Rabu, 30 November 2011

Mugia Janten Lenyepaneun 6

Ku:  Wangsa Urang Subang Pituin pada 5 Agustus 2011 jam 21:56

Dina katerangan dijelaskeun yen dimana datangna bulan Romadhon teh, setan-setan diringkus, diborogod nu hamo bisa leupas nepi ka rengsena bulan Romadhon ieu. Ieu katerangan natrat jelas dina Hadits-hadits  Nabi S.A.W. kalayan ti sababarah sumber, oge tos jadi kasapukan para Imam Ahli ngariwayatkeun Hadits.

Ngan nu jadi pasualan, naha bet aya keneh dulur-dulur urang anu masih keneh hanteu paruasa, ngaku iman, ngaku islam tapi kana ngalakonan ibadah puasa di ieu bulan Romadhon henteu pati daek.

Didieu urang ulah waka su'udzon, ulah waka goreng sangka ka maranehna, komo mun nge-cap mah, yen maranehna teh anti puasa, anti ibadah. Didieu urang kudu asak jeujeuhan,  bari urang kudu inget, yen najan setan-setan diborogod jeung diringkus oge, tapi apan hawa nafsu nu aya di diri urang mah henteu, apan hakekat urang ngajalankeun puasa teh pikeun ngadalian hawa nafsu.

Tegesna, yen urang teh keur jihad ngalawan hawa nafsu,  ulah nepi ka hawa nafsu teh diumbar teuing, ulah nepi ka hawa nafsu teh dituturkeun teuing kahayangna.

Mending-mending mun seug eta hawa nafsu teh ngajak kana kahadean meujeuhna da eta nu dipiharep, tapi  eta mun seug hawa nafsu ngajak kana kagorengan, ngajak kana lampah nu matak Alloh bendu, apan meureun kacida bahayana tur cilakana.

Jadi,  mun seug aya keneh dulur-dulur urang nu ngaku iman, nu ngaku Islam henteu puasa,  meureun acan bisa meruhkeun hawa nafsuna, da piraku teu apal mah yen puasa di bulan Romadhon teh wajib.  Da dalah di urang nu ngajalankeun puasa oge misalna, acan tandawuruh  100% bisa meruhkeun hawa nafsu.

Da angger geuningan, puasa mah puasa, ngomongkeun kagorengan batur masih dikeureuyeuh, puasana mah puasa, gede ambek masih keneh ngancik, puasana mah puasa, tapi  panyakit hate masih keneh kuat nempel na hate.

Ieu hal  teh meureun sesa-sesa pangaruh tina sosobatan urang jeung setan nu salila sabelas bulan samemeh bulan Romadhon datan masih keneh nempel kuat, jadi najan ku datangna bulan Romadhon tuluy setan diborgod oge, ari tadina urang mindeng teuing sosobatan jeung setan mah, geus tangtu pangaruhna mah masih nempel kuat.

Tah ayeuna di bulan Romadhon ieu, waktuna urang beberesih, beresihan hawa-hawa pangaruh lampah setan teh.  Urang wekelan diri urang keur bekel nyanghareupan sabelas bulan nu bakal dating.

Dina emprona, puasa teh dibagi kana tilu tingkatan pikeun jalma nu ngalaksanakeunana.

Nu kahiji nyaeta puasa tingkatan Khowasil-khowas, ieu mah puasa tingkatan para Nabi-nabi Alloh, puasana para Rasul-rasul Alloh, lain wungkul lahir nu puasa tapi bathin oge puasa, malah puasana teh jadi tuladaneun, puasana teh jadi pieunteungeun, da puasa nu kieu mah puasa nu kacida luhung ajenna dipayuneun Robbul ‘Aalamin.

Nu kadua tingkata puasa teh nyaeta puasa Khos  atawa puasa khusus,  tah ieu mah puasana para wali-wali Allah, puasana para Ulama Salafush-Shalih, ieu oge puasa kacida luhung ajenna mungguhing Allah. Sabab ampir ngudag kana puasana para  Nabi-Nabi Allah oge puasana para Rasul-rasul Allah. Tegesna, lain wungkul lahir tapi bathin oge puasa, lain wungkul ninggalkeun barang dahar ti beurang, tapi sagala hal nu matak Allah bendu dikantunkeun.

Sedengkeun tingkatan puasa nu pang-asorna, nyaeta tingkatan nu katilu, naon puasa tingkatan nu katilu teh ?
Tingkatan puasa nu katilu nyaeta puasa  Awwam.

 Nu kumaha puasa awwam?

Puasa awwam teh nyaeta puasa nu ukur mindahkeun dahar jeung nginum ti beurang ka peuting, boro-boro ngudag kana puasa  Khowasil-Khowas, nyaeta puasana para Anbiya’,  dalah ngudag puasa Khusus oge, nyaeta  tingkatan puasa para Wali-wali Allah, puasana  para ‘Ulama Salafush-Shalih oge urang masih acan kahontal.  Urang karak kaasup puasa nu sifatna puasa lahir wungkul nyaeta ngosongkeun beuteung tina tuang-leueut ti beurang wungkul, sedengkeun bathin mah sok angger bae acan keneh bisa puasa, atawa anggoa badan oge acan bisa puasa tina maksiyat.

Didieu urang kudu hariwang bisi keuna ku dawuhan kanjeng Nabi S.A.W. : “Yen Loba diantarana jalma nu puasa ukur meunang kalapar jeung kahanaang wungkul” . Na’udzu Billaahi Min Dzaalik.

Tapi, parandene kitu, urang tetep munajat ka Nu Maha Kawasa, mugia puasa urang sing ningkat, sing bisa ka ala amisna puasa, sing bisa ka ala bari kahontal makna-na puasa, nyaeta pikeun ngatik, ngadidik diri sangkan salawasna bisa ngadalian Hawa Nafsu urang. Amin.

Caaag.

Wallohu  Wa Rosuuluhu A’lam

Subang, 05082011

Tidak ada komentar: