Rabu, 30 November 2011

Mugia Janten Lenyepaneun 7

Ku:  Wangsa Urang Subang Pituin pada 7 Agustus 2011 jam 4:08

Aya Hadits Rosululloh S.A.W. nu diriwayatkeun ku Imam Muslim, nu sumpingna ieu Hadits ti Abu Hurairah Radhiyallahu 'Anhu, yen Mantenna Rasulullah Shallallahu 'Alaihi Wa Sallam naros ka para shahabat :

“Naha aranjeun nyaho? Yeuh para shahabat kami !  saha jalma nu bangkrut ?”

 Maka para shahabat ngawaler :

“Sakaterang abdi-abdi sadaya mah, yen jalmi  nu bangkrut diantara abdi-abdi sadaya  nyaeta jalmi nu teu gaduh harta banda”.

Nguping waleran para shohabat sapertos kitu, lajeng Rasululloh Shallallahu ‘Alaihi Wasallam ngadawuh:

“Ih lain !, lain eta, tapi Jalma nu bangkrut ti antara umat kami mah, nyaeta jalma nu datang jaga dina poe kiamat, kalayan mawa pahala shalat, puasa, jeung zakat, Ngan hanjakal manehna datang samemehna nalika keur hirup di alam dunya manehna sok nyacampah, ngahina batur, nuduh zina, ngadahar harta hak batur, ngocorkeun getih, neunggeul batur tanpa sabab”.

“Tah ku hal sakitu maka kahadean manehna bakal dibikeun ka jalma nu geus dihina, disangka zina jeung jalma-jalma nu geus digunasika ku manehna, nepi ka pahala shalat, puasa, zakat jeung ibadah sejenna teh beak”.

“Tuluy mun seug kahadean manehna geus beak pikeun nebusan dosana ka nu sejen, tapi tebusan dosana masih keneh aya, maka dosa-dosa jalma nu geus digunasika boh lahir oge bathinna ku manehna bakal dibikeun ka manehna, tuluy manehna bakal dialungkeun kana naraka”.

Dumasar kana ungkara Hadits nu munggaran, yen geuningan geus jelas, dosa-dosa ka sasama teh bisa nyababkeun kabangkrutan jaga di akherat dipayuneun Mahkamah Agung Alloh S.W.T. mun seug eta dosa-dosa teh teu diberesan ayeuna keneh di alam dunya, atawa mun seug urang teu tobat kana eta dosa-dosa kabeh.

Mungkin bae ayeuna keur di dunya, aya diantarana jalma nu ngarasa kuat bisa ngabebaskeun diri tina beulitan hukum akibat laku lampah dzolimna, laku kaniayana ka sasama. Boh nu sifatna hutang materi, mateni tanpa sabab nu jelas, nyaci-maki, ngahina, nyacampah ka sasama, mitenah, nuduh goreng lampah ka batur bari teu aya bukti, jeung sajabana ti eta.

Tapi jaga dipayuneun Mahkamah Agung Alloh S.W.T. hukum jeung kaadilan bakal katembong, nu teu cueut ka nu hideung nu teu ponteng ka nu koneng, ngadek sacekna, nilas sa-plasna. Estu nu bener bakal katingali benerna, nu salah bakal ditingalikeun kasalahanana.

Teu aya saurang oge nu bakal bisa bebas tina pangadilan Alloh swt. Nu aya ukur dua kamungkinan, nu kahiji kari rasa kaduhung pikeun jalma nu salila hirup di alam dunya milampah laku nu teu uni,  salilana milampah laku kaniaya ka sasama, jeung nu kadua, nyaeta rasa kabungah pikeun jalma nu salila hirup di alam dunya migawe kata’atan ka Manten-Na, bari ngudag-ngudag Ridho-Na.

Sakumaha ungkara Hadits nu munggaran diuningakeun, yen jaga jalma-jalma nu geus dikaniaya atawa digunasika ku hiji jalma, bakal ngadueheus ka payuneun Alloh Robbul- ’Aalamiin pikeun menta kaadilan. Tah lebah dieu pisan Alloh bakal nembongkeun kaadilanana, ku bentuk ngayakeun Yaumil Jaza’ (poe wawalesan) pikeun manusa nu boga hak ka sasama nu acan kacumponan nalika hirup di alam dunya, atawa lampah dosa ka sasama nu teu acan kungsi menta dibebaskeun atawa menta dihampura kana dosa nu geus dilakukeunana.

Ku hal ieu pisan Rasulullah Ahallallahu 'Alaihi Wasallam maparin wasiat  ka urang sadayana salaku ummatna kalayan dawuhanana:

“Sing saha jalma nu disagigireunana aya laku kaniaya nu keuna ka sasamana, atawa manehna nu milampahna, maka manehna kudu menta hampura ayeuna keneh, samemeh datang hiji poe, nu dina poe eta geus teu laku nu ngaranna emas jeung perak. Oge samemeh waktu dimana kahadeanana bakal dibikeun ka jalma nu geus digunasika ku manehna pikeun nebus dosa-dosana, mun seug  manehna geus teu boga kahadean, maka dosa jalma nu geus digunasika ku manehna bakal dibikeun ka manehna”. (HR.Bukhari).

Ku sabab kitu. mangga ti ayeuna keneh urang geura silih bebaskeun dosa jeung sasama, tedunan hak ka sasama nu acan katedunan, prak geura menta hampura kana dosa nu geus dilakukeun ka sasama, ulah nungguan poe isuk atawa pageto, sabab urang teu apal iraha ieu umur dipundut ku Nu Maha Agung.

Kacindekanana Hadits ieu ngajelaskeun, yen bakal aya dinten wawalesan jaga dina poe kiamat. Tegesna pikeun jalma nu geus milampah kadzoliman di dunya ka sasama, sedengkeun manehna acan kungsi menta dihampura nepi ka manehna maot. Maka manehna bakal dipenta pertanggungjawabanana jaga di yaumil jaza’ (poean wawalesan).

Mugia urang sadayana teu ka lebet jalmi nu bangkrut jaga di akherat. Amin

Wallohu Wa Rosuuluhu A'lam.

Subang,07082011

Tidak ada komentar: