيْءٍ قَدْ كَتَبَهُ اللهُ عَلَيْكَ , رُفِعَتُ اْلأَقْلاَمُ وَجَفَّتِ الصُّحُفُ " رَوَاهُ التِّرْمِذِيُّ وَقَالَ : حَدِيْثٌ حَسَنٌ صَحِيْحٌ وَفِيْ رِوَايَةِ غَيْرِ التِّرْمِذِيِّ : اِحْفَظِ اللهَ تَجِدْهُ أَمَامَكَ , تَعَرَّفْ إِلَى اللهِ فِي الرَّخَاءِ يَعْرِفْكَ فِي الشِّدَّةِ , وَاعْلَمْ أَنَّ مَا أَخْطَأَكَ لَمْ يَكُنْ لِيُصِيْبَكَ وَمَا أَصَابَكَ لَمْ يَكُنْ لِيُخْطِئَكَ , وَاعْلَمْ أَنَّ النَّصْرَ مَعَ الصَّبْرِ , وَأَنَّ الْفَرْجَ مَعَ اْلكَرْبِ , وَأَنَّ مَعَ اْلعُسْرِ يُسْراً
“Ti Abil-Abbas, ‘Abdillah bin Abbas ra., Anjeunna nyarios: “Dina hiji mangsa kami aya di sapengkereun Kanjeng Nabi saw., Anjeunna Ngadawuh: "Yeuh anaking !, Kami rék ngajarkeun ka anjeun sababaraha kalimah: ‘Raksa ku anjeun Alloh, maka Alloh bakal ngaraksa anjeun. Raksa ku anjeun Alloh, maka anjeun bakal manggihan Alloh dihareupeun anjeun. Lamun seug anjeun aya pangabutuh, maka prak geura ménta ka Alloh. Mun seug anjeun ménta tulung, maka prak geura ménta tulung ka Alloh’. ’ Kanyahokeun ku anjeun !, sakirana sakabéh umat ngumpul pikeun méré ka anjeun hiji kauntungan, maka hal éta hamo bisa dilakukeun salian ti naon-naon nu geus ku Alloh ditetepkeun pikeun anjeun. Ogé sakirana maranéhna ngarumpul pikeun ngalakukeun kajahatan ka anjeun, maka hamo bisa dilakukeun iwal ti naon-naon nu geus ku Alloh ditetepkeun pikeun anjeun. Sakabéh qolam (péna) geus diangkat jeung lambaran-lambaran kertas geus gararing’." (HR. Tirmidzi, anjeunna tos nyarios: Hadits ieu téh hasan tur shohéh).[Dina rédaksi lain salian ti riwayat Imam Tirmidzy: “Raksa ku anjeun Alloh, maka, pasti anjeun bakal manggihan Alloh di hareupeun anjeun, inget-inget ku anjeun Alloh di waktu anjeun keur bungah, pasti Alloh bakal inget ka anjeun dina waktu kaayaan anjeun keur susah. Kanyahokeun ku anjeun ! yén naon-naon nu teu ditetepkeun (ku Alloh) pikeun anjeun, maka hamo aya katetepan keur anjeun. Jeung naon-naon nu geus ditetepkeun (ku Alloh) ka anjeun, maka anjeun hamo bisa ngahindar tina katetepan éta. Jeung kanyahokeun ku anjeun ! satemenna dina kaunggulan dibarengan ku kasabaran, jeung saéstuna dina karerepet aya jalan kaluar, ogé dina kasulitan aya kagampangan”] [Tirmidzi no. 2516]
Hadits di luhur téh salian diriwayatkeun ku Imam At-Tirmidzy, diriwayatkeun ogé ku Imam Ahmad (I/ 293,303), ku Imam Ath-Thabrany dina kitabna Al-Awsath (V/316), ogé dina Al-Kabir (XI/178) jeung ku Imam Al-Hakim (III/623 & 624), bisa ogé ditingal dina Kitab Shohihul-Jami’ (7957). Sedengkeun riwayat nu kadua dicandak ku Abdulloh Humaid dina Musnad-na no. 636.
Ibnu Abbas ra téh putra Abbas bin abdul mutholib bin Hisyam, paman Rosululloh saw.. Ti alit kénéh anjeunna sasarengan sareng Rosululloh saw.. Nalika Rosululloh saw. pupus anjeunna teuacan manjing déwasa. Anjeunna kantos dido’akeun ku Kanjeng Nabi Muhammad saw., kalayan do’a-na: "Ya Alloh, paparin ka manéhna kapahaman kana élmu Agama nu kuat jeung ajarkeun ka manéhna ngeunaan ta'wil (nafsirkeun Al-Qur’an)". Anjeunna ogé kantos dua kali dido’akeun ku Rosululloh saw. supaya dipaparinan Hikmah, sakumaha anjeunna (Ibnu Abbas ra.) nyarios dina hiji riwayat: “Rosululloh saw.. Pernah ngado’akeun kami nepi ka dua kali supaya kami dipaparinan hikmah”. (H.R. At-Tirmidzy [3823] anjeunna nyarios: Hadits ieu téh kalebet Hasan Ghorib). Ngeunaan riwayat kahirupan ‘Abdullah bin ‘Abbas atanapi Ibnu Abbas ra, tos seueur nu ngariwayatkeun. Malihan aya hiji riwayat nu nyarioskeun, yén anjeunna kantos dua kali ningali Malaikat Jibril as. Nalika maparin wahyu ka Kanjeng Nabi saw.. Imam Ibnu Ad-Daqiq Al-‘Id r.a. nyarios: ‘Anjeunna (Ibnu Abbas ra.) téh minangka lautan tinta élmuna umat kiwari”. Ibnu Abbas ra kalebet shohabat ogé ulama nu masagi ku pangarti nu beunghar ku pangabisa, sareng jembar ku panalar. Sahingga Rosululloh saw. nganggap payus mun Ibnu Abbas ra alit nampi washiyat Anjeunna. Anapon washiyatna Kanjeng Nabi saw. téh sakumaha nu kaunggel dina hadits di luhur, sanaos ieu washiyat dikhususkeun ka Ibnu Abbas ra, tapi umumnamah keuna ka urang sadayana.
Nu Kahiji, Kanjeng Nabi saw. maparin washiyat ka Ibnu Abbas ra téh ku kalimat: اِحْفَظِ اللهَ يَحْفَظْكَ (Raksa ku anjeun Alloh swt., maka Alloh swt. bakal ngaraksa anjeun). Hartina, urang téh diperedih sangkan taat ka Alloh swt. kalayan ngalaksanakeun sagala paréntah-Na jeung ngajauhan sagala nu dilarang ku Manten-Na.
Imam An-Nawawi r.a. ngauningakeun ngeunaan maksud kalimat اِحْفَظِ اللهَ يَحْفَظْكَ ( Raksa ku anjeun Alloh swt., maka Alloh swt. bakal ngaraksa anjeun), maksudna nyaéta, jaga bari jeung prak pigawé sagala paréntah-paréntah Alloh swt., jeung jauhan sagala nu dilarang ku Manten-Na, maka pasti Alloh swt. bakal ngajaga kahirupan urang boh di dunya ogé di akhérat. Sakumaha Dawuhan Alloh swt. dina Al-Qur’an Surat An-Nahl Ayat 97:
مَنْ عَمِلَ صَالِحاً مِّن ذَكَرٍ أَوْ أُنثَى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَيَاةً طَيِّبَةً وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَجْرَهُم بِأَحْسَنِ مَا كَانُواْ يَعْمَلُونَ
”Sing saha jalmana nu milampah amal sholéh ti kaum lalaki atawa awéwé, bari maranéhna dina kaayaan ariman (ka Kami), maka Kami bakal maparin kahirupan nu hadé ka maranéhna”. (An-Nahl : 97)
Sagala musibah nu karandapan ku manusa, satemenna nu jadi sabab utamanamah, nyaéta ku lampah manusa sorangan ku akibat ninggalkeun sagala paréntah Alloh swt.. Teu ngajaga hak-hak Alloh swt.. Sakumaha nu kacutat dina Al-Qur’an Surat Asy-Syura ayat 30:
وَمَا أَصَابَكُم مِّن مُّصِيبَةٍ فَبِمَا كَسَبَتْ أَيْدِيكُمْ وَيَعْفُو عَن كَثِيرٍ
”Musibah naon baé nu karandapan ku maranéh, maka hal éta téh dilantarankeun ku pamolah leungeun-leungeun maranéh.” (Asy-Syura: 30).
Naon nu diuningakeun Imam An-Nawawi r.a.di luhur, luyu reujeung pamadegan Syekh Al-’Utsaimin r.a., nu ngajelaskeun, yén maksud kalimat Hadits : اِحْفَظِ اللهَ يَحْفَظْكَ (Raksa ku anjeun Alloh swt., maka Alloh swt. bakal ngaraksa anjeun) téh, nyaéta ngajaga syareat Alloh swt. ku cara ngalaksanakeun sagala paréntah Alloh swt. jeung ngajauhan sagala nu dilarang ku Manten-Na. Mun seug urang geus kitu, maka Alloh swt. bakal ngajaga urang boh dina masalah agama Alloh swt. bakal maparin kakuatan ka urang dina ngagemna, kulawarga, harta ogé jiwa urang. Sabab, Alloh swt. bakal ngabales ka jalma-jalma nu salawasna ngajaga hak-hak Alloh swt. kalayan milampah amal sholéh.
Lebah dieu pisan, urang diperedih supaya ngajaga, ngariksa kana hak-hak Alloh swt., ku jalan ngalaksanakeun sagala paréntah-Na ogé ngajauhan sagala nu dilarang ku Manten-Na, malah mandar urang meunang pangjaga, pangriksa ti Alloh swt..
Nu Kadua, اِحْفَظِ اللهَ تَجِدْهُ تُجَاهَكَ (Raksa ku anjeun Alloh , maka anjeun bakal manggihan Alloh swt. dihareupeun anjeun). Kalimat ”Jaga ku anjeun Alloh swt.” éta tos dijelaskeun di luhur, sedengkeun maksud kalimat: تَجِدْهُ تُجَاهَكَ (maka anjeun bakal manggihan Alloh swt. dihareupeun anjeun) nyaéta, Alloh swt. bakal maparin jalan kagampangan ka urang dina raraga urang ngedeukeutkeun diri ka Manten-Na, sabab Alloh swt. nyalira ku anjeun bakal ngadeukeutan ka urang. Imam Ad-Daqiq Al-’id r.a. ngajelaskeun, yén urang téh kudu milampah amal sholéh ulah nepi ka Alloh swt. manggihan urang nyulayaan Manten-Na. Mun seug urang geus bisa kitu, maka Alloh swt. bakal maparin kagampangan ka urang nalika tepung jeung kasulitan.
Sakumaha nu karandapan ku tilu urang nu kapahung ku hujan, tuluy maranéhna ngiuhan asup ka hiji guha. Nu akhirna tiluanana ka sengker dijero guha éta ku sabab aya batu nu rugrug nutupan lawang guha. Tuluy salah saurang diantara nu tiluan nyarita méré usulan: “Inget-inget ku anjeun kana amal sholéh nu geus ku anjeun dipigawé, tuluy urang nyuhunkeun ka Alloh swt. ku lantaran amal sholéh éta, mugia manten-Na maparin kasalamétan ka urang tiluan, dipalar Alloh swt. ngabuka éta batu nu nutupan lawang kaluar ti ieu guha”. Sanggeus kitu, maranéhna nginget-nginget kana amal sholéh nu geus dipilampah, tuluy ngado’a ka Alloh swt. bari dina ngado’ana maranéhna nyebut - nyebut éta amal sholéh ka payuneun Alloh swt. dipalar ka bukana éta batu nu nutupan lawang guha. Teu sawatara lila, maka batu nu nutupan lawang guha téh dadak sakala muka kalayan izin Alloh swt., sahingga tilu urang nu ka sengker di jero guha tadi téh salamet bari bisa kaluar. Carita ieu téh kaunggel dina hadits nu diriwayatkeun ku Imam Bukhory (2215,2333) sareng Imam Muslim.
Nu Katilu, إِذَا سَأَلْتَ فَاسْأَلَ اللهَ وَإِذَا اسْتَعَنْتَ فَاسْتَعِنْ بِالله (Lamun seug anjeun aya pangabutuh, maka prak geura ménta ka Alloh swt.. Jeung mun seug anjeun ménta tulung, maka prak geura ménta tulung ka Alloh swt.’.) Maksudna, nyaéta dimana urang boga pangabutuh, maka prak ménta ka Alloh swt.. Ulah ménta ka salian Alloh swt.. Sok sanajan pangabutuh urang kacumponan ku sasama nalika urang minangsaraya, hakékatna éta kabéh ti Alloh swt., ngan nu jadi wasilah/cukang lantarana makhluk. Kitu kénéh nalika urang butuh pitulung nalika urang hayang kacumponan pangabutuh urang, ogé nalika urang keuna ku karerepet, kasumpek kasusah reujueng kasulitan hirup, maka prak geura ménta tulung ka Alloh swt.. Sabab ukur pitulung Alloh swt. nu mampuh ngaleungitkeun sagala kasusah reujeung kasulitan nu karandapan ku urang. Sakumaha ikrar urang nalika urang maca Al-Qur’an Surat Al-Fatihah dina ayat nu ka-5:
إِيَّاكَ نَعْبُدُ وإِيَّاكَ نَسْتَعِينُ(ألفاتحة:5)
”Wungkul ka anjeun Gusti abdi ibadah, sareng wungkul ka anjeun Gusti abdi nyuhunkeun pitulung” (Al-Fatihah:5).
Jadi, sagala urusan, pasualan, kariripuh, kasusah reujeung kasulitan ogé miharep kabagjaan jeung sajabana, jalan nu hadé nu kudu dipilampah taya kajaba iwal ti kudu muntang tulung ka Alloh swt. wungkul.
Nu Kaopat, , وَاعْلَمْ أَنَّ اْلأُمَّةَ لَوِ اجْتَمَعَتْ عَلىَ أَنْ يَنْفَعُوْكَ بِشَيْءٍ لَمْ يَنْفَعُوْكَ إِلاَّ بِشَيْءٍ قَدْ كَتَبَهُ اللهُ لَكَ وَإِنِ اجْتَمَعُوْا عَلَى أَنْ يَضُرُّوْكَ بِشَيْءٍ لَمْ يَضُرُّوْكَ إِلاَّ بِشَيْءٍ قَدْ كَتَبَهُ اللهُ عَلَيْكَ (Kanyahokeun ku anjeun !, sakirana sakabéh umat ngumpul pikeun méré ka anjeun hiji kauntungan, maka hal éta hamo bisa dilakukeun salian tina naon-naon nu geus ku Alloh swt. ditetepkeun pikeun anjeun. Jeung sakirana maranéhna ngarumpul pikeun ngalakukeun kajahatan ka anjeun, maka hamo bisa dilakukeun iwal ti naon-naon nu geus ku Alloh swt. ditetepkeun pikeun anjeun.) Maksudna, nyaéta mun seug sakabéh umat manusa reujeung makhluk séjénna ngumpul ti mimiti nu diciptakeun tug nepi ka nu terakhir, pikeun maparin kauntungan atawa kamanfaatan ka urang, maka hal éta hamo bisa dilakukeun mun éta hal téh diluar katangtuan nu geus ditetepkeun ku Alloh swt.. Tegesna, urang diperedih nguatkeun kapercayaan bari ngayakinkeun kana papastén (qodar) nu hadé atawa nu goréng éta aya dina kakawasaan Alloh swt.. Urang kudu tetep mertahankeun kayakinan urang, yén sagala papastén atanapi katetepan éta sumpingna ti Alloh swt..
Sagala kamanfaatan nu karasa jeung katarima ku urang, sanajan éta datangna ti makhluk, tapi hakékatnamah éta kabéh ogé sumberna ti Alloh swt., makhlukmah ukur jadi cukang lantaran teu bisa ngadatangkeun kauntungan atawa kamanfaatan anging izin sareng kersa Alloh swt.. Ku kituna, urang salamina kudu tetep pasrah bari tawakal ka Alloh swt. kana sagala katangtuan nu sumpingna ti Alloh swt. pikeun urang. Kitu kénéh dimana umat manusa reujeung makhluk séjénna ngumpul ti mimiti nu diciptakeun tug nepi ka nu terakhir, boga karep pikeun ngayakeun kajahatan, ngagunasika, nganiaya jeung kajahatan séjénna. Tapi lamun éta lain katangtuan Alloh swt., maka hamo bisa keuna ka urang. Sabalikna, mun seug éta hal aya izin sareng kersa ogé geus jadi katangtuan Alloh swt., yén urang kudu aya nu nganiaya atawa aya nu ngajahatan ka urang. Maka urang hamo bisa ngahindar, tegesna urang kudu narimakéun kalayan sabar, meureun éta téh geus jadi katetepan Alloh swt. yén urang kudu ngarandapan hal éta. Mun seug urang iman, maka éta kaasup mushibah, kaasup cobaan pikeun ningkatna darajat kaimanan urang, tapi lamun éta kajadian tumiba ka jalma nu teu iman, maka éta kaasup pépéling bisa ogé disebut hukuman atawa siksaan.
Nu Kalima, اْلأَقْلاَمُ وَجَفَّتِ الصُّحُفُ رُفِعَتُ Sakabéh qolam (péna) geus diangkat jeung lambaran-lambaran kertas geus gararing). Maksudna nyaéta, teu aya katangtuan Alloh swt. nu hamo bisa diganti-ganti, nalika takdir geus ditetepkeun ka urang sadaya. Tinggal urang salaku makhluk kudu bisa tumarimana, bari ulah aral subaha, ulah peunggas harepan tina rohmat Alloh swt.. Kudu salalawasna urang nyalindung ka Alloh swt..
Saterusna dina eusining (matan) Hadits salian nu diriwayatkeun ku Imam At-Tirmidzy di luhur téh, ngauningakeun, yén urang kudu émut ka Alloh swt. dina waktu urang keur luang atawa keur bungah, maka Alloh swt. bakal émut ka urang nalika keur susah. Tur naon baé nu teu aya dina katangtuan Alloh swt., maka hamo nerap ka urang. Tapi lamun Alloh swt. geus netepkeun hiji perkara ka urang, boh kahadéan atawa kagoréngan, maka urang hamo bisa ngahindar tina éta kabéh. Tegesna, ujian pasti datang, satiap jalma nu lahir pasti mawa garis kahirupanana (taqdir) masing-masing. Ogé urang kudu yakin, yén dina satiap kaunggulan dibarengan ku kasabaran, dina tiap kasusah téh pasti aya jalan kaluar, ogé dina satiap kasulitan pasti bakal dibarengan ku kagampangan, sakumaha nu kaunggel dina Al-Qur’an Surat Al-Insyirah ayat 5-6:
فَإِنَّ مَعَ الْعُسْرِ يُسْراً إِنَّ مَعَ الْعُسْرِ يُسْراً
“Saenyana dina kasusah (rohani) téh aya kabungah, jeung saenyana dina kasusah (jasmani) téh aya kasenangan.” (Al-Insyiroh: 5-6).
Mudah-mudahan urang ka golong kana jalma-jalma nu bisa ngajaga kana hak-hak Alloh swt., sahingga urang ka golong jalma-jalma nu salawasna meunang pangjaga ogé pangriksa ti Manten-Na. Amin Ya Alloh Ya Robbal ‘Alamin.
Wallohu ‘Alam Bish-Shoawab.

Tidak ada komentar: