Rabu, 30 November 2011

Mugia Janten Lenyepaneun 5


Ku:  Wangsa Urang Subang Pituin pada 5 Agustus 2011 jam 0:00

Kacutat dina kitab Tanbihul Ghaafiliin, diriwayatkeun yen dina hiji mangsa Kanjeng Nabi Musa A.S. nuju munajat ka Gusti Alloh:

"Ya Allah ! Naha Anjeun Gusti parantos ngamulyakeun salah saurang jalma, sakumaha Anjeun Gusti tos ngamulyakeun jisim abdi, saupamina Anjeun Gusti memang parantos, manawi jisim abdi tiasa uninga  ku Dawuhan Anjeun Gusti ?"

Lajeng Allah ngadawuh:

"Yeuh Musa ! estu Kami boga hamba nu bakal datang di akhir zaman, Kami ngamulyakeun maranehna ku bulan Romadhon, jeung Kami leuwih deukeut ka maranehna leuwih-leuwih batan ka anjeun. Ayeuna Kami ngobrol reujeung Anjeun masih kahalang ku tujuh puluh rebu hijab (hahalang). Maka nalika umat Muhammad puasa (di bulan Romadhon), nepi ka nyacas bodas biwir-biwir maranehna, nepi ka karonengna kulit awak-awak maranehna, ku hal ieu pisan, maka eta hijab (hahalang) teh bakal disingkahkeun ku Kami nalika maranehna baruka puasa, nepi ka teu aya jarak deui antara Kami jeung Manehna saking deukeut-deukeutna".

"Yeuh Musa ! kacida untungna pikeun sing saha bae nu ngarasa hanaang tikorona jeung laparna beuteung dina bulan Romadhon, maka teu aya deui ganjaran nu pangistimewa-istimewana batan patepung lawung paamprok jonghok jeung Kami ""

"Ku kituna geus sawadina, pikeun jalma-jalma nu mibanda Akal, bari apal kana sakuduna ngahormat bulan Romadhon, jeung ngajaga hate maranehna dina sajeroning bulan Romadhon tina sifat dengki jeung mumusuhan ka sasama umat Islam. kajaba ti eta maranehna salawasna kaancikan rasa hariwang jeung sieun ka Kami naha ditarima atawa henteu puasa maranehna teh ?"

Allah ngadawuh:

Innallooha Yataqobbalulloohu Minal Muttaqiin

"Saestuna Alloh narima (sagala amal) ti jalma-jalma nu taqwa"

Jalma-jalma nu paruasa dina Bulan Romadhon nalika kaluar tina kubur jaga di Yaumil Ba'ats (Poean nalika dihudangkeun sakabeh manusa ti mimiti umatna Kanjeng Nabi Adam A.S. nepi ka umatna Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W.). maranehna bakal nyampakkan puasana teh ku bentuk disogrogkeunana hiji meja nu pinuh ku mangrupa-rupa kadaharan jeung hadiah-hadiah, tuluy ditawarkeun ka maranehna:

"Prak dahar ku aranjeun, sabab aranjeun geus ngarasakeun lapar dina mangsa sawareh manusa sareubeuh, jeung prak inum ieu inum-inuman, lantaran anjeun geus ngarasakeun hanaang dina mangsa sawareh manusa muaskeun dirina ku cai-cai inuman. Jeung prak aranjeun reureuh"

Ku ayana parentah kitu, maka maranehna (nyaeta jalma-jalma nu paruasa di bulan Romadhon) dalahar dina mangsa sawareh manusa keur nyanghareupan Mahkamah Allah pikeun balitungan tina sagala amal laku lampahna nalika keur hirup di alam dunya.

Wallohu  Wa Rosuuluhu A'lam

Subang, 04082011

Tidak ada komentar: